Manstaaaaap sukses acarana :) mun aya anu hadir di apdet ingpona didieu... 

Mamang keur pakupek di Balong euy... Loba babaturan anu nganjang jadi teu 
sempet ngilu... Peuting ayeuna jeung kamari oge kemping di Balong bari 
dudurukan/ BBQ-an Jagong amis tea :).

nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com

-----Original Message-----
From: oman abdurahman <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Sat, 30 Mar 2013 09:58:48 
To: [email protected]<[email protected]>; urang 
sunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Cikapundung Sabulang-bentor

Baraya sadaya,utamina anu di Bandung,

Bisi wae aya anu haat aub dina kagiatan Cikapundung, sakumaha tina FB-na
kang Hawe di handap ieu:

#CIKAPUNDUNG---Enjing, ping 31 Maret 2013, ti tabuh 07.00 dugi ka 08.30
enjing-enjing, bade aya kagiatan mieling Poe Cai Dunya (World Water Day) di
payuneun kampus SMA 1, Jl. Ir. H. Djuanda 93, Bandung. Ieu kagiatan di Dago
Car Free Day teh winangun sawala ti antawis aktivis, pejabat, seniman,
sareng nu sanesna kalayan jejer tumali kana kaayaanana Walungan
Cikapundung. Numutkeun Rahim Asyik Budi, pegiat lingkungan anu salami ieu
getol mulasara Cikapundung, ieu kagiatan teh dingaranan "Cikapundung
Sabulang Bentor".#

Mangga hadir wae. Keun wae rada seremonial mah, sugan dimimitian ku
seremonial, ka hareupna jadi biasa unggal waktu.

Salam,
manar

Kirim email ke