Ari ceuk pamanggih sim kuring mah gampilna weh: ti jaman kuno ari batu teh aya di mana-mana tur kuat/tahan pikeun waktu lila. Jadi lamun nandaan nanaon teh (prasasti) nya make batu. Ari anu nyuncung atawa jangkung teh arahna ka luhur. Ari luhur teh nunjuk ka langit anu ngawakilan tempat malaikat/para dewa.
Upami teori dewi kasuburan atanapi parabot genital mah memang oge tos dikenal dina sababaraha budaya kuno. Eta oge salah sahiji anu dicaram ku para nabi yahudi teh, kabiasaan para rahib yahudi kuno anu sok ngayakeun ritual pesta sex di tempat-tempat ibadah. Budaya ritual kitu teh cenah kapangaruhan ku budaya sakuriling yerusalem harita. Tah komo lamun disambungkeun jeung teori psikologi Freud mah anu sagala motifasi jelema teh disambungkeun jeung motifasi seksual. mj: "Cenah kesadaran religious paling tinggi manusa aya atawa karasa mun keur sapatemon" Sapamanggih sim kuring, roh manusa anu ditiupkeun kada diri urang ku Gusti nu Maha Suci teh sifatna bersih. Bisa jadi kotor kulantaran aya polusi persepsi. Ari persepsi teh akibat aya asupan panca indra. Tah salila panca indra urang aktif ngarespon dunia luar eta artina persepsi sibuk terus. Lamun sibuk terus persepsi jeung pikiran teh hese fokus. Kulantaran hese fokus nya hese karasa kasadaran religius. Saenggeus jelema sapatemon, aya sababaraha hiji hawa nafsu kasalurkeun. Jelema ngarasa rileks, teu loba pikiran. Jang waktu anu samentara mah teu loba tuntutan persepsi panca indra, pan geus kapuaskeun ngaliwatan pasatemon tea. Jadi dina waktu eta manusa ngarasa gampang fokus. Tah dina agama pan aya anu ngarana hawa nafsu. Asupna hawa nafsu teh tina panca indra. Kulantaran eta aya ritual agama pikeun nundukeun kagiatan panca indra. Dina kabeh agama. Misalna aya puasa, aya sholat. Eta tih pikeun ngendalikeun hawa nafsu jeung jalan-jalan tempat asupna (panca indra). Lamun urang bisa ngalatih pikeun bisa leupas tina pangaruh panca indra kadituna bakal bisa fokus. Oge tanguna fokus dina kasadaran ritual. Panca indra teh loba nipu. Buktina: hiji fakta bisa rebuan persepsi. Misalna aya angin ngahiliwir, eta fakta. Ceuk saurang karasa tiris, ceuk saurang karasa seger. Oge awewe ieu geulis, lalaki itu kasep, tapi ceuk nu lian eta teu geulis teu kasep. Padahal faktana (objena) sarua. Eta cingcirining persepsi panca indra teh loba nipu. Lamun urang bisa ngendalikeun panca indra, bakal gampang manggihan realitas asli. Ari anu ngagaduhan realitas asli teh Gusti Anu Maha Suci. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin =============== ________________________________ Von: mj <[email protected]> An: [email protected] Gesendet: 13:55 Mittwoch, 29.Mai 2013 Betreff: Spam RE: [Urang Sunda] Seuneu, Menhir, Dolmen, Mizpah Kudu noong ti jurusan antropologi, sigana kapanggih. Urang tambahan make jurus saka-inget Naon sababna, unggal komunitas purba nyarieun menhir-dolmen. Kitu deui beh dieu, piramid atawa tempat ibadah/muja/ cara candi nu mangrupa pyramid? Menhir jeung dolmen, di basa sansakerta mah lingga jeung yoni tea. Tah ilhamna mah ti dinya, ti parabot reproduksi manusa. Dalah monas oge ideuna ti dinya, dihijikeun cenah monas mah, lingga jeung yonina. Ari sababna mah sigana manusa baheula apal yen alatan parabot reproduksi eta, manusa bisa terus aya, nya jadi sarupaning lambang kasuburan utamana pikeun ‘hidup manusa berkelanjutan’tea. Wkwkwkw. Meureun oge, jadi tanda aya kahirupan, aya manusa. Cenah kesadaran religious paling tinggi manusa aya atawa karasa mun keur sapatemon. Kwkwkw. Aya teori “proyeksi organ” nu netelakeun yen paparabotan nu dijarieun ku manusa mangrupa perpanjangan, tiruan atawa kailhaman ku anggota badan manusa. Cara sendok, atawa garpu, ti ramo jeung ti dampal ramo dirapetkeun. Pyramid atawa rupa juru tilu kitu tiruan ti gunung. Gunung pan jangkung, katembongna nepi ka langit. Tah sakadang gunung eta dijadikeun we lambang/jambatan simbolis pikeun nepikeun kahayang manusa kaasup dijadikeun kuburan jasad nu maot sangkan rohna nepi ka langit. Kamajuan peradaban manusa geus sanggup niru gunung nya pyramid eta, atawa candi. Ti Aztec, mesir, india, jawa/Borobudur, garis badagna mah mangrupa pyramid, juru tilu, teu beda inspirasina mah ti rupa bale cungcung. Suhunan nu niru rupa gunung. From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Ahmad Hazairin Sent: Thursday, May 30, 2013 1:21 PM To: [email protected]; [email protected] Subject: [Urang Sunda] Seuneu, Menhir, Dolmen, Mizpah Seuneu, Menhir, Dolmen, Mizpah ============================== Di daratan Eropa loba dipanggihan tihang batu anu disebut menhir. Ari diaranan menhir meureun lain ti dituna, tapi nya diaranan ku ilmuwan jaman modern. Kecap menhir cenah mah tina bahasa Prancis, ari 'men' artina batu, ari 'hir' artina panjang atawa jangkung. Jadi menhir teh artina batu panjang atawa batu jangkung. Salain menhir oge loba dipanggihan wangunan batu anu diaranan dolmen, nyaeta wangunan tina batu anu disusun saperti meja. Sabenerna tepikeun ka ayeuna para ilmuwan teu nyaho pasti saha anu ngawangun eta dolmen jeung menhir teh. Oge teu apal pasti jangnaon tujuan eta dolmen jeung menhir diwangun. Tapi ngan ukur kira-kira para ilmuwan yen eta wangunan dolmen jeung menhir teh diwangun pikeun tujuan ritual, kaagamaan atawa sesembahan. Awalna menhir jeung dolmen teh diperkirakeun asalna ti jaman akhir neolitikum rek asup ka jaman perak. Tapi beh dieu para ilmuwan mastikeun yen menhir jeung dolmen teh loba anu asalna ti jaman megalitikum. Anu ahengna deui menhir jeung dolmen teh dipanggihan lain gan wungkul di daratan eropa, tapi oge di daerah lain saperti mesir, iran, india jeung tangtuna indonesia. Tah kumaha eta budaya ngawangun dolmen jeung menhir bisa nyebar ka sakuliah dunya? Na enya asalna ti hiji tempat geus aya budaya ngawangun dolmen jeung menhir terus jelema nyebar mawa eta budaya ka sakuliah dunya? Atawa memang jelema teh sacara religius boga 'ilham' anu sarua yen pikeun nandakeun pamujaan ka Gusti Anu Maha Suci teh ditandaan ku wangunan saperti menhir? Terus lamun nyieun sesembahan saperti meuncit domba/sapi atawa hasil panen dilakukeun di hareupeun dolmen? Naha mungkin eta ilham anu sarua 'diilhamkeun' atawa 'diwahyukeun' ka sakumna jelema di dunya anu tempatda beda-beda?
