Sigana mah eta MUI teu apaleun ka na Hadits sugan. Tapi cing teang deui sugan 
aya Hadits2 sejenna ? Bisi salah ? Da piraku sugan MUI ge gagabah ? punten kang 
ahmad Hazairin

--- On Fri, 12/4/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:

From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Subject: [kisunda] Syiar Islam jeung Jahiliyah
To: "[email protected]" <[email protected]>, 
"[email protected]" <[email protected]>
Received: Friday, 12 April, 2013, 8:16 AM
















 



  


    
      
      
      Syiar Islam jeung Jahiliyah
==================

http://nasional.kompas.com/read/2013/01/21/13404468/MUI.Sosialisaikan.Fatwa.Sunat.Perempuan

http://www.republika.co.id/berita/nasional/umum/13/01/21/mgyrfq-mui-khitan-perempuan-ibadah-yang-dianjurkan


Nu kumaha syariat atawa syiar islam mindeng pabaliut.  Adat arab anu geus galib 
di dunia islam arab sok dianggap syariat islam.

Sabara bulan katukang, MUI ngayakeun konsperensi press resmi pikeun ngalawan 
anjuran ti Perserikatan Bangsa Bangsa (PBB) ngaliwatan badan WHO, anu keur 
ngagalakeun kampanye pikeun nentang praktek nyunat (nyundatan) budak/bayi 
awewe.  Praktek nyunatan bayi awewe geus jadi issue di masyarakat barat yen eta 
teh praktek ngalanggar HAM anu dipraktekeun lolobana di benua Afrika.

Tah MUI teh tegas pisan cenah urang
 kudu ngalawan eta propaganda WHO anu didukung ku nagara-nagara barat.  MUI 
ngajak urang mertahankeun syiar islam.

Sim kuring kerung. Syiar islam ti mendi?
Pan dina hadits na oge caritana kieu, siti Aisyah, bojo ngora kangjeng Nabi 
Muhammad teh diutus ku kumpulan ibu-ibu harita (mun ayeu namah meureun kumpulan 
ibu-ibu pangajian, atawa ibu-ibu PKK), pikeun nanyakeun ka kanjeng Nabi kumaha 
perkara nyundatan bayi awewe masih meunang diteruskeun mangrupa tradisi atawa 
henteu?  Memang saencan islam datang ngaliwatan kangjeng Nabi teh geus lila 
jadi tradisi di arab (utamana arab baduy?) pikeun nyundatan bayi awewe.  Tah 
kangjeng Nabi ngawaler: heug teu nanaon eta tradisi nyundatan bayi awewe teh 
diteruskeun tapi aya syaratna, nyaeta clitoris (bade nyebat itil asa jorang heu 
heu, naon atuh lemesna) teh teu meunang diteukteuk, tapi cukup digores saeutik. 
 Saukur ngalaksanakeun tradisi.

Tah pan jadi tina hadits oge urang jadi
 nyaho yen nyundatan bayi awewe teh teu sunat-sunat acan hukumna. Ngan 
dimeunangkeun, eta oge jeung syarat.  Lamun clitoris diteukteuk geus teu 
meunang. Haram.  Tah, ayeuna di masyarakat afrika praktek nyundatan bayi awewe 
beda-beda prak-prakanana. Aya nu diteukteuk clitoris tepikeun ka beak, aya 
diteukteuk sapotong, aya nu ngan ukur digores (nu terakhir ieu ngilu kana 
parentah/syarat ti kangjeng nabi meureun).

Jadi ari WHO/PBB geus saluyu sabenerna jeung sikep kangjeng Nabi, kudu ngajaga 
hak kaum awewe pikeun ngapimilik clitoris tanpa cacat.  Na tuh eta ari tetua 
MUI kalahka ngomong kieu: "Salian ti syariat islam, nyundatan bayi awewe teh 
pikeun ngajaga nafsu birahi awewe supaya bida dikendalikeun".  Beu.... 
jahiliyah pisan tah pamikiran teh.  Hiji jahiliyah ku bodona, da teuing ti mana 
eta aya paham nyundatan bayi awewe pikeun ngendalikeun birahi awewe.  Anu 
kadua, naha birahi awewe bet kudu dikendalikeun jiga kitu?
 Asa jika ka kuda anu dikabiri wae atuh. Ari ketua MUI kumaha tah birahina? 
Bojo 2, 3, 4 resep teu?  Sami atuh sareng sim kuring resep mun boga 4 bojo, 
ngan kuring mah moal mampu meuruen heu heu heu....

Pesan Moral (bae ah lain pesan akhlak ieu mah): tong sok ngapersetan budaya non 
arab. bari nganggap syariah kana budaya arab baduy anu teuing ti mana mimiti 
datangna oge.


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================




    
     

    
    






  








Kirim email ke