Nu disaurkeun ku Kang Ruswana leres pisan; tapi aya tapina ... kumaha tah nu munafik ? Da kang Ruswana mah ukur nyebatkeun hade goreng wungkul. Kumaha nu ngalakukeun kajahatan tapi teu KACIRI ku jelema ? Iraha tah dihukumna ? Bari MITNAH batur ? Manehanana mah alus we ngaranna; batur nu dihukum da kafitnah ! Gede pisan tah dosa mitenah teh ! Kumaha tah ? meureun nu jarahat / koruptor bablas we ... malah diugung ugung da loba duit; teu arapaleun batur mah yen eta teh ladang ngagasab duit nagara ! Da bisa nyumputna ! Tah kumaha nu kitu ngahukumna ? Pan kang Engkus mah ngahukumna wungkul lamun manehna nyabak seuneu pasti kapanasan; salah sorangan ! Tapi nu Korupsi bari MITNAH ? kalawan manehna boga kakawaasaan kumaha tah ?
--- On Wed, 10/4/13, engkus ruswana <[email protected]> wrote: From: engkus ruswana <[email protected]> Subject: Bls: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Re: [Baraya_Sunda] manusa, pangeran jeung moral? To: "[email protected]" <[email protected]> Received: Wednesday, 10 April, 2013, 7:25 PM Sagala kahadean memang asal ti Nu Maha Hade, nyaeta Gusti Nu Maha Suci (nya Allah ceuk basa Arabna mah), tah ngan Gusti teh geus masrahkeun (otonomi ceuk basa ulitik mah) ka masing-masing jalma, naha rek make nu hadena atawa rek make nu gorengna, atawa rek make duanana, sabab Gusti geus nyiptakeun di alam dunya ieu papasangan (hade-goreng, alus-butut, luhur-handap, beurang-peuting, awewe-lalaki, gede-leutik jsb.). Tah mikeun migawena Gusti geus mere alat, diantarana nu disebut ceuk basa kabatinan mah wali-9, nyaeta: panon jeung awasna pikeun ningali di dunya (panon wujud lahirna, awas wujud batinna); ceuli jeung dengena pikeun ngadenge di dunya (ceuli lahirna; denge batinna); sungut jeung ucapna pikeun ngucapkeun nu aya di dunya; irung jeung ambeuna; uteunk jeung elingna; hate jeung pikirna; saraf jeung rasana; leungeun jeung obah/cabakna; suku jeung langkahna. Tah eta salapan anggauta lahir jeung salapan batinna teh ku luluhur urang disimbolkeun dina kacapi ku kawat nu 18 (2x9) sok geura petik eta anggauta teh sangkan genah jeung merenah, atawa mun dina kendang indung disimbulkeun dina rarawat (tali pikeun narik kulit kendang) nu jumlahna 9 nu hartina geura rarawat eta 9 anggauta dina diri nu gumelar ka dunya ngaliwatan perantara indung sangkan hade (nya dipake kahadean). sabab eta 9 anggauta teh sifatna netral, contona leungeun rek dipake neunggeul moal nolak, rek dipake ngusapan nya kitu keneh, rek dipake cakat-cokot (maling) atawa rek dipake barang bere nya moal mugen. pon kitu deui sungut, ceuli jeung nu lianna rek dipake laku kahadean atawa rek dipake laku kagorengan moal nolak, jadi gumantung nu marentahna. Tah ceuk ELMU SUNDA eta 9 wali teh kawelas-kaasih Gusti ka manusa (ukur injeuman atawa bekel keur kuring ngalalakon di dunya, sakuringna-sakuringna) rek dipake hade atawa goreng Gusti moal nyaram moal ngabek, moal mere pahala, moal ngahukum, da Gusti mah sifat Maha Welas, Maha Asih. Ngan Gusti geus nangtukeun hukumna nu adil, melak hade bakal metik buah hade, melak horeng buahna goreng....sakabeh jalma mun nyepeng seuneu pasti panas mun nyabak cai pasti baseuh ieu berlaku keur budak-keur kolot, keur jalma hade atawa goreng, keur awewe atawa lalaki, keur bangsa naon bae, keur nu nganut agama naon bae.....tah nu kitu ari kaadilan pangeran mah. Jadi Gusti mah masrahkeun kumaha masing-masing kuringna bae, ngan tadi ge disebutkeun buahna kumaha melakna.... Jadi jalma mah dihukum ku ucap-tekad jeung lampahna. cag.ER Dari: mang jamal <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Rabu, 10 April 2013 21:55 Judul: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Re: [Baraya_Sunda] manusa, pangeran jeung moral? Akhlak jeung moral teh kurang leuwih sarua sami. Akhlak mah ti basa arab moral mah basa inggris. Toong kamus inggris indonesia panglobana dipake di urang, karya john m echols-hassan shadily. Powered by du'a indung bapa :) -----Original Message----- From: "Yadi Supriadi Wendy" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 10 Apr 2013 14:18:37 To: Kusnet<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Re: [Baraya_Sunda] manusa, pangeran jeung moral? Tantan: >moral teu kudu aya hubungana jeung pangeran. Naha leres kitu? Saupamana bae manusa nurut atawa konsisten kana ageman agamana (agama naon wae), geus tangtu moralna hade. Moal waka nyanggem soal akhlak, da ari akhlak mah kaitanana jeung jalma nu iman jeung ngalakukeun amal saleh. Sok bae bandungan, naha aya agama nu ngajarkeun yen maling teh kalakuan hade? Atawa maehan, atawa nipu, atawa dengki, atawa nganyenyeri batur, atawa ngahesekeun urusan batur, atawa ngarampas hak batur? Jadi cindekna mah sagala kahadean asalna ti Allah ta ala, ngan wae manusana nu teu ngaku yen ajaran eta sabenerna muasal ti Allah ta ala. Kitu manawi pamendak mah. Nu lian kagungan hak pikeun teu satuju. Wassalam, -Yadi Supriadi Wendy- http://sekelimus29.com ------------------------------------ ngala dollar >> http://profitclickers.info/buburuh-ngeklik.php?urang=sundaYahoo! Groups Links
