Bah AA, da kiwari mah gampang, aya Google Map, peta digital sadunya tea.
Upama bade ngabebenah lokasi seting carita, nya kari rujuk we make parabot
Google Map. Jigana upama aya rencana dibukukeun mah, pikeun nyiapkeun
draft, nya bari sakalian ngabebenah ejahan jeung tatabasana bisa sakalian
ngabebenah seting lokasi caritana.

2013/3/11 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> Kahatur : Ki Hasan; Kang Yani; sareng sadayana wae.
>
>
>
> Subjek : CERSIL SUNDA
>
>
>
> Punten , mugia luntur galih masihan bongbolongan.
>
> Ieu Cersil teh, leres saur KH logika “lembur”na rada rancu; ayeuna tos
> tamat;
>
> Aya niat dibukukeun; tapi ieu Cersil teh logika lemburna “RANCU” pisan;
>
> asa teu nyararambung.
>
> Cing kumaha tah ?
>
> Ari plotna nyambung ka Cirebon siga Priangan Wetan; tapi mun nuju Jakarta
> siga
>
> disakiduleun Sukabumi ?
>
> Sigana mah Bandung Cianjur kudu dimunculkeun; Sukabumi ulah aya;
>
> Plotna Priangan Wetan. Kumaha tah kira2na rada Nymbung logikana teu nya ?
>
> Lieur oge geuning pasoalan “Lembur” teh.
>
> Keun we plot caritana mah geus jelas; nu kudu dimamanis jeung dilelempeng
> nya eta lembur.
>
> Mudah2an Kh; Kang Kumincir; kang Yani; kang Oman aya kamandang. Aya
> bongbolongan.
>
> Kitu deui nu sanesna; nu kapungkur kantos protes soal Leuwiseeng jeung
> Wanayasa.
>
> Mangga diantosan pisan.
>
> Carita angger; tapi lembur jeung dayeuhna tah kudu diganti.
>
> Ari nu di Jawa onaman, meureun uraang teh rada ngawangwang; teu pati apal;
>
> Piraku ari Priangan mah atuh teu logis pisan ?
>

Kirim email ke