heu heu kapanggih modal ku sing dudi...
sumuhun kang, kapunggkur waktos nuju kuliah ngeunaan jaringan fiber optic 
sareng optical media sanesna, sim kuring kataji pisan tah ku sifat-sifat fisika 
cahaya teh. Janten weh emut deui kana pangajaran di madrasah kapungkur yen 
malaikat teh diciptakeun tina cahaya. Janten paguneman tah sim kuring: oh 
pantesan atuh malaikat mah lempeng pisan tara nyieun dosa da teu kapangaruhan 
ku inferensi godaan dosa (inferensi elektromagnet heu heu).  Tah, ari perkawis 
seuneu sareng taneuh, nya dipaspaskeun weh ku sim kuring supados jin jeung 
manusa kabawa dina carita he.. he.. he..

Wassalaamu'alaikum 


Febi Ahmad Hazairin
===============



________________________________
 Von: dudi <[email protected]>
An: [email protected] 
Gesendet: 12:18 Mittwoch, 1.Mai 2013
Betreff: Re: [kisunda] Taneuh, Seneu jeung Cahaya
 


  
deuh bener, luar biasa si akang febi. pasti film kameumeutna "si aang, si 
tukang hitut, eh angin pang burina" heuheuheu.

nambihan sakedik, kangge sifat seuneu. nyaeta: ngamurnikeun sababara logam. 
salahsahijina bijih emas kedah dibeuleum sangkan janten emas nu murni. janten 
seuneu henteu wae jore, tapi oge mangpaat pisan...


ngeunaan cahaya jeung fiber optik mah nyanggakeun ka akang, da ahlina si akang 
mah

:)




2013/4/30 Ahmad Hazairin <[email protected]>

 
>  
>Taneuh, Seneu jeung Cahaya
>==========================
>
>Jaman kuno baheula unsur utama di dunya teh nyaeta taneuh, cai, angin jeung 
>seuneu.  Boh dina kaelmuan, boh dina carita kasaktian silat anu bisa 
>manipulasi unsur teh nya manipulasi unsur nu opat eta: taneuh, cai, angin 
>jeung seneu.  Sok jadi jurus silat ngagunakeun eta unsur, terus hiji kelompok 
>ngabogaan pangabisa ngendalikeun/ngamanipulasi salah sahiji unsur. Terus 
>pakuat-kuat.
>
>Tah, ari jaman ayeuna geus loba pisan pan unsur teh. Basa kuring di SMP kudu 
>diapalkeun ngaran-ngaran jeung golongan unsur aya 108. Teuing ayeuna aya 
>sabaraha loba, nu pasti gues nambahan. Sim kuring oge teu apal da lain sakola 
>jurusan kimia unsur.
>
>Coba bayangkeun lamun jaman baheula boh saencan jaman Masehi atawa di 
>abad-abad awal masehi, misalna aya jelema anu
 ceramah/khotbah kalawan nerangkeun unsur kimia modern meureun moal aya nu 
ngarti. Moal nyambung.  Tapi jaman ayeuna oge lamun ngobrol jeung ahli kimia 
terus urang ngomongkeun cai, misalna dipotong wae tah omongan urang teh ku ahli 
kimia: ke heula, cai naon heula ieu teh, cai walungan, cai destilasi, cai 
alkohol, cai uap, atawa cai nain. Heu heu cape ngobrolna oge moal 
tamat-tamat... he.. he.. he..
>
>Tah tulisan sim kuring di handap ieu anggap weh ieu mah pamikiran ringan. 
>Bahan obrolan ngadu bako (sim kuring mah teu ngaroko, jadi ngadu gehu weh he.. 
>he..).
>
>Ari seuneu, sifatna ngalentab, ngabakar, ngancurkeun. Jiwa anu gampang amarah, 
>jiwa anu gampang hasud jeung dengki, jiwa anu labil; poe ayeuna kieu isukan 
>kitu; ngalentab kaditu kadieu nyieun issue; eta jiga seneu.  Ari bangsa jin 
>teh dijieun tina seneu. Geus kabayang meureunan tah karakter bangsa jin jiga 
>kumaha. Loba wadul jeung mancla mencle. Lamun sim kuring nonton film Lord
 of The Ring atawa the Hobbit, aya tokoh wangsa Gollum anu kepribadian nana 
peupeus (heu heu maksad teh 'splitted character'). Sim kuring jadi sok inget 
kan wangsa jin. Meureun jiga kitu.  Belegug pisan jelema anu menta-menta ka 
wangsa jin.
>
>Ari cahaya, eta stabil pisan. Ku sabab eta media internet ayeuna loba 
>ngagunakeun 'optical media', misalnya serat fiber optic. Signal/pulse anu 
>dikirim lain deui strum, tapi cahaya ngalibatan serat fiber. Cahaya teu 
>kaganggu ku interferensi elektromagentik. Jadi stabil pisan, bisa ngarambat 
>sacepat kilat tur mawa informasi anu loba. Pokokna cahaya mah taat, teu 
>kaganggu ku interferensi elektromagnet. Makana coaxial cable loba diganti ku 
>fiber optik dina dunia information technology.  Tah malaikat teh diciptakeun 
>dina cahaya.  Jadi meureun kabayang sifat-sifat malaikat anu taat teu goyah ku 
>godaan.
>
>Eri manusa (Adam) diciptakeun tina taneuh.  Taneuh mah bisa numbuhkeun 
>sisikian tur
 binih nu lian. Binih anu antel kana taneuh teur kacaian bisa tumbuh subur jadi 
tatangkalan, bungbuahan, kekembangan.  Taneuh ngahasilkeun. Dina film Water 
World geningan dunya tilelep; taneuh teh jadi berharga pisan. Kabeh jelema 
hayang manggihan dunia impian mangrupa daratan. Taneuh teh sumber mineral. Naon 
anu kakubur dina taneuh bakal diurai beak terus digunakeun deui pikeun 
kahirupan ku tatangkalan, terus ku sato jeung manusa. Jadi taneuh boga potensi 
kahirupan anu gede lamun dipiara, kacaian, teu diruksak.
>
>Tah janten sumangga upami tiasa janten bahan tafakur mudah-mudahan manfaat. 
>Upami teu berkualitas, nyuhungkeun maklumna weh panginten :)
>
>
>Wallahu'alam
>
>Febi Ahmad Hazairin
>===================
>

 

Kirim email ke