Baraya sadaya,utamina anu di Bandung, Bisi wae aya anu haat aub dina kagiatan Cikapundung, sakumaha tina FB-na kang Hawe di handap ieu:
#CIKAPUNDUNG---Enjing, ping 31 Maret 2013, ti tabuh 07.00 dugi ka 08.30 enjing-enjing, bade aya kagiatan mieling Poe Cai Dunya (World Water Day) di payuneun kampus SMA 1, Jl. Ir. H. Djuanda 93, Bandung. Ieu kagiatan di Dago Car Free Day teh winangun sawala ti antawis aktivis, pejabat, seniman, sareng nu sanesna kalayan jejer tumali kana kaayaanana Walungan Cikapundung. Numutkeun Rahim Asyik Budi, pegiat lingkungan anu salami ieu getol mulasara Cikapundung, ieu kagiatan teh dingaranan "Cikapundung Sabulang Bentor".# Mangga hadir wae. Keun wae rada seremonial mah, sugan dimimitian ku seremonial, ka hareupna jadi biasa unggal waktu. Salam, manar
