Wujud Allah II
   
  
                 
  Hal Yang
  Penting Kedua , yang harus dipegang adalah Deskripsi2 eh Indonesia deui wae.
                   
   
  
 


Hal nu kadua pentingna, nya eta deskripsi Allah/Tuhan nu aya
di na Al Qur_anul Karim. Ngan na Qur_an wungkul urang bakal wanoh ka Anjeunna.
Ti KS nu sejen mah, hese beleke. Qur_an oge hese komo KS nu sejenna.

Deskripsi ngeunaan Allah teh, jelasna di na ngamanaan Asma2
Allah, cohagna ti na Asmaul Husna. Nu matak aya paribasa, nu sering ngamalkeun
Asmaul Husna, leuwih caket ka AnjeunNa. Masing ngan ukur dibaca wungkul ge,
masih aya haartina. Ti batan enol pisan mah. Komo di na macana zikirna , bari
ngamanaan jeung neuleuman harti2 eta Asma Allah, Jenengan Allah.

Cekelan nu kahiji nya eta Allah teh Aya sateuacanna aya alam
semesta. Jadi Al Qodim, Al Muqaddim. Nu Awal jeung nu Ngawalan sagalana. Di na
hal naon sababna allah Nyiptakeun Alam Semesta katut eusina, kaasup manusia ?
Tangtu leu mah hiji Hal nu mustahil aya nu NYAHO ! Kaasup Malaikat. Moal 
terangeun
naon Margina Gussti Nyiptakeun sadayana.

Tah di na hal ieu , urang ulah hayang nyaho. Memang aya nu
nyebutkeun yen Diciptana ieu alam semesta teh sabab aya Nur Muhammad. Tapi na
hal ieu urang teu WAJIB percaya. Lantaran siga ngaugung ugungkeun teuing pihak
Islam. Engke bakal marucunghul nu nyebut keun yen kaciptana alam semesta ku
sabab aya Nabi Isa/Yesus jste. Nu matak hal ieu mah ulah digedekeun. 

Hal katilu nu kudu dicekel nya eta Elmu Pangaweruh, nu
dikaluarkeun para Ilmuwan. Tangtu ieu para Ilmuwan oge meunang pituduh ti
AnjeunNa; terserah ngaku jeung henteuna mah. Daa kapan sadaya Elmu ge Anging ti
AnjeunNa. (Hal nu ieu bakal diguar khusus deui; na tulisan sejen deui.)

Cek Para Ilmuwan asal usul alam Semesta cenah ti na Kabut
berpilin; nu terus2an muter, nepi ka ngajadikeun barang2 padet, nu akhirna jadi
Alam Semesta. Tah di dieu kudu dikombinasikeun jeung dua cekelan di LUHUR. Nya
eta kahiji Aya allah, samemeh alam semesta; jeung euweuh nanaon iwal ti Allah;
terus cekelan kadua Asmaul Husna tea; tah gabungkeun jeung Pangaweruh para
Ilmuwan.

Hanca

Kirim email ke