Seuneu, sanes Seneu. manar
2013/4/30 Ahmad Hazairin <[email protected]> > ** > > > Taneuh, Seneu jeung Cahaya > ========================== > > Jaman kuno baheula unsur utama di dunya teh nyaeta taneuh, cai, angin > jeung seuneu. Boh dina kaelmuan, boh dina carita kasaktian silat anu bisa > manipulasi unsur teh nya manipulasi unsur nu opat eta: taneuh, cai, angin > jeung seneu. Sok jadi jurus silat ngagunakeun eta unsur, terus hiji > kelompok ngabogaan pangabisa ngendalikeun/ngamanipulasi salah sahiji unsur. > Terus pakuat-kuat. > > Tah, ari jaman ayeuna geus loba pisan pan unsur teh. Basa kuring di SMP > kudu diapalkeun ngaran-ngaran jeung golongan unsur aya 108. Teuing ayeuna > aya sabaraha loba, nu pasti gues nambahan. Sim kuring oge teu apal da lain > sakola jurusan kimia unsur. > > Coba bayangkeun lamun jaman baheula boh saencan jaman Masehi atawa di > abad-abad awal masehi, misalna aya jelema anu ceramah/khotbah kalawan > nerangkeun unsur kimia modern meureun moal aya nu ngarti. Moal nyambung. > Tapi jaman ayeuna oge lamun ngobrol jeung ahli kimia terus urang > ngomongkeun cai, misalna dipotong wae tah omongan urang teh ku ahli kimia: > ke heula, cai naon heula ieu teh, cai walungan, cai destilasi, cai alkohol, > cai uap, atawa cai nain. Heu heu cape ngobrolna oge moal tamat-tamat... > he.. he.. he.. > > Tah tulisan sim kuring di handap ieu anggap weh ieu mah pamikiran ringan. > Bahan obrolan ngadu bako (sim kuring mah teu ngaroko, jadi ngadu gehu weh > he.. he..). > > Ari seuneu, sifatna ngalentab, ngabakar, ngancurkeun. Jiwa anu gampang > amarah, jiwa anu gampang hasud jeung dengki, jiwa anu labil; poe ayeuna > kieu isukan kitu; ngalentab kaditu kadieu nyieun issue; eta jiga seneu. > Ari bangsa jin teh dijieun tina seneu. Geus kabayang meureunan tah karakter > bangsa jin jiga kumaha. Loba wadul jeung mancla mencle. Lamun sim kuring > nonton film Lord of The Ring atawa the Hobbit, aya tokoh wangsa Gollum anu > kepribadian nana peupeus (heu heu maksad teh 'splitted character'). Sim > kuring jadi sok inget kan wangsa jin. Meureun jiga kitu. Belegug pisan > jelema anu menta-menta ka wangsa jin. > > Ari cahaya, eta stabil pisan. Ku sabab eta media internet ayeuna loba > ngagunakeun 'optical media', misalnya serat fiber optic. Signal/pulse anu > dikirim lain deui strum, tapi cahaya ngalibatan serat fiber. Cahaya teu > kaganggu ku interferensi elektromagentik. Jadi stabil pisan, bisa ngarambat > sacepat kilat tur mawa informasi anu loba. Pokokna cahaya mah taat, teu > kaganggu ku interferensi elektromagnet. Makana coaxial cable loba diganti > ku fiber optik dina dunia information technology. Tah malaikat teh > diciptakeun dina cahaya. Jadi meureun kabayang sifat-sifat malaikat anu > taat teu goyah ku godaan. > > Eri manusa (Adam) diciptakeun tina taneuh. Taneuh mah bisa numbuhkeun > sisikian tur binih nu lian. Binih anu antel kana taneuh teur kacaian bisa > tumbuh subur jadi tatangkalan, bungbuahan, kekembangan. Taneuh > ngahasilkeun. Dina film Water World geningan dunya tilelep; taneuh teh jadi > berharga pisan. Kabeh jelema hayang manggihan dunia impian mangrupa > daratan. Taneuh teh sumber mineral. Naon anu kakubur dina taneuh bakal > diurai beak terus digunakeun deui pikeun kahirupan ku tatangkalan, terus ku > sato jeung manusa. Jadi taneuh boga potensi kahirupan anu gede lamun > dipiara, kacaian, teu diruksak. > > Tah janten sumangga upami tiasa janten bahan tafakur mudah-mudahan > manfaat. Upami teu berkualitas, nyuhungkeun maklumna weh panginten :) > > > Wallahu'alam > > Febi Ahmad Hazairin > =================== > > >
