Bahasan anu menarik pisan yeuh, sim kuring hoyong ilubiung diskusi. Sateuacana, sapertosna anggota milist teh nyebah 'abah' ka abah Abbas Amien, sim kuring oge bade ngiriman nyebat abah weh ah supados raoseun. Panginten tina yuswa nya he he he... hapunten sim kuring teu acan pendak langsung. Ari ngiring milist ieu mah tos lami saleresna, upami teu lepat ti taun 2001, mung tos lami mati suri sim kuring ti milist :)
Aya hiji kasalahan lamu manusa ningali moral jeung ajaran agama. Ieu kasalahan teh bisa ditingali tina metoda pangajaran agama eta sorangan. Misalna, dina agama islam, atawa sabenerna agama warisan Ibrahim as. memang mere metoda pangajaran ngeunaan 'Tuhan' teh personal pisan. Tuhan teh diumpamakeun pangawasa dunya siga manusa. Meureun budaya bangsa yahudi/arab memang ti dituna nganggap Tuhan anu ngasuh alam raya teh deuket jiga bapa sorangan, atawa jiga pangawasa anu ngabogaan istana anu suci, anu 'ti kajauhan' marentah tur ngurus ieu alam raya. Manusa ngarasa maranehna teh salah sahiji puseur di alam raya, nyaeta anu nampa amanah ti Tuhan pikeun ngurus planet bumi ieu. Tah ku anggapan kitu oge, lamun Tuhan aya amanat ka manusa teh kudu ngaliwatan nabi/rasul ku nurunkeun wahyu. Lolobana umat islam/kristen/yahudi, nganggap wahyu teh omongan Tuhan 'kalimat per kalimat' anu dibewarakeun ka hiji nabi, atawa langsung ditendeun dina hate/kapahaman eta nabi sacara 'tiba-tiba' geus faham dina jeroning hate/kapahaman. Jadi di dieu geus aya jarak, yen sagala amanat kaalusan saperti moral teh kudu aya bewara wahyuna heula. Pan lamun ayeuna debat agama teh geningan sok ditanya (bari rada nyorongot): "naon dalila?" atawa, "mana ayat Quran-na', mana "hadits-na". Tah eta teh nanda keun yen urang umat islam (oge yahudi/kristen) geus nganggap pesan moral pasti aya pituduhna ti Tuhan ngaliwatan wahyu anu terus dibukukeun dina kitab suci. Tapi sabenerna, metoda pangajaran ngeunaan agama jeung Tuhan saperti diuraikeun di luhur teh cara standar. Lamun ku urang ditalungtik, dina hadits misalnya aya disebutkeun yen kangjeng nabi marentahkeun "Menta heula fatwa ka hati nurani maraneh, saencan menta fatwa ka jelema lian". Tah naon ieu hartina? Lamun ku urang dibaca literatur-literatur 'syufi', leuwih dikaharaupkeun pisan ieu hati nurani. Kusabab nate nurani teh 'nur ilahi' dina diri manusa. Jadi hate nurani teh saperti antenna anu bisa koneksi langsung jeung Tuhan. Jadi teu mustahil manusa anu can maca atawa can jero ngajina ngeunaan Quran jeung Hadits tapi kalakuanana / akhlakna alus pisan. Eta tandana hate nurani eta jelema teh hirup, bisa nangkep cahaya ilahi dina kahirupanana. Pan dina islam oge diajarkeun yen sakabeh umat islam teh kakeclakan sifat-sifat kanabian. Ari salah sahiji sifat kanabian teh nyaeta narima wahyu. Kusabab urang mah lain nabi, tah sanajan teu narima wahyu oge tapi aya anu sejena anu mirip jeung wahyu tapi teu sakelas kualitasna. Lamun wahyu kualitas nomor 1, aya oge 'firman' tuhan anu ditarima ku urang tapi kualitasna teu bisa disaruakeun jeung wahyu; meureun kualitas 2 atawa 3 jeung saterusna. Tah ieu teh anu disebut firasat, ide, ilham atawa warid. Ari ilham jeung firasat kabeh jelema oge sok ngalaman. Oge sok ngaliwatan impian atawa oge keur jaga ilham sok ngadadak datang. Ka jalma sholeh bersih hatena sok datang 'warid', saperti ilham tapi kualitasna leuwih hade, tapi masih dihandapeun wahyu. Tah sabenerna urang kudu sadar yen gusti nu maha suci, anu disebut Tuhan, ku urang arab disebut Allah, ku manusa di bangwa lain disebut lain deui meureun, deukeut pisan jeung urang. Dina islam disebutkeun leuwih deukeut tibatan urat beuheung urang sorangan. Dina masalah moral, nya pasti ti saprak lahir geus aya pola moral dina diri manusa. Ceuk jalma modern mah geus kabawa dina DNA manusa teh aya warisan moral. Tah lain artina lamun kitu teh ajaran agama euweuh hubungana jeung wangunan moral manusa. Saterusna sok dihartikeun jadi moral teu ngabutuhkeun Tuhan pikeun tumbuh dina diri manusa. Eta teh kusabab aya anggapan Tuhan teh jauh, kudu siga tukang sulap ngayunkeun tongkat sulap lamun hayang nyiptakeun kajadian. Padahal lain kitu. Naon anu aya dina diri manusa teh geus otomatis kodrat Tuhan. Geus otomatis SUNATULLAH tea. Kusabab eta, urang ningali diri batur rek nu alus rek nu jahat teh kabeh teh kodratna Tuhan tea. teu meunang urang ngewa/benci. Ngan geus jadi kodrat urang oge kudu mihak kana kahadean jeung merangan kagorengan. Jadi urang teh amar ma'ruh nahyi munkar teh geus sunatullah; lain karena politik ngabela bangsa arab terus ngamusuhan yahudi; ih lain pisan; lamun geus ti dinya ngamimitianana nya geus salah atuh. Jadi gusti Allah teh teu ka mamana. Di mana diri urang sadar diri, gusti Allah hadir. Di mana urang ngahargaan diri batur, gusti Allah hadir. Nya urang poho oge gusti Allah hadir, ngan antenna urang teu aktif. Alah raya, dangdaunan, walungan, babatuan, gunung teh pan impelemenasi gusti Allah. Kusabab eta dilarang urang mikiran zat gusti Allah, Tuhan tea, tapi kudu mikiran ciptaanana. Dimana pikiran urang sadar, urang keur koneksi jeung gusti Allah. Jadi ti mana ngamimitian hudangna moral dina diri manusa nya moal pisah jeung Tuhan. Ku ayaan diri urang teh pan ayana Tuhan. Ku saba eta cenah ari para jalma sholeh mah geus ningali sagala zat, sagala rengkak polah makhluk, sagala kajadian, teh kabeh oge saperti ningali 'kagiatan Tuhan'. Eta cenah anu disebut maqom fana teh. Tapi nya kitu, da urang diajarkeun ku ustad di kampung boh di kota. Tuhan teh jauh di hiji tempat anu lain tempat. Tuhan teh nyaksian jika raja anu sakti bisa ningali ka mamana sakahayang. Dina ngajalankeun agama urang sok hayang aya dalil tekstualna heula tapi teu saha ngagali cahaya batin urang sorangan (hate nurani). Nya jadi weh sok dianggap Tuhan teh ketua jiga ketua parpol anu urang kudu satia. Sagala politik parpol jadi asa politik Tuhan. Wallahu'alam bis shawwab Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: Abbas Amien <[email protected]> An: [email protected]; kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Gesendet: 7:09 Mittwoch, 10.April 2013 Betreff: [kisunda] Re: [Baraya_Sunda] manusa, pangeran jeung moral? Pertanyaaan nu salah ! Cek Tuhan teh arilaing perlu atawa teu perlu ka Aing, kuma dinya ! Naon hubunganana !? Moral alus meureun keur kaalusan maraaneh, atuh Moral ruksak keur karuksakaan maraneh oge, Ngan nu BUTUH jeung PERLU Tuhan pasti neangan ! Tuhan disembah teu disembah oge, akan TETAP Maha Segalanya ! Pertanyaan nu tepat mah : Maneh BUTUH pada Tuhan atau tidak !? Gak butuh juga gak apa2; Tuhan membebaskan kok. Manusana we nu GR ngarasa diperlukeun ku TUHAN ? Hahaha GOBLOK sekali manusia yang berpikir begitu ! --- On Tue, 9/4/13, rsyaifoel <[email protected]> wrote: >From: rsyaifoel <[email protected]> >Subject: [Baraya_Sunda] manusa, pangeran jeung moral? >To: [email protected] >Received: Tuesday, 9 April, 2013, 12:54 PM > > > > >Apakah Manusia Perlu Tuhan untuk Menjadi Bermoral? >Penulis : Yunanto Wiji Utomo | Selasa, 9 April 2013 | 17:56 WIB > >KOMPAS.com — Mana yang lebih tepat? Apakah manusia bermoral karena percaya >Tuhan atau manusia percaya Tuhan karena manusia bermoral. Hingga kini, jawaban >pasti pertanyaan itu masih menjadi perdebatan. > >Frans de Waal, ahli primata ternama dunia, biolog di Emory University dan >Direktur Living Links Center di Yerkes Primate Center di Atlanta, mencoba >memberi uraian untuk menuju pada jawaban akan pertanyaan tersebut lewat >bukunya, The Bonobo and the Atheist. > >Agamawan dan kaum pemeluk agama yang taat pastinya akan menjawab bahwa manusia >bermoral karena percaya Tuhan. Namun, De Waal menjawab sebaliknya. Menurutnya, >manusia percaya Tuhan karena manusia bermoral. > >Jawaban De Waal didasarkan atas hasil penelitian selama bertahun-tahun pada >perilaku primata besar seperti simpanse dan bonobo. Ia menunjukkan bahwa >moralitas berkembang sebelum manusia dan kebudayaan manusia berkembang. > >Penelitian menunjukkan bahwa primata besar memiliki empati. Mereka memiliki >rasa keadilan, mereka bisa memelihara dan peduli satu sama lain serta mampu >berbagi dengan individu lain yang kurang beruntung. > >Karakter primata yang menyerupai sifat manusia tersebut membuat De Waal >berpikir bahwa primata pun punya akar moralitas. Walaupun, memang, primata >selain manusia belum bisa dikatakan bermoral; primata punya penyusun utama >moralitas. > >Dalam bukunya, De Waal menuliskan, "Ada sedikit bukti bahwa hewan menilai >kesesuaian suatu aksi yang tak secara langsung berdampak pada dirinya. Dalam >perilaku ini, kita pun mengenal nilai yang sama." > >"Saya mengambil petunjuk-petunjuk kepedulian pada komunitas ini sebagai tanda >bahwa penyusun utama moralitas lebih tua dari kemanusiaan, dan kita tidak >perlu Tuhan untuk menjelaskan bagaimana kita bisa sampai pada posisi kita >sekarang," tulis De Waal seperti dikutip ABC News, Senin (8/4/2013). > >De Waal yang juga seorang ateis menegaskan, moralitas berkembang dari proses >perkembangan spesies manusia itu sendiri, bukan diberikan oleh Tuhan. Ia >mengungkapkan tanda lain adanya moralitas pada primata. Salah satunya, primata >selain manusia juga bisa merasa bersalah. > >Kasus tersebut dijumpai pada bonobo bernama Lody di Kebun Binatang Milwaukee >County. Bonobo itu menggigit tangan dokter hewan yang memberikannya vitamin. >Akibat gigitan, dokter hewan tersebut kehilangan satu jari. > >Mendengar teriakan sang dokter saat jarinya digigit, Lody menengok ke atas dan >terkejut. Ia lalu melepaskan tangan yang sudah kehilangan satu jari itu. Hari >berikutnya, saat dokter hewan kembali menengoknya, Lody lari ke sebuah sudut, >menundukkan kepala dan melingkarkan tangan di tubuhnya. > >Yang mengejutkan, 15 tahun setelah berpisah dengan dokter hewan itu, Lody >tetap mengenalinya dan mengingat kesalahannya. Saat dokter hewan itu berdiri >di kerumunan, Lody berlari ke dokter itu seraya melihat tangan kiri sang >dokter. Lody terus melihat tangan dan wajah dokter itu. > >Apa yang dilakukan Lody menjadi bukti adanya bibit-bobot moralitas pada hewan. >Apakah Lody merasa malu? Atau, apakah dia takut akan pembalasan? Yang jelas, >apa yang dilakukan Lody adalah bukti bahwa dia merasa bersalah, sekaligus >menjadi tanda bahwa ia punya bibit moralitas. > >Berkali-kali, para ahli primata juga mendokumentasikan rasa bersalah, sedih, >dan iba saat pada individu lain yang sekarat, pada ibu kera yang kehilangan >anaknya, serta memelihara anakan yang kehilangan orangtuanya. > >"Beberapa orang mengatakan, hewan adalah diri mereka sendiri, sementara >manusia mengikuti sesuatu yang ideal, tapi itu terbukti salah. Bukan karena >kita tak punya sesuatu yang ideal tetapi karena mereka pun memilikinya," tulis >De Waal. > >Ada satu kasus menarik. Bonobo pun tahu cara mencegah perang. Koloni bonobo >kadang berkumpul saat dua pejantan akan berperang. Yang menarik, saat perang >telah siap dimulai, bonobo betina yang ada di sekitarnya justru mulai bercinta >dengan sesama ataupun lawan jenisnya. > >Dalam sudut pandang manusia, apa yang dilakukan bonobo itu bisa disebut orgy. >Lalu, apakah orgy adalah wujud moral? Pastinya, bagi manusia, hal itu tidak >bermoral. Namun mungkin, bonobo hanya menyadari bahwa memang lebih baik >bercinta daripada berperang. > >Sumber :ABCNews >Editor :yunan > >
