Upami dina carios aya Batawina, sigana wewengkon Subang langkung rada 
realistis, anu sajurusan sareng Cirebon.  Sukabumi asa rada tebih pisan. Dugi 
ka ayeuna pan  dina "hilir mudik" transportasi sareng perdagangan mah wewengkon 
basisir (kaler) langkung rame tibatan wewengkon kidul (Sukabumi). Sok sanaos 
dina perkara penyebaran agama Islam, wewengkon kidul (Tasik/Ciamis) langkung 
tipayun tibatan wewengkon basisir, tapi anu langkung kaceluk mah pan daerah 
basisir kaler. Kunaon basisir kaler langkung rame? tong hilap ayana jalan 
Anyer-Panarukan, janten urat nadi lalu lintas utama di pulo Jawa.
Janten ceuk abdi mah, upami bade nyebatkeun wewengkon dina cersil Sunda nyandak 
ka lalulintas utama Anyer- Panarukan.

mrachmatrawyani




________________________________
 From: Abbas Amien <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
Sent: Sunday, March 10, 2013 3:16 PM
Subject: [kisunda] Kahatur KH, kang Yani, kumincir, kaang Oman; ua duq sste
 

  
Kahatur : Ki
Hasan; Kang Yani; sareng sadayana wae.
 
Subjek :
CERSIL SUNDA
 
Punten ,
mugia luntur galih masihan bongbolongan.
Ieu Cersil
teh, leres saur KH logika “lembur”na rada rancu; ayeuna tos tamat;
Aya niat
dibukukeun; tapi ieu Cersil teh logika lemburna “RANCU” pisan; 
asa teu
nyararambung.
Cing kumaha
tah ?
Ari plotna
nyambung ka Cirebon siga Priangan Wetan; tapi mun nuju Jakarta siga 
disakiduleun
Sukabumi ?
Sigana mah
Bandung Cianjur kudu dimunculkeun; Sukabumi ulah aya;
Plotna
Priangan Wetan. Kumaha tah kira2na rada Nymbung logikana teu nya ?
Lieur oge
geuning pasoalan “Lembur” teh.
Keun we plot
caritana mah geus jelas; nu kudu dimamanis jeung dilelempeng nya eta lembur.
Mudah2an Kh;
Kang Kumincir; kang Yani; kang Oman aya kamandang. Aya bongbolongan.

Kitu deui nu
sanesna; nu kapungkur kantos protes soal Leuwiseeng jeung Wanayasa. 
Mangga
diantosan pisan.
Carita
angger; tapi lembur jeung dayeuhna tah kudu diganti.
Ari nu di
Jawa onaman, meureun uraang teh rada ngawangwang; teu pati apal;
Piraku ari
Priangan mah atuh teu logis pisan ?
  
 

Kirim email ke