Dina teks ngeunaan Bujangga Manik anu kamari diupload, ditulis dina awal teks 
yen Bujangga Manik teh Pangeran (anak Raja) anu leuwih milih hirup salaku ahli 
agama/pandita.  Tapi sim kuring boga pamikiran lain.

Lamun ku urang ditalungtik, pamingpin anu unjul, pamingpin anu adil, dina 
sajarah; loba anu ngalakukeun olah jiwa. Malahan dina sababaraha paradaban mah 
saperti hindu, budha, islam, kristen, olah jiwa teh salah sahiji syarat pikeun 
calon pamingpin.  Olah jiwa ieu bisa disebut meditasi, samadhi, uzlah, 
kontemplasi/retreat; anu tujuan utamana nyaeta miceun hawa napsu tina jiwa 
urang.  Ari hawa napsu biasana kuat pakait jeung materi, jeung kahirupan urang 
sapopoe. Ku ngalakukeun uzlah/meditasi diusahakeun jiwa urang bisa lesot tina 
kakaitan jeung materi, kahayang, hawa napsu anu bisa jadi berhala/patekong 
pikeun jiwa urang.

Dina sajarah Islam oge waktu nabi Muhammad saw. saencan diangkat jadi nabi teh 
reman uzlah ka guha Hira, pikeun ngabersihan jiwa jeung menta patunjuk ka gusti 
Allah swt. Sim kuring oge yakin di karajaan-karajaan Sunda baheula oge 
ngabogaan tradisi yen calon pamingpin teh kudu asak heula jiwa jeung ragana. 
Biasana kudu ngalanglang heula neangan pangalaman, ningali bagian dunya nu 
lian.  Oge budaya samadhi harita teu kudu ditingali ngan dilakukeun ku ahli 
agama; tapi sim kuring ngasumsikeun yen calon pamingpin di karajaan sunda pasti 
kudu asak jiwana ku cara samadhi, sangkan bisa ngarasakeun kabutuhan rahayat, 
ngajauhkeun diri tina sifat-sifat goreng.  Ieu bisa dibedakeun jeung ahli agama 
anu salian remen samadhi oge leuwih kadidik dina bag-bagan teori agama.

Tah kumaha jaman ayeuna atuh lamun anu diaku ahli agama teh mung jero dina 
teori agama tapi henteu napak tilas nuturkeun kanjeng Nabi Muhammad anu remen 
uzlah di guha Hira?  Komo atuh pamingpin anu teu ngarti agama oge tara remen 
ngabersihan jiwa ku cara uzlah/meditasi?  Padahal lingkungan kakawasaan anu 
pinuh ku pulitik jeung intrik bisa ngajadikeun jiwa urang jadi buta 
hejo/gederuwo.

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
==============

Kirim email ke