" hayoh weh hadits eta".
Eh sanes hadits, Quran eta mah.

Punten

Febi
\===




________________________________
 Von: Ahmad Hazairin <[email protected]>
An: "[email protected]" <[email protected]>; 
"[email protected]" <[email protected]> 
Gesendet: 19:54 Freitag, 12.April 2013
Betreff: Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Syiar Islam jeung Jahiliyah
 


  
Ari teu apaleun mah moal mungkin atuh bah, da ari elmu hadtis mah sim kuring 
pasti sa tai kuku aranjeuna.
Tapi kusabab pangajak pikeun ngalarang sunatan awewe datangna ti WHO/PBB anu 
dianggap kapir jadi weh embung narima.
Jadi weh nyanghareupkeun alesan yen sundatan awewe teh syiar islam.

Sok geura mun misalnya sim kuring disanghareupkeun ka aranjeuna, pasti dalil 
ngaburudul pikeun nguatkeun pernyataan aranjeuna.
Misalna dalil kieu: "umat yahudi jeung nasrani moal eureun kangewana ka 
aranjeun tepikeun aranjeung asup kana agama maranehna", he.. he.,. he.. terus 
weh
dalil eta dipake supaya pasea terus.  Bae urang dina konteks damai di nusantara 
oge, hayoh weh hadits eta, da lamun ka aranjeuna ka timur tengah mah dalil eta 
teh kapake pisan da keur pasea wae masalah palestina misalna.


Kapiheulaan batur wae atuh da dina kaalusan teh, jadi weh pahibut teu puguh...
Barinage kudu pasea wae jeung barat atuh kacape-cape...

Febi Ahmad Hazairin
==============



________________________________
 Von: Abbas Amien <[email protected]>
An: [email protected]; urangsunda <[email protected]>; 
[email protected] 
Gesendet: 19:39 Freitag, 12.April 2013
Betreff: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Syiar Islam jeung Jahiliyah
 


  
Sigana mah eta MUI teu apaleun ka na Hadits sugan. Tapi cing teang deui sugan 
aya Hadits2 sejenna ? Bisi salah ? Da piraku sugan MUI ge gagabah ? punten kang 
ahmad Hazairin

--- On Fri, 12/4/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:


>From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
>Subject: [kisunda] Syiar Islam jeung Jahiliyah
>To: "[email protected]" <[email protected]>, 
>"[email protected]" <[email protected]>
>Received: Friday, 12 April, 2013, 8:16 AM
>
>
>  
>Syiar Islam jeung Jahiliyah
>==================
>
>http://nasional.kompas.com/read/2013/01/21/13404468/MUI.Sosialisaikan.Fatwa.Sunat.Perempuan
>
>http://www.republika.co.id/berita/nasional/umum/13/01/21/mgyrfq-mui-khitan-perempuan-ibadah-yang-dianjurkan
>
>
>Nu kumaha syariat atawa syiar islam mindeng pabaliut.  Adat arab anu geus 
>galib di dunia islam arab sok dianggap syariat islam.
>
>Sabara bulan katukang, MUI ngayakeun konsperensi press resmi pikeun ngalawan 
>anjuran ti Perserikatan Bangsa Bangsa (PBB) ngaliwatan badan WHO, anu keur 
>ngagalakeun kampanye pikeun nentang praktek nyunat (nyundatan) budak/bayi 
>awewe.  Praktek nyunatan bayi awewe geus jadi issue di masyarakat barat yen 
>eta teh praktek ngalanggar HAM anu dipraktekeun lolobana di benua Afrika.
>
>Tah MUI teh tegas pisan cenah urang
 kudu ngalawan eta propaganda WHO anu didukung ku nagara-nagara barat.  MUI 
ngajak urang mertahankeun syiar islam.
>
>Sim kuring kerung. Syiar islam ti mendi?
>Pan dina hadits na oge caritana kieu, siti Aisyah, bojo ngora kangjeng Nabi 
>Muhammad teh diutus ku kumpulan ibu-ibu harita (mun ayeu namah meureun 
>kumpulan ibu-ibu pangajian, atawa ibu-ibu PKK), pikeun nanyakeun ka kanjeng 
>Nabi kumaha perkara nyundatan bayi awewe masih meunang diteruskeun mangrupa 
>tradisi atawa henteu?  Memang saencan islam datang ngaliwatan kangjeng Nabi 
>teh geus lila jadi tradisi di arab (utamana arab baduy?) pikeun nyundatan bayi 
>awewe.  Tah kangjeng Nabi ngawaler: heug teu nanaon eta tradisi nyundatan bayi 
>awewe teh diteruskeun tapi aya syaratna, nyaeta clitoris (bade nyebat itil asa 
>jorang heu heu, naon atuh lemesna) teh teu meunang diteukteuk, tapi cukup 
>digores saeutik.  Saukur ngalaksanakeun tradisi.
>
>Tah pan jadi tina hadits oge urang jadi
 nyaho yen nyundatan bayi awewe teh teu sunat-sunat acan hukumna. Ngan 
dimeunangkeun, eta oge jeung syarat.  Lamun clitoris diteukteuk geus teu 
meunang. Haram.  Tah, ayeuna di masyarakat afrika praktek nyundatan bayi awewe 
beda-beda prak-prakanana. Aya nu diteukteuk clitoris tepikeun ka beak, aya 
diteukteuk sapotong, aya nu ngan ukur digores (nu terakhir ieu ngilu kana 
parentah/syarat ti kangjeng nabi meureun).
>
>Jadi ari WHO/PBB geus saluyu sabenerna jeung sikep kangjeng Nabi, kudu ngajaga 
>hak kaum awewe pikeun ngapimilik clitoris tanpa cacat.  Na tuh eta ari tetua 
>MUI kalahka ngomong kieu: "Salian ti syariat islam, nyundatan bayi awewe teh 
>pikeun ngajaga nafsu birahi awewe supaya bida dikendalikeun".  Beu.... 
>jahiliyah pisan tah pamikiran teh.  Hiji jahiliyah ku bodona, da teuing ti 
>mana eta aya paham nyundatan bayi awewe pikeun ngendalikeun birahi awewe.  Anu 
>kadua, naha birahi awewe bet kudu dikendalikeun jiga kitu?
 Asa jika ka kuda anu dikabiri wae atuh. Ari ketua MUI kumaha tah birahina? 
Bojo 2, 3, 4 resep teu?  Sami atuh sareng sim kuring resep mun boga 4 bojo, 
ngan kuring mah moal mampu meuruen heu heu heu....
>
>Pesan Moral (bae ah lain pesan akhlak ieu mah): tong sok ngapersetan budaya 
>non arab. bari nganggap syariah kana budaya arab baduy anu teuing ti mana 
>mimiti datangna oge.
>
>
>Wallahu'alam
>
>Febi Ahmad Hazairin
>===================
>
>
>
> 


 

Kirim email ke