Alhamdulillah, kang Yadi sae pisan mairanana. Sok diantos mairan2 engkena; mairan nu dijelaskeun ayeuna' oge min qablikaa; atanapi minbadika ! Hahahaha ieu panginten nu disebat wa bil akhiraati hum yuuqinuun; ku kang Yedi teh sabada.
Hahahaha ... leres arileresna mah yen yaumil akhir teh barang ghaib. Tapi ku urang ulah waka sagala disebut heula; masalahna taqdir ge kapan ghaib oge. Waktu oge gahib oge; carita2 na Qur_an sadalaah eusi Qur+anna ge masih ghaib. Ari pamendak si abah mah, maning ge buil Ghaaibi diwatesan heula dugi ka Allah, Malaikat, Iblis, Jin; jadi wujud jirim; ulah ka na SAAT atawa WAKTU. Tah upami kitu; neuleuman tungtung ayat ka 5 teh nya eta. Maranehna yakin pisan ka na poe akhir; atawa alam akhirat. Wa bil Aaaakhirati Hum yuuqinuun. Bi Al Akhiraati = ka na Alam akhirat Leres ari lebetna mah ka na ayat nu nuju nerangkeun Risalah nu diturunkeun; tapi tungtung ayat ieu cek abah mah teu aya hubunganana sareng Wahyu nu diturunkeun. Yen engke isuk janganing geto bakal aya WAHYU akhir !??? Na hal ieu abah teu sapuk. Ieu mah panutup tinaa katerangan ngajelaskeun jelema takwa. Yen salian ti percaya kaana risalah nu ayeuna dibikeun jeung nu geus dibikeun samemehna. Maranehna oge yakin pisan kaa na poe AKHIRAT. Kitu manawi kang Wendy. Duka taah pamadegaan kang Wendy napsirkeun ayat ieu kumaha ? Wassalam.. --- On Tue, 11/6/13, YADI supriadi wendy <[email protected]> wrote: From: YADI supriadi wendy <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] Tapsir Qur_an Basa Sunda ka-4 To: [email protected] Received: Tuesday, 11 June, 2013, 5:24 AM On 2013-06-11 09:44, Abbas Amien wrote: > Ayeuna urang teruskeun deui. > > Saterusna ayat 4. Walladziina yu_minuuna bimaa unzila ilaika wa maa > unzila min qablik. Wa bil Aakhirati hum yuu qinuun. > > Wa = jeung; ladziina = nerangkeun manusa takwa tadi yu_minuuna = > ngayakinkeun atawa iman; bimaa = ka na ; unzila = nu diturunkeun ; > ilaika = ka maneh ( Muhammad ); min qablika = saacan maneh ( Muhammad > ) > > Jadi cenah ciri jelema takwa teh ngiman atawa percaya ka na risalah2 > nu diturunkeun ku Allah; boh nu ayeuna boh nu bareto saacan Nabi > Muhammad. Jeung maranehna percaya pisan bakal ayana poe akhir. > > Hatur nuhun Ki Abbas, Pami ningal jejerna mah "ka-4", ari ka-3-na mana? Tapi da geuning nyambung, mung rupina lepat nyerat bae. Salajengna Ki Abbas, aya pemendak ngeunaan tarjamah ayat-ayat ieu. Eta nu aya pakaitna sareng tanda-tanda jalma nu takwa. Dina ayat sateu acanna disebat percaya ka nu gaib, di antawis nu gaib teh kalebet "aherat", saluyu panginten nya...? Tapi dina ayat nu ieu, naha "aherat' bet disebat deui nya...? Moal aya maksad sanes kitu? Cobi urang tingali deui, tina kawit "unzila ilaika....." bimaa unzila ilaika wa maa unzila min qablik wa bil Aakhirati hum yuu qinuun Pami dibenjer-beaskeun mah kieu geura; percaya kana hal nu DITURUNKEUN ka maneh percaya kana hal nu DITURUNKEUN ka samemeh maneh percaya oge kana hal nu DITURUNKEUN engke di ahir! (kana hal nu DITURUNKEUN engke di ahir oge manehna yakin) Naha teu heded eh hade tah, estu mani murwakanti. Eta deuih aya wa top, ngeceskeun aya kasaruan jejer, nyaeta "nu DITURUNKEUN". Rupina kitu pamendak, bade ngiring mijah we... -- -- Wassalam, Yadi Supriadi Wendy .: dikirim ku kadeudeuh :.
