Hehehe. Ieu teh topik jadul sabenerna mah. Nu terus berulang tiap taun.
Unggal usum nyanghareupan pemilu, usum kaingetan ku mieling poe indung,
jeung sajabana. Arusna anger ngamalir jiga kitu: Aya nu resep ngiritik keur
nyaliksik dimana kahengkeran urang, aya nu kurang resep ngiritik nu
hengkerna, leuwih milih ngapungkeun nu hadena. Ari ceuk uing mah duanana ge
hade we.

Ngan keukeuh jiga benang kusut, nu pajuriwet, teuing kumaha nguraikeunana.
Usum pemilu hayang baroga wakil di tingkat nasional, hayang boga
pi-mentrieun, pi-presideneun, jeung sajabana. Ngan anehna teh barau-eun
kana pulitik, da cenah pulitik mah kotor tea. Teuing kumaha carana urang
bisa boga pi-presideneun mun teu ngaliwatan pulitik. Da lain jiga dina
dongeng silat China, aya kumpulan pendekar nu neangan pirajaeun nu keur
dipinggit, nyumput buni di nu caang. Hehehe

Uing jadi kapikiran, jigana tong waka nu hese teuing narekahanana, mending
narekahan nu bisa ku urang-urang sorangan. Boa bisa dimimitian ku kudu
daraek nulis heula, enya sing daraek nulis we heula, da daraek maca mah
asana enggeus. Tulis we naon wae nu kapanggih jeung dipikaresep ku
urang-urang. Tarulis pangaweruh populer nu pakait jeung profesi urang
sorangan. Meureun ku daraek nulis mah, rada kalatih pikiran teh sangkan
leuwih aya guruntulna.

Tah jigana mun budaya tulis, geus rada maju, pimentrieun, pipresideneun teh
bakal lahir sorangan.

2013/2/23 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Intina mah leadership kang, can aya pamingpin Sunda anu boga daya
> pangaruh ka sakumna urang sunda (tong wakaa ngomong boga pangaruh secara
> nasional)
>
> Leadership is influence ~ John C. Maxwell
>
> Leadership eta anu kudu dibangkitkeun (bejana kepemimpinan teh bisa
> dipelajari)
>
> Urang moal bisa nganaha-naha karakter 30 juta leuwih bangsa Sunda, najan
> nganaha2 moal mere solusi nanaon
>
> Mending fokus kana kualitas urang sunda daripada ngorek2 kagorenganana
>
> Punten
> Tisna
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Abbas Amien <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sat, 23 Feb 2013 00:04:24 +0800 (SGT)
> *To: *<[email protected]>; kisunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] Pasifatan Urang Sunda
>
>
>
> Jadi sok atuh. Urang Sunda teu aya bu jadi Pamingpin Partey; lantaran
> BAGEUR teuing ? Lantaran PINTER TEUING ? Lantaran NGELEHAN maneh teuing ?
> Lantaran nunggu heula SAREBU taun ? Sok mangga CITRA Sunda nu kumaha nu
> NYATA teh ? Atanapi nu DIPIKAPALAY ? bari mung ukur di na WANGWANGAN ?
>
> --- On *Fri, 22/2/13, Sutisna Hamid <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: Sutisna Hamid <[email protected]>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Pasifatan Urang Sunda
> To: [email protected]
> Received: Friday, 22 February, 2013, 3:33 AM
>
>
>
> Punten ngiring nimbrung... salami ieu simkuring no'ongan hungkul dina
> email.
> Pamanggih simkuring mah anu penting urang nyitrakeun SUNDA secara positif
> heula, ulah mere stempel2  atawa nyitrakeun diri negatif
>
> Punten
> Tisna
>
> --- Pada *Rab, 20/2/13, Muhammad Insan <[email protected]>*menulis:
>
>
> Dari: Muhammad Insan <[email protected]>
> Judul: Re: [Urang Sunda] Pasifatan Urang Sunda
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> Tanggal: Rabu, 20 Februari, 2013, 9:57 PM
>
>
>  Siganamah sih, balik deui ka US na... siap terbuka teu pemikiranna
> sareng pandanganna kana ide2 nu enggal? kitu hungkul nu katingali ku sim
> kuring mah... janten sanes persoalan ku ngertos kana dunia politik ato
> elmu-elmu sajabana, da nu kos kitu mah US oge seueur nu sarae dina
> bidangna...
>
>   ------------------------------
> *From:* Abbas Amien <[email protected]>
> *To:* urangsunda <[email protected]>; kisunda <
> [email protected]>
> *Sent:* Thursday, February 21, 2013 10:09 AM
> *Subject:* [Urang Sunda] Pasifatan Urang Sunda
>
>
>   Mun ayaa hiji jelema ( idealis ) misalna ngadegkeun Partai ciri Sunda.
> Samodel Paguyuban Pasundan.
>
> lain ngadukung; malah pipilueun ngadegkeun deui partai nu sifatna ETNIS
> samodel GERPriss = Gerakan pribumi Sunda. Atuh cambal tah idealisna teh.
>
> Da kitu US mah; ari ka BATUR mani reueus ! Ngadukung, ngarojong. Lamun ka
> Bangsa sorangaan langsung ngahalangan ! atawa meureun teu boga kayakinan ka
> Bangsa sorangan yen bisa MIMPIN ! Reueus jeung percaya ka seler Bangsa
> sejen.
>
> Jadi mun aya nu idealis hayaang jadi pamimpin; ngadegkeun hiji Partey (
> etnis atawa Nasionaal ); mungkin moal lila deui oge bakal marucunghul ide2
> sarupa jelema2 ngadegkeun partey ! Nu matak akhirna US mah moal jadi
> Pamimpin; pasti dipimpin ku batur wae. Lantaran ti awalna oge paribasa
> SAMIUK teh geus euweuh !
>
> Kecap SABILULUNGAN teh ngan aya di na babaasan jeung lagu2; ari di na
> kiaanyataanana mah ...  jauuuuh.
>
>

Kirim email ke