muhun nya kang, leres tah... uyah teh asa teu pira sok dugi ka laas di dapur, padahal upami tos teu aya mah janten penting pisan. Sagala kaasakan tiasa karaos tariis tah upami kirang uyah mah. Teras tiasa godokeun oge panginten kakirangan uyah/yodium...
Febi === ________________________________ Von: Waluya <[email protected]> An: [email protected] Gesendet: 11:16 Dienstag, 26.März 2013 Betreff: [kisunda] Re: "Manusa Pendek" ti Way Kambas Lampung Tiasa oge kitu Kang, ngan aya kelemahanana, jelema upami tos terang peradaban, sanajan manehna ngasingkeun diri, tetep sakali-kali mah berhubungan jeung jelema di luar, langsung atanapi teu langsung. Salah sahiji kaperluan jelema nu paling vital, nu teu tiasa dipilarian di leuweung, nyaeta kaperluan kana UYAH. Ieu nu maksa Suku-suku terasing atawa nu ngasingkeun maneh, tetep berhubungan jeung jalma ti luar. Tah upami "Si Kate" ieu ngasingkeun diri ka leuweung, teras kawin mawin jeung nu "kate" deui, tetep maranehna peryogi uyah (sabab maranehna geus biasa ngonsumsi uyah), jadi bakal tetep berhubungan jeung jalma tiluar. Kumargi kitu, upami memang kajadianana kitu, tangtos ti kapungkur keneh parantos kanyahoan, da puguh aya berhubungan jeung komunitas ieu. Meureun ketang .... WLY --- In [email protected], Ahmad Hazairin <don_febi@...> wrote: > > Urang meureun sok ningali/boga tatangga anu awakna leutik pendek; atawa > ningali dina TV tukang lawak anu awakna leutik pendek; kulantaran boga > panyakit teu bisa ngajangkungan tah awakna. Meureun dina hiji waktu mah > jalma nu boga panyakit kitu teh sok teu di tarima di masyarakat; terus > maranehna indit ka leuweung pikeun ngajauhan jejebi/cibiran ti masyarakat anu > can bisa narima kaayaan tangtungan maranehna. Tah meureun di leuweung teh > maranehna hirup ngawangun kulawarga, boga anak incu. Ari panyakit genetik > saperti awak teu bisa jangkung sok diturunkeun, komo lamun kawin jeung nu > ngabogaan panyakit anu sarua. Terus nya geus betah di leuweung, teu balik > deui ka pakampungan. > > Wallahu'alam > > Febi Ahmad Hazairin > ============== > > > > ________________________________ > Von: Waluya <waluya2006@...> > An: [email protected] > Gesendet: 20:35 Montag, 25.März 2013 > Betreff: [kisunda] "Manusa Pendek" ti Way Kambas Lampung > > >  > Aya beja nu matak panasaran, cenah petugas di Taman Nasional Way Kambas > Lampung nempo nepika dua kali kolompok makhluk siga jelema tapi pendek > (kerdil). Bejana aya dina Televisi oge di > http://teknologi.news.viva.co.id/news/read/399877-taman-nasional-way-kambas-pantau-kelompok--orang-pendek- > > Aya apecies sejen ti manusia salian ti Homo Sapiens anu masih keneh > kumulendang di Dunya? Lamun enya kapanggih teh, cilaka Teori Evolusi beuki > kuat wae ..... > > WLY >
