Bisa jadi kitu Mh, citra 'Oneng" anu 'oon' tea. Tapi si kuring oge
nganepikeun hal eta teh dumasar padungdengan jeung sababaraha sobat boh di
kantor atawa di lingkungan sejenna.

manar

2013/3/14 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Isu gender mah teu signifikan jigana Kang Oman. Sakadar kasus, di lembur
> uing ti sababaraha taun ka tukang, geus mimiti aya dina pamilihan RK (Rukun
> Kampung) kandidatna wanoja. Dugaan uing citra 'Oneng' jeung 'Bang Jack'
> mere kesan nu beda ka masyarakat di pilemburan. 'Oneng' nu rada oon, 'Bang
> Jack' nu nyantri jeung bijak, mere kesan citra nu napel dina implengan
> masyarakat.
>
>
>
> 2013/3/14 oman abdurahman <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Hiji hal deui anu jadi sabab pasangan Rikeu jeung Teten eleh di Jawa
>> Barat nyaeta isu gender dina kapamimpinan (yen awewe mah teu meunang di
>> hareup/jadi pamimpin panghareupna siga gubernur) masih kuat dicekel ku
>> masyarakat. Toong wae, langka pisan bupati awewe di Jabar, paling banter
>> nepi ka Camat . Alusna mah strategina teh Teten kahiji, Riekeu kadua (lamun
>> rido). Sabab, ari Rikeu ngagabung kang Dede Yusuf mah asa pamohalan. Tapi,
>> da enggeusan ayeuna mah, ke deui wae periode satutasna anu ayeuna :).
>>
>> manar
>>
>> 2013/3/14 Ki Hasan <[email protected]>
>>
>>> **
>>>
>>>
>>> Teten jeung Rikeu teh najan populer dina media, jigana teu nepi ka
>>> lembur-lembur mah. Teu pati warawuheun. Toong geura hasil rekapitulasi
>>> milih gubernur kamari. Najan duanana urang Garut, jeblok hasilna. Ieu
>>> indikator batur salemburna ge teu pati warawuheun. Sa-Garut, tina 42
>>> kacamatan, ngan ukur bisa unggul 8 kacamatan. Malah di kacamatan
>>> Leuwigoong, lemburna Teten, tina 8 desa ngan bisa unggul 5 desa, 3 desa mah
>>> kalaut. Jigana hal ieu bisa jadi eunteung, yen iketan kasukuan/kadaerahan
>>> pikeun urang Sunda mah teu bisa jadi andelan.
>>>
>>> 2013/3/14 MRachmat Rawyani <[email protected]>
>>>
>>>> **
>>>>
>>>>
>>>> Kuring kantos ngadokumentasikeun ceramah Ridwan Kamil ka para mahasiswa
>>>> UI di Kampus UI Depok. Cara berpikirna teh "out of the box". Padahal mah
>>>> mun dilenyepan, ide-idena sederhana, tapi membumi. Sigana wae Ridwan Kamil
>>>> hoyong nguji "kasaktianana/kapopuleranana" dina pamilon walkot. Naha
>>>> masyarakat Bandung ngarasa wanoh jeung "bogoh" ka calon walikotana.
>>>>
>>>> Upami jadi walikota Bandung, kuring ngabayangkeun, tiasa janten "rival"
>>>> gupernur DKI Jakarta sareng walikota Surabaya, dina perkara ngabeberes
>>>> kota. Tapi anjeunna kedah mayunan "musuh bubuyutan" nyaeta sistem birokrasi
>>>> sareng aparat anu bermental bobrok. Tapi sigana mah tiasa kenging dukungan
>>>> ti kalangan intelektual sareng kelompok terdidik sanesna.
>>>>
>>>> Para politikus sareng parpol? kuring mah rada skeptis, pan maranehanana
>>>> mah langkung mentingkeun kanggo "padaringan" di imah. Dina perkara ieu,
>>>> kuring manghanjakalkeun ka Kang Teten anu ngiringan pilgub anu didukung ku
>>>> parpol. Namina "jatuh" di "mata" kalangan urang terdidik.Upami kang Teten
>>>> tiasa sabar wae, ngagabung ka Ridwan Kamil, dina pamilon walkot Bandung,
>>>> pasti bakal ngukir sajarah.
>>>>
>>>> mrachmatrawyani
>>>> (masih kararagok migunakeun basa kasar, loma sareng lemes)
>>>>
>>>>   ------------------------------
>>>> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
>>>> *To:* Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda <
>>>> [email protected]>
>>>> *Sent:* Wednesday, March 13, 2013 5:04 AM
>>>> *Subject:* [kisunda] Ridwan Kamil Raih Urban Leadership Award dari AS
>>>>
>>>>
>>>> Ridwan Kamil Raih Urban Leadership Award dari AS
>>>>   Rabu, 27 Februari 2013 | 18:00 WIB
>>>> *BANDUNG, KOMPAS.com* - Ketua Bandung Creative City Forum (BCCF) yang
>>>> juga dosen arsitektur Institut Teknologi Bandung (ITB) M Ridwan Kamil
>>>> meraih Urban Leadership Award dari University of Pennsylvania, Amerika
>>>> Serikat.
>>>> "Alhamdulilah saya orang Indonesia pertama yang dapat Urban Leadership
>>>> Award dari University of Pennsylvania," kata Ridwan Kamil di Kota Bandung,
>>>> Rabu (27/2/2013). Penghargaan tersebut akan diterima pada 15 Maret 2013.
>>>> Ridwan Kamil menuturkan penghargaan tersebut diberikan untuk pemimpin
>>>> informal kota atau komunitas yang dinilai peduli dan berhasil memberikan
>>>> sebuah solusi untuk wilayah tertentu dengan menyeimbangakan sektor sosial,
>>>> ekonomi dan lingkungan.
>>>> "Jadi penghargaan ini diberikan bagi mereka-mereka pemimpin informal
>>>> artinya bukan untuk pemimpin formal atau kita kenal seperti wali kota atau
>>>> gubernur," kata dia.
>>>> Ridwan mengatakan ia diapresiasi atas usaha dalam program Indonesia
>>>> Berkebun, Bandung Creative City Forum, dan proyek lainnya sehingga.Selain
>>>> itu, alasan lainnya mengapa University of Pennsylvania menyematkan
>>>> penghargaan tersebut kepada dirinya karena negara tersebut terkesan dengan
>>>> konsep gotong royong masyarakat Indonesia.
>>>> "Mereka terkesima dengan budaya asli kita yang tidak ada di mereka,
>>>> yakni budaya gotong royong. Seperti di Di Kampung Babakan Asih. Blok Tempe
>>>> Kota Bandung ini," kata dia.
>>>> Sebelum tangan dingin Ridwan Kamil menyentuh kawasan Blok Tempe
>>>> tersebut, warga di sana, khususnya anak-anak dan remaja ternyata kesulitan
>>>> untuk mendapatkan akses ruang publik seperti tempat bermain atau taman.
>>>> "Alhamdulilah, sekarang warga di sini bisa memiliki tempat untuk
>>>> berkumpul atau bertukar pikiran dan anak-anaknya bisa bermain. Dulunya Blok
>>>> Tempe ini adalah tempat pembuangan bahan bangunan," kata dia.
>>>> Kalau selama ini ia berperan dalam komunitas, Ridwan Kamil berencana
>>>> maju di Pemilihan Wali Kota dan Wakil Wali Kota Bandung 2013-2018.
>>>> *Dapatkan artikel ini di URL:*
>>>>
>>>> http://internasional.kompas.com/read/2013/02/27/18005489/Ridwan.Kamil.Raih.Urban.Leadership.Award.dari.AS
>>>>
>>>>
>>>
>
>  
>

Kirim email ke