Seting carita teh jaman Walanda. Salah sahiji cara keur patali marga dagang
nu harita dipake teh, jalan Kareta Api. Tah ieu bisa dipake jalur keur
ngahubung-hubungkeun transportasi antar daerah. Loba carita kokolot urang
lembur uing, nu ngadongengkeun dagang tarasi, uyah, jeung asin meulina ti
Pangandaran, di jual di Garut. Cenah jalurna mapayan jalan Kareta Api.
Jalur jalan Kareta Api, bisa dijadikeun analogi keur jalan nu sejenna.

2013/3/18 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> Ari ngaran kampung jeung lembur mah, teu pati susah teuing logikana. Tapi
> lamun nyebutkeun masalah kota2 nu gedena; kakara problem.
>
> Tadina maatak disebut Giri Resik lantaran ngaahaarib2 ka Kota Resik; tapi
> kumaha logikana Ki Caakramana ngaliwat ka eta daerah Priangan Kidul;
> padahal rek dagang ka Batavia ? Mun dagangna kaa daerah Tasik masih logis;
> taapi jaman harita naha Ekonomi Tasik geus maju ? nepi ka aya hubungan
> ekonomi mandiri antara Tasik Cirebon ?
>
> Lamun karang lungkawing teh di sakiduleun Sukabumi; tangtuna ge sabangsa
> leuwiseeng , Wanayasa aya di dinya . Naha aya sudagar ti Cirebon ngaprak ka
> Sukabumi ?
>
> Mun Wanayasa ayana di Sumedaang misalna; kumaha carana si Jalma bisa
> nyokot jalan ka Puncak lain ka Subaang Purwakarta ?
>
> Rada hemeng tah logika eta.. Jadi Rute perdagangan rada hese
> nyambungkeunana.
>
> Jadi Jalma ti Basisir Laut Kidul, terus nuju ka kaler ! Ka mana ? Ka Tasik
> ? Garut ? Sukabumi ? Keun we ari ti Cirebon mah masih bisa dirobah misalna
> jadi ti Sumedang atawa ti Soreang.
>
> Cing manawi aya nu tiasa nuduhkeun kumaha ngarobahna jalur carita; supaya
> pasa jeung sajarah + Ilmu Bumi; bari teu ngarubaah cersil sacara
> significant.
>
> Nuhun sateuacanna.
>
>

Kirim email ke