Urang Sunda upamana ayeuna nyieun hiji Partey nu maksudnaa bakal GO Nasional ... can nanaon geus dicuriga provinsialisme ! Beda jeung urang Jawa ngadirikeun Partey; hamo aya nu curiga; tetep we ditarima sabage Nasionalis ! Tah Amien Rais nyoba ngadirikeun Partey Islam tapi hayang dianggap Nasionalis saperti PAN; tapi gagal !
Komo atuh Urang Sunda mah, nu geus katinggaleun start ti bareto keneh. Kuduna ti baheula urang teh boga Kader2 nu siap di na sagala widang. Nyorowok di Kaler; tapi sorana aya di Kidul. Mun ti baheula ulah aya Partey nu bau2 provinsialisme; Partey nu dipimpin ku Urang Sunda bakal maju ! Nu penting Kader Sundana kuat ! Tapi kanyataanana lain kitu; urang mah transparan pisan BUKA Kartu; atuh sakeudeung ge gancang diantisipasi bisi ngabahayakeun. Nepi ka Pak Oto pupus. Nya teu ninggalkeun KADER hiji2 acan. Coba mun baheula misalna ngadirikeun Partai Sosial Demokrat bari kaderna US wungkul ! Tah meureunan maranehna kampanye sacara Nasional, bari teu dicuriga Provinsialisme ! Kudu bisa mawa diri di na kampanye ka kampung2. Mun Lobiying meureun nya sautak saeutik ka urang lembur majukeun ki Sunda ! Tapi ari kaluar mah corowokna Nasionalis ! Ieu bisa kahontal mun urang boga Kader2 US nu lumayan SOLID ! Tapi sigana nepi ka ayeuna ge NOL BADAG. Nu matak nya wayahna we US mah kuma dialasanana we; ulah geruh. Tapi keukeuh urang kudu RIBUT ari ka na KKN mah ulah cicingeun. Euweuh atawa teu boga KADER urang mah. PDIP mah hebat pisan ! Nepi ka lamun di Balikpapaan mah; aya nu nganggap PDIP teh Partai Urang Jawa. Jadi urang Jawa der panatik pisan, yen keur UJ mah lain Ustadz Jefri; hiji2na pilihan euweuh deui salian ti PDIP ! Tapi teu kabeh urang Jawa milih PDIP; nya loba oge asup ka Golkar. Saha nu asup Partey Islam ? Eta mah nu Islamna kuat. Atawa kuat kaislamanana. Nepi ka Nganggap laamun umat Islam teu milih Partey Islam eta geus ngalakukeun kasalahan gede. ataawa DOSA !
