Tiasa berhasil lamun kecap "kumaha nu di bendo" leungitkeun tina uteuk jeung 
mental urang sunda.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Abbas Amien <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 17 May 2013 21:19:15 
To: kisunda<[email protected]>; urangsunda<[email protected]>; 
<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Urang Sunda katinggaleun

Urang Sunda upamana ayeuna nyieun hiji Partey nu maksudnaa bakal GO Nasional 
... can nanaon geus dicuriga provinsialisme ! Beda jeung urang Jawa ngadirikeun 
Partey; hamo aya nu curiga; tetep we ditarima sabage Nasionalis !
Tah Amien Rais nyoba ngadirikeun Partey Islam tapi hayang dianggap Nasionalis 
saperti PAN; tapi gagal !

Komo atuh Urang Sunda mah, nu geus katinggaleun start ti bareto keneh.
Kuduna ti baheula urang teh boga Kader2 nu siap di na sagala widang. Nyorowok 
di Kaler; tapi sorana aya di Kidul. Mun ti baheula ulah aya Partey nu bau2 
provinsialisme; Partey nu dipimpin ku Urang Sunda bakal maju ! Nu penting Kader 
Sundana kuat !

Tapi kanyataanana lain kitu; urang mah transparan pisan BUKA Kartu; atuh 
sakeudeung ge gancang diantisipasi bisi ngabahayakeun. Nepi ka Pak Oto pupus. 
Nya teu ninggalkeun KADER hiji2 acan.

Coba mun baheula misalna ngadirikeun Partai Sosial Demokrat bari kaderna US 
wungkul ! Tah meureunan maranehna kampanye sacara Nasional, bari teu dicuriga 
Provinsialisme ! Kudu bisa mawa diri di na kampanye ka kampung2.

Mun Lobiying meureun nya sautak saeutik ka urang lembur majukeun ki Sunda ! 
Tapi ari kaluar mah corowokna Nasionalis ! Ieu bisa kahontal mun urang boga 
Kader2 US nu lumayan SOLID ! Tapi sigana nepi ka ayeuna ge NOL BADAG. Nu matak 
nya wayahna we US mah kuma dialasanana we; ulah geruh.

Tapi keukeuh urang kudu RIBUT ari ka na KKN mah ulah cicingeun.

Euweuh atawa teu boga KADER urang mah.

PDIP mah hebat pisan ! Nepi ka lamun di Balikpapaan mah; aya nu nganggap PDIP 
teh Partai Urang Jawa. Jadi urang Jawa der panatik pisan, yen keur UJ mah lain 
Ustadz Jefri; hiji2na pilihan euweuh deui salian ti PDIP ! Tapi teu kabeh urang 
Jawa milih PDIP; nya loba oge asup ka Golkar.

Saha nu asup Partey Islam ? Eta mah nu Islamna kuat. Atawa kuat kaislamanana.
Nepi ka Nganggap laamun umat Islam teu milih Partey Islam eta geus ngalakukeun 
kasalahan gede. ataawa DOSA !


Kirim email ke