Tafsir Qur_an basa Sunda ka 5
Hayu urang teruskeun deui : Ayat 6 – Innalladziina kafaruu sawaaun alaihim a_anzar tahum am lam tunjirhum laa yu_minuun. Innaa =saenya enyana ; alladziina = jalma nu ; kafaaruu = kapir, nolak ka na atawa kontradiksi jeung sipat jalma Takwa ; laa yuminuun = teu percaya. Jadi tarjamah lengkep ti na ieu ayat : Jelema kafir maah, dibere penjelasan atawa henteu; tetep we moal beriman; moal percaya ; tetep nolak. Jelema takwa = jelema nu percaya jeung bla bla bka nu geus diterangkeun samemehna. Tah jelema kafir hartina teu percaya. Jadi kumaha atuh penjelasanana jelema kafir teh ? Di na ieu ayat ngan ukur dicaritakeun yen pikeun jelema kafir mah euweuh gunana dijelaskeun atawa henteu keukeuh nolak. Nu kumaha atuh ari jelema kapir teh ? Nya euweuh deui cara iwal ti nerangkeun nu sabalikna ti na sifat2 jalma Takwa. Jadi jelema kapir nya eta manusa2 nu teu percaya aayana nu ghaib; manusa2 nu teu percaya ayana Wahyu; jelema nu teu percaya ka na Risalah2; jelema2 nu teu percaya akhirat; atuh komo deui ngalakukeun shalat mah. Kumaha ari mere maweh ka nu miskin ? Eta mah dihubungkeunana ka na kamanusaan tea. Bari jeung ngomong songong; tuh teu kudu beragama, rek mere ka pakir miskin mah; uing ge bisa jeung geus biasa ! Naha nu sok nulungan urang miskin teh nu percaya tuhan wungkul ? Jadi bertuhan mah ngan ukur jalan supaya urang haat ka batur. Jadi teu kudu make beriman heula. Rek mere mah mere we. Eta kitu pikiran jelema kapir teh. Naon make kudu shalat ? Acong2an teu pararuguh ? Memang jadi beunghar, ku acong2an kitu teh ? Barodo we ta mah jelemana acong2an ka nu teu aya ! Acong2an ka nu teu nyata ! Maranehna boga pandangaan kitu, lantaran memang teu percaya aya poe akhir; komo pangadilan akhir mah. Maranehna mikir yen mun geus paeh , tamat lalakon. Paling jadi pupuk atawa hakaneun cacing. Gusti Allah jelas UNINGA pisan yen di alam semesta teh aya TILU karaakteristik manusa, nu hiji jelema Takwa; nu kadua Kafir, nu katilu nu bakal dijelaskeun; di ayat2 saenggeus ayat2 nerangkeun jelema kapir. Naon sababna manusa2 nomer dua jeung nomer tilu teu ditindak ku Allah ? Di dieu ceuk kuring mah Allah teh ngalakukeun FAIR Play tea; kadilan Tuhan. Seleksi nu adil pisan. Manusa nomer 2 jeung nomer 3 percayana ka na seleksi alam; lain ka na KAADILAN Allah. Jadi Allah ti awal keneh geus mere kabebasan ka sakumna manusa milih jalanna masing2; teu dicaram teu dihalangan. Di dieu Kaadilan Allah teh. Masalah jelema kapir ieu, masih bakal panjang deui dibahas di na ieu tapsir; tapi na waktu ieu dicukupkeun heula sakitu; engke disambung deui.
