Urang meureun sok ningali/boga tatangga anu awakna leutik pendek; atawa ningali 
dina TV tukang lawak anu awakna leutik pendek; kulantaran boga panyakit teu 
bisa ngajangkungan tah awakna.  Meureun dina hiji waktu mah jalma nu boga 
panyakit kitu teh sok teu di tarima di masyarakat; terus maranehna indit ka 
leuweung pikeun ngajauhan jejebi/cibiran ti masyarakat anu can bisa narima 
kaayaan tangtungan maranehna.  Tah meureun di leuweung teh maranehna hirup 
ngawangun kulawarga, boga anak incu. Ari panyakit genetik saperti awak teu bisa 
jangkung sok diturunkeun, komo lamun kawin jeung nu ngabogaan panyakit anu 
sarua. Terus nya geus betah di leuweung, teu balik deui ka pakampungan.

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
==============



________________________________
 Von: Waluya <[email protected]>
An: [email protected] 
Gesendet: 20:35 Montag, 25.März 2013
Betreff: [kisunda] "Manusa Pendek" ti Way Kambas Lampung
 

  
Aya beja nu matak panasaran, cenah petugas di Taman Nasional Way Kambas Lampung 
nempo nepika dua kali kolompok makhluk siga jelema tapi pendek (kerdil). Bejana 
aya dina Televisi oge di 
http://teknologi.news.viva.co.id/news/read/399877-taman-nasional-way-kambas-pantau-kelompok--orang-pendek-

Aya apecies sejen ti manusia salian ti Homo Sapiens anu masih keneh kumulendang 
di Dunya? Lamun enya kapanggih teh, cilaka Teori Evolusi beuki kuat wae .....

WLY 


 

Kirim email ke