Enya, da sahanteuna nulis teh, sasat ngalatih ngaorganisasikeun pikiran.
Ngimeutan papanggihan, keur nulis sangkan aya cecekelan argumentasina.
Paling henteu ku biasa nulis meureun urang bisa nepikeun kareteg, bari eta
tulisan teh pikahartieun jalma loba. Sok mindeng ngimeutan para aktifis
kasundaan nu sarumanget, dina prakna nulis, boh dina status atawa
postingan, da pakepuk keneh ku ngalarapkeun é, e, jeung eu ge. Jaba
patengtongan jeung aksara baredul. Bisa jadi maranehna boga gagasan-gagasan
anyar, ngan nyeta tea, ku teu biasa nulis, hese nepikeun gagasan-gagasanana
ka balarea.

2013/2/23 mang jamal <[email protected]>

> **
>
>
>
> Buta basa garutna lolong.
>
>
> Juwono sudarsono teh cenang kalahiran ciamis. Nya sacara o mah, turunan
> wetan meureun. Wkwkw
>
> Pemikir negarawan mah memang biasana barisa atawa osok nulis. Cara Sukarno
> sok nulis di koran jaman hindia belanda, nembongkeun kahayangna cita-citana.
>
>
> Powered by du'a indung bapa :)
> ------------------------------
> *From: * MRachmat Rawyani <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Fri, 22 Feb 2013 21:00:40 -0800 (PST)
> *To: *[email protected]<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] Pasifatan Urang Sunda..tutulisan.
>
> satuju pisan akana naon anu didadarkeun ku Ki Hasan.
> Ieu aya pangalaman waktu Gus Dur jadi Presiden, nyutat tina hiji media,
> anu kungsi ngawawancara Gus Dur.
> Waktu Gus Dur jadi presiden teh pan (punten) tos teu ningali alias buta.
> Kumaha cara milih pembantuna (para menteri)?
> salian ti tatanya jeung meunang "asupan" ti lingkaran kecil babaturan Gus
> Dur ceuk cenah mah, oge make elmu "denge". Maksudna naon-naon anu jadi
> pagutrengan di masyarakat, saha-saha wae anu sok remen tulas tulis di
> media, aawa anu paling sering diwawancara jadi nara sumber dina hiji topik.
>
> Harita teh, keur usum "sipilisasi", nyaeta hiji kaayaan dimana masyarakat
> heunteu seneng ka dominasi  militer di pamarentahan. aya hiji pos
> kementerian anu anyar, nyaeta Menteri Pertahanan. Hiji kementerian anu aya
> pakuat-pakaitna jeung katahanan hiji nagara. Sajatina pan dina perkara ieu,
> ngalibetkeun militer. Tapi Gus Dur hayangna menteri ieu dicangking ku urang
> sipil (non-militer). Gus Dur teh nginget-nginget saha  anu sok remen nulis
> atawa ngomongkeun sacara konsisten perkara hubungan sipil-militer jeung
> pertahanan keamanan. ahirna Gus Dur teh "cop" ka Juwono Sudarsono (Guru
> Besar FISIP UI). Padahal sacara pribadi Jueono Sudarsono jeungg Gus Dur teh
> teu pati kenal loma.
>
> mrachmatrawyani
>
>   ------------------------------
> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Cc:* Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda <
> [email protected]>
> *Sent:* Friday, February 22, 2013 7:52 PM
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Pasifatan Urang Sunda
>
>
> Hehehe. Ieu teh topik jadul sabenerna mah. Nu terus berulang tiap taun.
> Unggal usum nyanghareupan pemilu, usum kaingetan ku mieling poe indung,
> jeung sajabana. Arusna anger ngamalir jiga kitu: Aya nu resep ngiritik keur
> nyaliksik dimana kahengkeran urang, aya nu kurang resep ngiritik nu
> hengkerna, leuwih milih ngapungkeun nu hadena. Ari ceuk uing mah duanana ge
> hade we.
>
> Ngan keukeuh jiga benang kusut, nu pajuriwet, teuing kumaha nguraikeunana.
> Usum pemilu hayang baroga wakil di tingkat nasional, hayang boga
> pi-mentrieun, pi-presideneun, jeung sajabana. Ngan anehna teh barau-eun
> kana pulitik, da cenah pulitik mah kotor tea. Teuing kumaha carana urang
> bisa boga pi-presideneun mun teu ngaliwatan pulitik. Da lain jiga dina
> dongeng silat China, aya kumpulan pendekar nu neangan pirajaeun nu keur
> dipinggit, nyumput buni di nu caang. Hehehe
>
> Uing jadi kapikiran, jigana tong waka nu hese teuing narekahanana, mending
> narekahan nu bisa ku urang-urang sorangan. Boa bisa dimimitian ku kudu
> daraek nulis heula, enya sing daraek nulis we heula, da daraek maca mah
> asana enggeus. Tulis we naon wae nu kapanggih jeung dipikaresep ku
> urang-urang. Tarulis pangaweruh populer nu pakait jeung profesi urang
> sorangan. Meureun ku daraek nulis mah, rada kalatih pikiran teh sangkan
> leuwih aya guruntulna.
>
> Tah jigana mun budaya tulis, geus rada maju, pimentrieun, pipresideneun
> teh bakal lahir sorangan.
>
> 2013/2/23 <[email protected]>
>
> **
>
>   ** Intina mah leadership kang, can aya pamingpin Sunda anu boga daya
> pangaruh ka sakumna urang sunda (tong wakaa ngomong boga pangaruh secara
> nasional)
>
> Leadership is influence ~ John C. Maxwell
>
> Leadership eta anu kudu dibangkitkeun (bejana kepemimpinan teh bisa
> dipelajari)
>
> Urang moal bisa nganaha-naha karakter 30 juta leuwih bangsa Sunda, najan
> nganaha2 moal mere solusi nanaon
>
> Mending fokus kana kualitas urang sunda daripada ngorek2 kagorenganana
>
> Punten
> Tisna
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Abbas Amien <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Sat, 23 Feb 2013 00:04:24 +0800 (SGT)
> *To: *<[email protected]>; kisunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [Urang Sunda] Pasifatan Urang Sunda
>
>
> Jadi sok atuh. Urang Sunda teu aya bu jadi Pamingpin Partey; lantaran
> BAGEUR teuing ? Lantaran PINTER TEUING ? Lantaran NGELEHAN maneh teuing ?
> Lantaran nunggu heula SAREBU taun ? Sok mangga CITRA Sunda nu kumaha nu
> NYATA teh ? Atanapi nu DIPIKAPALAY ? bari mung ukur di na WANGWANGAN ?
>
> --- On *Fri, 22/2/13, Sutisna Hamid <[email protected]>* wrote:
>
>
> From: Sutisna Hamid <[email protected]>
> Subject: Re: [Urang Sunda] Pasifatan Urang Sunda
> To: [email protected]
> Received: Friday, 22 February, 2013, 3:33 AM
>
>
> Punten ngiring nimbrung... salami ieu simkuring no'ongan hungkul dina
> email.
> Pamanggih simkuring mah anu penting urang nyitrakeun SUNDA secara positif
> heula, ulah mere stempel2  atawa nyitrakeun diri negatif
>
> Punten
> Tisna
>
> --- Pada *Rab, 20/2/13, Muhammad Insan <[email protected]>*menulis:
>
>
> Dari: Muhammad Insan <[email protected]>
> Judul: Re: [Urang Sunda] Pasifatan Urang Sunda
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> Tanggal: Rabu, 20 Februari, 2013, 9:57 PM
>
>
>  Siganamah sih, balik deui ka US na... siap terbuka teu pemikiranna
> sareng pandanganna kana ide2 nu enggal? kitu hungkul nu katingali ku sim
> kuring mah... janten sanes persoalan ku ngertos kana dunia politik ato
> elmu-elmu sajabana, da nu kos kitu mah US oge seueur nu sarae dina
> bidangna...
>
>   ------------------------------
> *From:* Abbas Amien <[email protected]>
> *To:* urangsunda <[email protected]>; kisunda <
> [email protected]>
> *Sent:* Thursday, February 21, 2013 10:09 AM
> *Subject:* [Urang Sunda] Pasifatan Urang Sunda
>
>
>   Mun ayaa hiji jelema ( idealis ) misalna ngadegkeun Partai ciri Sunda.
> Samodel Paguyuban Pasundan.
>
> lain ngadukung; malah pipilueun ngadegkeun deui partai nu sifatna ETNIS
> samodel GERPriss = Gerakan pribumi Sunda. Atuh cambal tah idealisna teh.
>
> Da kitu US mah; ari ka BATUR mani reueus ! Ngadukung, ngarojong. Lamun ka
> Bangsa sorangaan langsung ngahalangan ! atawa meureun teu boga kayakinan ka
> Bangsa sorangan yen bisa MIMPIN ! Reueus jeung percaya ka seler Bangsa
> sejen.
>
> Jadi mun aya nu idealis hayaang jadi pamimpin; ngadegkeun hiji Partey (
> etnis atawa Nasionaal ); mungkin moal lila deui oge bakal marucunghul ide2
> sarupa jelema2 ngadegkeun partey ! Nu matak akhirna US mah moal jadi
> Pamimpin; pasti dipimpin ku batur wae. Lantaran ti awalna oge paribasa
> SAMIUK teh geus euweuh !
>
> Kecap SABILULUNGAN teh ngan aya di na babaasan jeung lagu2; ari di na
> kiaanyataanana mah ...  jauuuuh.
>
>

Kirim email ke