Sae bah kaharti ku nu ayeuna tapi kirang nyanggut. Kumaha pami rada2 rekayasa 
atanapi afdol pami aya fakta paubahan. Janten tiasa we rekayasa harita aya hiji 
tempat/dayeuh ngan ku perkembangan jadi "kota mati" kulantaran panyakit, 
bencana alam jste.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amien <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 20 Mar 2013 06:54:28 
To: <[email protected]>; urangsunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Logika tempat di na CERSIL

Nuhun ka ka KH oge kang Tirta. Taah kuring ayeuna boka cecekelaan yen Wanayasa 
na ieu carita teh kira2 tempatna didaerah CIANJUR; jadi wajar mamur. Terus 
Leuwiseeng, Cissurili deukeut ka Subang Purwakarta.
Jadi Jago ti Cirebon nu limaan rada logis teu jauh2 teuing asup ka Wanayasa teh.
Atuh Jalma indit ngaliwatan Puncak Pass masih tetep bisa, jeung logis.
Ngan nu kurang logis waktu Nyi Ipah diculik, asa jararauh teuing diculik ka 
Kuningan. Tah nu ieu mungkin Rajawali Bodas dirobah tempaatna jadi di 
Majalengka; rada asup akal meueusan.

Kumaha tah KH ? Kang Tirta ? Kaang Oman ? Kang Sam ?
Kira2 logis ayeuna mah nya ? Meueusan ? Nuhun ka sadayaana.


--- On Tue, 19/3/13, Ki Hasan <[email protected]> wrote:

From: Ki Hasan <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Logika tempat di na CERSIL
To: [email protected]
Received: Tuesday, 19 March, 2013, 12:37 AM
















 



  


    
      
      
      Memang dina carita fiksi mah diwenangkeun ngawangwang naon wae. Kaasup 
ngawangwang seting tempat, pelaku, kajadian, jeung sajabana. Ngan, milih seting 
tempat nu deukeut kana lokasi nu aya bungkeuleukna, utamana dina genre 'fiksi 
realis', nuduhkeun sakumaha jerona pangaweruh nu ngarangna. Dina fiksi realis 
mah, ayana anakronime teh, nuduhkeun kahengkeran carita. Kajaba 'fiksi 
surealis' nu memang ngahaja nyiptakeun anakronisme keur dayatarikna, jiga 
serial 'Harry Potter' misalna, moal aya nu tumanya logis-henteu-na.


2013/3/18  <[email protected]>
















 



  


    
      
      
      












Bah geuleuyeung we mikirna dina konteks harita, ulah ditoong make elmu ayeuna 
nya pasti teu nyararambung. Asumsikeun we harita kaayaanana kitu, fiksi ieuh.  
Kecuali mun keukeuh hayanh nyetel nya atuh turutaln we peta lalakon Eyang 
Bujangga Manik.
Powered by Telkomsel BlackBerry®From:  Abbas Amien <[email protected]>
Sender:  [email protected]
Date: Mon, 18 Mar 2013 07:14:23 +0800 (SGT)To: 
urangsunda<[email protected]>; kisunda<[email protected]>
ReplyTo:  [email protected]
Subject: [kisunda] Logika tempat di na CERSIL

 



    
      
      
      Ari ngaran kampung jeung lembur mah, teu pati susah teuing logikana. Tapi 
lamun nyebutkeun masalah kota2 nu gedena; kakara problem.


Tadina maatak disebut Giri Resik lantaran ngaahaarib2 ka Kota Resik; tapi 
kumaha logikana Ki Caakramana ngaliwat ka eta daerah Priangan Kidul; padahal 
rek dagang ka Batavia ? Mun dagangna kaa daerah Tasik masih logis; taapi jaman 
harita naha Ekonomi Tasik geus maju ? nepi ka aya hubungan ekonomi mandiri 
antara Tasik Cirebon ?


Lamun karang lungkawing teh di sakiduleun Sukabumi; tangtuna ge sabangsa 
leuwiseeng , Wanayasa aya di dinya . Naha aya sudagar ti Cirebon ngaprak ka 
Sukabumi ?

Mun Wanayasa ayana di Sumedaang misalna; kumaha carana si Jalma bisa nyokot 
jalan ka Puncak lain ka Subaang Purwakarta ? 


Rada hemeng tah logika eta.. Jadi Rute perdagangan rada hese nyambungkeunana.

Jadi Jalma ti
 Basisir Laut Kidul, terus nuju ka kaler ! Ka mana ? Ka Tasik ? Garut ? 
Sukabumi ? Keun we ari ti Cirebon mah masih bisa dirobah misalna jadi ti 
Sumedang atawa ti Soreang.

Cing manawi aya nu tiasa nuduhkeun kumaha ngarobahna jalur carita; supaya pasa 
jeung sajarah + Ilmu Bumi; bari teu ngarubaah cersil sacara significant.


Nuhun sateuacanna.





    
     

    
    






  









Kirim email ke