Atuh pamimpin Singa Barong kabeh karaget pisan; lantaran ngan ukur majukeun hiji tapakna pikeun ngalawan dua tapak Made Galiga, hasilna hebat pisan. Maranehna caricing, teu wani maju deui. Ni Luh Santi ge kaciri beungeutna pias; tanda manehna ge teu ungkulan ngalawan Jalma.
Keur kitu :” Huahahahaha !!! Heh Pamuda ! Murid saha sampeyan ? Wawanianaan ngajago hareupeun Kaula Sanggabuana ?!” Eta seuri teh dilambaran ku tanaga jero nu rokaha nu ditujukeun khusus pikeun Jalma saurang ! Lantaran ieu Sanggabuana memang geus luhur pisan elmuna; jadi bisa nujukeun ka jelema nu dituju ku manehna; teu sabarang jelema keuna ku ieu seuri. Jalma, rada kaget oge lantaran karasa dadana sesek, jantungna degdegan mani kenceng; tanda yen manehna keur diserang ku tanaga jero nu rokaha. Jalma ngarasa tanaga jero lawan gede pisan; tapi terus we Jalma nenangkeun diri, sanggeus tilu kali nafasna muter bulak balik, bari konsentrasi; jantung jeung dadana normal deui; terus we ngajawab tatag pisan :” Kaula Jalma ! Murid Ki Nurustunjung !” Sanggabuana jeung sakabeh nu di dinya kacida kagetna; satengah teu percaya; lantaran Jalma masih ngora keneh sahandapeun Mawar Hideung; ayeuna ngaku murid Ki Nurustunjung ! Tapi naha elmuna asa teu jauh2 teuing jeung Ki Nurustunjung. Akhirna Wiloka, nu ngadenge obrolan salakina jeung ieu Pamuda, ngarasa teu sabar terus manehna maju bari nyoba nyekel leungeun Jalma ! Jalma nempo nu nyerang teh hiji nini2, tapi kaciri elmuna teu sahandapeun Sanggabuana jeung kaciri nyerang leungeunna pisan; manehna teu nyoba ngagiwar atawa nakis; malah eta tapak nu nyekel dicekel pisan ku Jalma; jadi lima ramo silih rames mani ruket jeung raket pisan ! Wiloka bungah, wah ayeuna mah ancur siah pamuda, Cek na pikirna. Kitu deui Sanggabuana, manehna bungah pisan yen pamajikanana pasti bisa ngarubuhkeun ieu pamuda ! Kumaha kanyatanana ? Wiloka kacida kagetna ! Lantaran lain tanaga eta pamuda nu kakuras; malah teu kanyahoan tanaga manehna jadi asup mani teu katahan … atuh Wiloka mani molotot ku reuwas2na ! Sanggabuana barang nempo kajadian aneh eta langsung tapakna ngageduk tonggong Jalma; maksudna supaya Jalma ngaleupaskan Wiloka; tapi lain leupas malah tapak manehna ge nempel ka na tonggong Jalma; hese dibetotna ! Kumaha ari Jalma ? manehna ge reuwas; lantaran asupna tanaga jero Wiloka, lain nguntungkeun; malah karasa asa eungap; Jalma sadar yen nu abus ayeuna tanagana gede teuing; jadi teu katahan ku tanaga jero Jalma; masing dijero waruga Jalma aya tanaga Jaya Ludira nu sakti; ditambah ku ngahijina tanaga latihan elmu Ki Nurustunjung jeung tambahan tanaga sakti ti Padmarasa; tapi nyata tanaga Wiloka gede teuing, teu bisa katahan ku Jalma; hayang leupas Jalma, tapi manehna ge teu bisa ! Tapi barang geduk tonggong manehna aya nu ngadorong ti tukang ; karasa aya tanaga sejen deui nu asup; terus we dicoba ku Jalma diadukeun jeung tanaga nu ti hareup ! Di na hal eta Jalma hasil ! Manehna bisa ngalempengkeun deui nafasna jeung tanagana. Tapi nu duaan enyaan ripuhna; nepi ka akhirna duanana ambruk ! Ngalumbruk leuleus; teu daya teu upaya deui ! Ayeuna mah duanana bisa lesot ti cekelan Jalma; da tanaga maranehna geus kakuras. Ledis ! Hanca
