Surah-surah awal Al-Baqarah saena ditingali dina konteks ti ayat 2 dugi ka ayat 
29. Nyaeta ngabandingkeun antara jalmi anu taqwa sareng jalmi anu ingkar 
(kufur), sareng oge anu munafik.  Kumaha sifat-sifat jalmi taqwa sareng kumaha 
sifat jalmi anu kufur, oge kumaha ciri-ciri jalmi munafik.

Mangga ditingal ayat 8: "Aya di antara manusa anu ngaku: kuring iman ka Allah 
jeung poe akhir (akherat), padahal hate maranehna teu iman-iman acan".
(Wa minannaasi mayyaquulu aamanna billaahi wabilyaumil aakhiri wa maa hum 
bimu'miniin).

Tah ayat 5 "Wa Bil Aakhirati Hum Yuuqinuun" teh kedah disambungkeun oge sareng 
ayat 8 eta makna na.

Tapi sapertos anu tos disinggung ku sim kuring sateuacana, nafsirkeun Quran teh 
kedah tebih tina hawa napsu. Salah sawios hawa napsu teh nyaeta tos gaduh 
target sateuacana napsirkeun Quran. Janten sanes bade nuturkeun Quran, tapi 
ngusahakeun Quran janten legitimasi kapercayaan nu tos aya dina 
pikiranana/hatena.


"Wa Bil Aakhirati Hum Yuuqinuun", sok ditafsirkeun ku baraya ti aliran 
Ahmadiyah kanggo legitimasi yen bakal aya wahyu deui saatos Al-Quran, nyaeta 
wahyu anu diturunkeun ka Mirza Ghulam Ahmad.

"Wa Bil Aakhirati Hum Yuuqinuun", sok ditafsirkeun ku baraya Syi'ah benten 
deui, sanes wahyu, tapi sosok jalmi di akhir jaman, nyaeta Imam anu ghaib anu 
bakal muncul di akhir zaman.

Janten katingali eta ayat tiasa dijantenkeun legitimasi kapercayaan nu tos aya 
dina pikiran sareng kapercayaan. Ari saran ti sim kuring anu dhaif mah, mangga 
geura ditafsirkeunana dina rarangka ayat 2-29, nyaeta ngabandingkeun 
sifat-sifat jalmi taqwa, kafir, sareng munafik. Ari jalmi kafir teh sok 
nangtang yen saurna hari akhir teh moal aya. Janten ditegeskeun tipayun yen 
jalmi anu taqwa mah percanten kana hari akhir teh. Jalmi munafik mah pura-pura 
percanten padahal hatena mah henteu.

Pan janten aneh pisan lamun ku urang dirobah:
Jalmi kafir mah teu percanten kana wahyu anu bakal turun di akhir jaman 
(saenggeus Quran). Ari jalmi taqwa mah percanten ka wahyu di akhir jaman. Ari 
jalmi munafik mah pura-pura percaya kana wahyu di akhir jaman tapi hatena mah 
henteu.

Ieu oge bakal janten aneh pisan:
Jalmi kafir mah teu percanten kana imam di akhir jaman anu ayeuna keur ghaib. 
Ari jalmi taqwa mah percanten ka imam akhir jaman anu ayeuna keur ghaib. Ari 
jalmi munafik mah pura-pura percaya kana sosok imam di akhir jaman anu ayeuna 
keur ghaib, padahal hatena mah teu percaya.

Tah janten, hayu urang nyuhungkeun pituduh ka Gusti Nu Maha Suci. Upami eta Wa 
Bil Aakhirati Hum Yuuqinuun teh penting pisan, pastina oge disebat-sebat deui 
dina ayat-ayat sanesna. Sok geura pilari ari "akhirati" dina ayat-ayat sanes 
maksadna naon. Da maenya aya pesan-pesan rahasiah anu nyelip ngan hiji, teras 
teu aya sambunganana.


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
==============




________________________________
 Von: Abbas Amien <[email protected]>
An: [email protected]; kisunda <[email protected]> 
Gesendet: 13:52 Dienstag, 11.Juni 2013
Betreff: Re: [Urang Sunda] Tapsir Qur_an Basa Sunda ka-4
 


  
Alhamdulillah, kang Yadi sae pisan mairanana. Sok diantos mairan2 engkena; 
mairan nu dijelaskeun ayeuna' oge min qablikaa; atanapi minbadika ! Hahahaha 
ieu panginten nu disebat wa bil akhiraati hum yuuqinuun; ku kang Yedi teh 
sabada.

Hahahaha ... leres arileresna mah yen yaumil akhir teh barang ghaib. Tapi ku 
urang ulah waka sagala disebut heula; masalahna taqdir ge kapan ghaib oge. 
Waktu oge gahib oge; carita2 na Qur_an sadalaah eusi Qur+anna ge masih ghaib. 
Ari pamendak si abah mah, maning ge buil Ghaaibi diwatesan heula dugi ka Allah, 
Malaikat, Iblis, Jin; jadi wujud jirim; ulah ka na SAAT atawa WAKTU.

Tah upami kitu; neuleuman tungtung ayat ka 5 teh nya eta. Maranehna yakin pisan 
ka na poe akhir; atawa alam akhirat.

Wa bil Aaaakhirati Hum yuuqinuun. 
Bi Al Akhiraati = ka na Alam akhirat
Leres ari lebetna mah ka na ayat nu nuju
 nerangkeun Risalah nu diturunkeun; tapi tungtung ayat ieu cek abah mah teu aya 
hubunganana sareng Wahyu nu diturunkeun. Yen engke isuk janganing geto bakal 
aya WAHYU akhir !??? Na hal ieu abah teu sapuk.
Ieu mah panutup tinaa katerangan ngajelaskeun jelema takwa. Yen salian ti 
percaya kaana risalah nu ayeuna dibikeun jeung nu geus dibikeun samemehna. 
Maranehna oge yakin pisan kaa na poe AKHIRAT. 

Kitu manawi kang Wendy. Duka taah pamadegaan kang Wendy napsirkeun ayat ieu 
kumaha ?

Wassalam..

--- On Tue, 11/6/13, YADI supriadi wendy <[email protected]> wrote:


>From: YADI supriadi wendy <[email protected]>
>Subject: Re: [Urang Sunda] Tapsir Qur_an Basa Sunda ka-4
>To: [email protected]
>Received: Tuesday, 11 June, 2013, 5:24 AM
>
>
>  
>On 2013-06-11 09:44, Abbas Amien wrote:
>> Ayeuna urang teruskeun deui.
>>
>> Saterusna ayat 4. Walladziina yu_minuuna bimaa unzila ilaika wa maa
>> unzila min qablik. Wa bil Aakhirati hum yuu qinuun.
>>
>> Wa = jeung; ladziina = nerangkeun manusa takwa tadi yu_minuuna =
>> ngayakinkeun atawa iman; bimaa = ka na ; unzila = nu diturunkeun ;
>> ilaika = ka maneh ( Muhammad ); min qablika = saacan maneh ( Muhammad
>> )
>>
>> Jadi cenah ciri jelema takwa teh ngiman atawa percaya ka na risalah2
>> nu diturunkeun ku Allah; boh nu ayeuna boh nu bareto saacan Nabi
>> Muhammad. Jeung maranehna percaya pisan bakal ayana poe akhir.
>>
>>
>Hatur nuhun Ki Abbas,
>
>Pami ningal jejerna mah "ka-4", ari ka-3-na mana?
>Tapi da geuning nyambung, mung rupina lepat nyerat bae.
>
>Salajengna Ki Abbas, aya pemendak ngeunaan tarjamah ayat-ayat ieu.
>Eta nu aya pakaitna sareng tanda-tanda jalma nu takwa.
>
>Dina ayat sateu acanna disebat percaya ka nu gaib, di antawis nu gaib 
>teh
>kalebet "aherat", saluyu panginten nya...? Tapi dina ayat nu ieu, naha 
>"aherat' bet
>disebat deui nya...? Moal aya maksad sanes kitu?
>
>Cobi urang tingali deui, tina kawit "unzila ilaika....."
>bimaa unzila ilaika
>wa maa unzila min qablik
>wa bil Aakhirati hum yuu qinuun
>
>Pami dibenjer-beaskeun mah kieu geura;
>
>percaya kana hal nu DITURUNKEUN ka maneh
>percaya kana hal nu DITURUNKEUN ka samemeh maneh
>percaya oge kana hal nu DITURUNKEUN engke di ahir!
>(kana hal nu DITURUNKEUN engke di ahir oge manehna yakin)
>
>Naha teu heded eh hade tah, estu mani murwakanti. Eta deuih aya wa top,
>ngeceskeun aya kasaruan jejer, nyaeta "nu DITURUNKEUN".
>
>Rupina kitu pamendak, bade ngiring mijah we...
>
>-- 
>--
>Wassalam,
>
>Yadi Supriadi Wendy
>.: dikirim ku kadeudeuh :.
> 
 

Kirim email ke