Seuneu, Menhir, Dolmen, Mizpah
==============================

Di daratan Eropa loba dipanggihan tihang batu anu disebut menhir.
Ari diaranan menhir meureun lain ti dituna, tapi nya diaranan ku ilmuwan jaman 
modern.
Kecap menhir cenah mah tina bahasa Prancis, ari 'men' artina batu, ari 'hir' 
artina panjang atawa jangkung. Jadi menhir teh artina batu panjang atawa batu 
jangkung.

Salain menhir oge loba dipanggihan wangunan batu anu diaranan dolmen, nyaeta 
wangunan tina batu anu disusun saperti meja.  Sabenerna tepikeun ka ayeuna para 
ilmuwan teu nyaho pasti saha anu ngawangun eta dolmen jeung menhir teh. Oge teu 
apal pasti jangnaon  tujuan eta dolmen jeung menhir diwangun.  Tapi ngan ukur 
kira-kira para ilmuwan yen eta wangunan dolmen jeung menhir teh diwangun pikeun 
tujuan ritual, kaagamaan atawa sesembahan.

Awalna menhir jeung dolmen teh diperkirakeun asalna ti jaman akhir neolitikum 
rek asup ka jaman perak.  Tapi beh dieu para ilmuwan mastikeun yen menhir jeung 
dolmen teh loba anu asalna ti jaman megalitikum. Anu ahengna deui menhir jeung 
dolmen teh dipanggihan lain gan wungkul di daratan eropa, tapi oge di daerah 
lain saperti mesir, iran, india jeung tangtuna indonesia.

Tah kumaha eta budaya ngawangun dolmen jeung menhir bisa nyebar ka sakuliah 
dunya? Na enya asalna ti hiji tempat geus aya budaya ngawangun dolmen jeung 
menhir terus jelema nyebar mawa eta budaya ka sakuliah dunya? Atawa memang 
jelema teh sacara religius boga 'ilham' anu sarua yen pikeun nandakeun pamujaan 
ka Gusti Anu Maha Suci teh ditandaan ku wangunan saperti menhir? Terus lamun 
nyieun sesembahan saperti meuncit domba/sapi atawa hasil panen dilakukeun di 
hareupeun dolmen?  Naha mungkin eta ilham anu sarua 'diilhamkeun' atawa 
'diwahyukeun' ka sakumna jelema di dunya anu tempatda beda-beda?

Sim kuring pernah nonton pilem dokumenter ngeunaan dipanggihana kagunaan seuneu 
ku jelema saencan homo sapiens. Pan awal na mah primata jiga monyet teh meureun 
can bisa ngagunakeun seuneu pikeun ngaasakan kadaharan atawa pikeun 
ngahaneutkeun sakuriling nyieun hawu/api unggun. Tah anu aheng teh, para 
ilmuwan manggihan yen titinggalan sajarah ayana kagunaan seuneue dina kahirupan 
primata saencan homo sapiens teh di wilayah dunya anu beda-beda teh tapina 
jamana dareukeut (dina jarak waktu/jaman anu sarua).  Jadi jiga aya gejala 
'ilham' pikeun nundukeun seuneu jeung ngagunakeun pikeun kaperluan sapopoe ka 
makhluk hirup jiga jelema (saencan moho sapiens) di sawilayah dunya dina jarak 
waktu deukeut/sarua.

Kuring jadi mikir dina Al-Quran teh sababaraha kali disebut yen ka tiap kaum di 
dunya teh pasti pernah diutus nabi/rasul anu mawa pituduh ti Gusti nu Maha 
Suci. Tah meureun nyebarna kagunaan seuneu, wangunan menhir jeung dolmen, oge 
ditarima ku manusa (atawa manusa saencan homo sapiens) di tiap-tiap tempat di 
sakumna wilayah dunya ieu.

Ari mizpah naon tah?
Eta sim kuring basa keur kuliah resep pisan debat jeung pendeta. Jadi sim 
kuring rajin macaan kitab perjanjian lama jeung perjanjian baru. Oge 
sumber-sumber lian ngeunaan agama ibrahim (yahudi, kristen, islam). Disebutkeun 
yen Ibrahim teh kapala suku nomaden. Diperkirakeun yen Ibrahim teh mimpin 
kaumna pipindahan (nomaden) ti hiji tempat ka tempat lain, neangan tempat anu 
hade pikeun ternak domba jeung nu lianna. Kaum Ibrahim jumlahna bisa ratusan, 
jadi sakali pindah teh ngadangdaleut kabayang terus lamun manggih tempat anyar 
marasang tenda. Disebutkeun oge yen Ibrahim sok ngajalin kerja sama jeung 
pangawasa satempat samisal raja-raja atawa tuan tanah anu deukeut lokasina 
jeung pamukinan kaum Ibrahim.

Tah, oge kasebut, kulantaran sok pipindahan, di tiap tempat anyar Ibrahim sok 
nyieun tempat pamujaan atawa tempat ibadah anu dicirian ku batu nangtung. Eta 
batu teh sok diminyakan. Lamun pindah tempat kadang sok dibawa pindah, 
ditempatkeun di tempat anyar. Eta batu teh kulantaran diminyakan mangtaun-taun 
bisa nepikeun ka hideung warnana. Tah ceuk ahli sajarah taurat mah eta batu teh 
disebut mispa, atawa mizpah/mizpeh ceuk bahasa ibrani yahudi mah. Ari harti 
kecap mizpeh dina bahasa ibrani teh nyaeta 'iketan janji'. Bisa artina iketan 
janji manusa jeung Gusti nu Maha Suci. Tapi oge sok dipake dina iketan 
janji/sumpah manusa anu hirup ka jelema anu geus maot, misalnya luluhurna.

Basa Ibrahim ngalongok Ismail anu geus mukim di daerah arab, oge Ibrahim 
ngawangun tempat ibadah bareng jeung Ismail. Eta tempat ibadah oge diwangun 
tina batu. Eta tempat pamujaan teh ayeuna disebut Ka'bah. Wangunan segi opat 
tina batu. Ari baheula na mah cenah teu persis jiga wangunan Ka'bah ayeuna. 
Meureun geus direstorasi sababara kali jadi jiga anu ayeuna.

Ieu tema teh menarik pisan pikeun sim kuring, yen dina sajarah manusa teh aya 
ciri religius. Manusa yakin aya pangawasa dunya (jeung akherat) anu nangtukeun 
bagja jeung cilaka kahirupan manusa. Pikeun ngajalin hubungan jeung pangawasa 
eta, manusa sok ngawangun tembat ibadah. Budaya jiga kieu teh meureun nyebar ka 
sakumna manusa di dunya ku cara-cara anu teu persis sarua tapi oge loba saruana.

Anu dibewarakeun dina Al-Quran ampir kabeh yen nabi jeung rasul teh tina 
katurunan Ibrahim. Tapi ceuk Al-Quran oge yen kabeh kaum geus kungsi dikirim 
utusan (rasul) ti Gusti nu Maha Suci. Jadi pastina oge di india, di tatar sunda 
kuno, oge teu mustahil geus loba utusan anu dikirim ku Gusti nu Maha Suci. Nya 
ngarana moal nabi atawa rasul meureun da eta mah kecap tina bahasa arab. 
Pastina oge aya ngaran lainna. Atawa oge teu perlu diaranan.

Ngan hanyakal masalah nu kieu teh sok digampangkeun dina pangajaran agama teh. 
Kulantaran urang geus ngagem agama Islam misalna, sok aya kacenderungan 
ngajejeleh budaya agama lian. Sok nyeungseurikeun budaya agama kuno. Padahal 
dina jamana aya rasulna masing-masing, artina aya syareat masing-masing anu teu 
bisa dihakiman ku pamikiran atawa cara pandang urang ayeuna. Urang kudu 
neuleman ku cara pandang dina jamana masing-masing (sewang-sewangan?).  Tah 
pikeun muka wawasan anak incu urang, perlu pisan urang ngabogaan guru-guru 
agama anu wawasana lega, jero batinna. Lain ngan saukur guru agama anu geus 
tamat diajar agama sacara tekstual terus teu ngahargaan budaya lian. Padahal 
urang kudu ningali sakabeh budaya teh saperti citra-na gusti nu maha suci.

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================

Kirim email ke