Geus kitu mah, derekdek wae Ki Padmarasa ngadongengkeun
kajadian aneh, nu tumiba ka diri Jalma; bari ditungtungan ku ngomong yen eta
teh lain kahayang Jalma. Jeung eta kajadian teh ibaratna hiji mujizat, nu teu
disangka sangka pisan. Jeung kajadianana sigana mah ngan hiji ti sajuta
kajadian ! Ieu mah estu Kersaning Gusti. Urang teu bisa nolak.”


Sajongjongan mah Ki Nurustunjung ngan ukur ngahuleng, asa teu
yakin … tapi manehna apal yen Ki Padmarasa can pernah nyieun dongeng anu teu
puguh2.


Ki Nurustunjung ayeuna mah leungit napsuna; ngan ngarasa
hanjakal geus gurung gusuh ngahukum Jalma; untung can dilaksanakeun. Nya atuh
langsung we Jalma dibuka urat pilumpuhanana ; terus wae hudang; nyembah ka Ki
Nurustunjung, ka Ki Padmarasa jeung ka Nyi Padmini; terus salam hormat ka Mawar
Hideung.


Kumaha ari jangji tarung !? Ni Luh Santi nyerah ayeuna mah,
ngaku yen memang Mawar Hideung elmuna saluhureun manehna; geus kitu manehnaa
jangji rek ninggalkeun eta gunung bromo nuju ka Bali; nganteurkeun guruna. 

Maranehna kaciri saredih; tapi teu bisa kumaha da memang ngarasa geus sagala
asor ku Jalma.


Atuh kabehanana ayeuna mah aya di na kabungahan; keur kitu
mucunghul tilu sosok nu kaciri tanpa daksa; tiluanana marake iteuk !


“Nyi Ipah ! Jalma nyorowok … “ bungah campur kaget ; Nyi Ipah
keur digendeng ku hiji lalaki nu kasep; tapi oge make iteuk.

Eta Nyi Ipah jeung lalaki nu digendengna, nu teu salah deui
eta teh Ki Cakramana; kaciri kaget jeung kalamas kelemes nenjo Jalma. Terus we
Nyi Ipah ngadatangan Jalma, sadu2 menta dihampura … lantaran geus teu nyekel
jangji pasini ! Lantaran ayeuna manehna geus nikah cenah jeung Cakramana.


Sajongjongan Jalma ngahuleng … olohok teu bisa nyarita …
lantaran aya ku ajaib pisan ieu jalan aing teh; terus we manehna sujud syukur
sababaraha kali; lantaran sadar yen sadayana oge tos aturan ANJEUNNA. Manehna
tadina baluweng kumaha mereskeun hal manehna jeung Nyi Ipah; nyata kieu geuning
jalanna ? 

Hartina sagalana memang geus Takdir Ti Nu Maha Wenang; nu Maha
Kawasa. Manusa dapon nglakoni. Nyi Ipah cilaka, geuning aya oge hikmatna.
Manehna tadina amarah ngadatangan tempat ieu; akhirna mah geuning memang kieu
jalanna,


Jalma bingung … naha manehna kudu bungah atawa sedih nempo
Nyi Ipah geus nikah ka Cakramana bari duanana tanpa daksa; akhirna sadaya daya 
masrahkeun
ku ma Pangeran we cenah.


Ari nu hiji deui aki2 geus kolot; manehna disampeurkeun ku
hiji pamuda ginding nu make pakean Karaton Madiun ! Nyata eta teh Ki Rangga, nu
apal ayana tarung antara Mawar Hideung jeung Ni Luh Santi. Manehna ka dinya rek
lalajo bari sakalian neangan kareta nu geus direbut ku gorombolan Singa Barong.
Manehna datang bari mawa prajurit tamtama petingan. Manehna langsung nyembah ka
eta aki2.


“Hahaha ! ki Nurustunjung; baheula urang tarung, nepi ka
Kaula eleh, tigebrus ka jurang. Untung uing salamet lantaran taneuh nu dihandap
ngandung loba cai; orokaya awak mah ringsek; di dinya Kula manggih lontar,
barang dibaca eta teh elmu2 kanuragan nu geus lila leungit, nya ku Kula
dijalankeun; akhirna Kula bisa ningkatkeun elmu Kula. Tapi Kaula geus euweuh 
deui
napsu pikeun nangtang sampeyan. Kula bungah, lantaran geus boga opat murid !
hahahaha.”


“Murid Kaula nu kahiji; nya eta ieu Ki Rangga; terus nu kadua
Ki Bejo nyao dimana ! Terus ayeuna Ki Cakramana jeung Nyi Syaripah. Ku sabab
basa maranehna tigubrag; maranehna kapaehan aya ka na duapoena; untung eta
pamuda nyekel Mutiara Hideung; ku sabab tadina Kaula nyangka eta nu duaan teh
salaki jeung pamajikan ku Kaula dibere obat nu cespleng nu ngagancangkeun ka na
sehat deui; tapi aya akibat kurang hadena; nya eta ngarangsang napsu; atuh
waktu geus inget teh duanana teu dihaja geus ngalakukeun kalakuan nu ngan ukur
dilakukeun ku salaki pamajikan; terus sarehat deui; ngan tanpa daksana teu bisa
ditulungan.


Nyi Ipah kaciri sedih pisan; sanggeus diupah apeh aya samingguna
manehna akhirna sadar; Kaula kaget yen eta pamuda pamudi duaan teh lain salaki
pamajikan. Nya ku kuring akhirna disina kawin we; kula saksina. 


Kitu Dongengna Ki Kebo Rarangin guruna Ki Rangga.

Maranehna pamit ka sakabeh nu aya di dinya; sabab rek neruskeun
lampah ka Wanayasa. Enya ge Nyi Ipah cingked , kaciri jalanna gesit pisan; kitu
deui ki Cakramana.


Jalma istighfar sababaraha kali; yen akhirna pasualan manehna
jeung Nyi Ipah geus beres.
Hanca


Kirim email ke