“Guru !! Cek Nyi Padmini, ampir bareng jeung omongan Ki Nurustunjung SOBAT ! geus lila urang teu panggih, naha datang2 malah nulungan ieu murid Kaula nu murtad !?”
“Sabar Sangga Prakosa, moal aya hiji masalah beres, ku ngalajur NAPSU nu ngagugudug; malah mah bisa jadi hanjakal akibatna !” Jalma teu bisa gerak, tapi manehna ku kiceup, ku panonna nandakeun ngahormat ka ieu guru, nu memang Ki Padmarasa ! Nyi Padmini kungsi diajar elmu ku ieu Ki Padmarasa, nu matak manehna nyebut guru; nu matak manehna apal yen ieu guru bisa nyageurkeun Jalma. “Hahaha ! waktu urang tarung di Gunung Muria; pan sampeyan can bisa ngelehkeun Kaula !? Naon sababna ayeuna sampeyan wawanianan ngahalang Kaula ngadisiplin murid Kaula sorangan !? Naon hak sampeyan !?” “Ih jelas Kaula mah teu rumasa boga hak di na hal ieu … tapi sampeyan teu hayang nyaho sabab musabab sagala nu geus kajadian !?” Ku sabab ti baheulana memang Ki Padmarasa sering pisan ngaluarkeun SILOKA jeung kecap2 kawijaksanaan, Ki Nurustunjung teu kaget teu sing, ngadenge omongan Ki Padmarasa; ngan terus we nyarita :”Mun sampeyan nyaho hiji hal ngeunaan ieu Jalma; sok ayeuna Kaula hayang ngadengekeun.” “Sangga Prakosa ! lain wae sampeyan , Kaula oge heran sarebu kali heran, waktu mariksa kaayaan ieu Jalma. Tadina Kaula oge nyangka manehna diajar Elmu nu nyeleweng, nu mengpar … sarupa elmu LEAK tea.” Ki Padmarasa eureun heula. “Tapi saenyana mah beh ditueun deui “sakabeh elmu” anging ti AnjeuNNa. Sadaya Elmu sabenerna mah kagungan Allah. Bisa jadi alus, atawa goreng, kumaha nu makena.” Hanca
