Sok anu tara shalat gancang tobat geura sholat, sabab nash ngajelasken yen anu 
awal ditanya amal manusa nyaeta shalat, mun shalatna alus amal anu sejenna 
kabawa alus, kitu deui mun shalatna jore mangka amal anu sejenna kabawa jore. 
Ulah dilalaworakeun urusan shalat lur, sing saluyu jeung kahirupan sapopoe 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ki Hasan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 18 Jun 2013 12:17:37 
To: Ki Sunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: [email protected]<[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Bagian II: Teknik Dzikir (Kanggo Pemula)

Hehehe. Nulis postingan ka milis atawa naon wae nu sabangsana, nya taya
bedana jeung publikasi dina media citak. Kawajiban nu ngarang mah ukur
nulis. Mun postingan geus nepi ka nu sejen, kuma dinya rek dikumahakeun ge.
Jiga nu meuli buku, rek diduruk ge kaci.


2013/6/18 Ahmad Hazairin <[email protected]>

> **
>
>
> Bagian II: Teknik Dzikir (Kanggo Pemula)
> ========================================
>
> Tulisan bagian II ieu can asup kana teknik dzikir.
> Bagian II ieu mah sim kuring rek 'menyapa' anu tara sholat he.. he.. (naha
> bet poho naon 'menyapa' basa sundana?).  Tah lamun urang tara sholat, tong
> dihapus tulisan sim kuring teh. Sok baca weh teras he.. he.. Kumargi anu
> tara sholat oge masih tiasa praktek pituduh cara dzikir ti sim kuring.
> Sahenteuna pikeun diajar fokus. Pikeun katenangan jiwa. Pikeun kastabilan
> emosi. Sim kuring oge cenah ceuk batur mah gede ambek (ceuk sim kuring mah
> nya sok ambek, lain gede ambek, eta mah kaleuleuwihi weh batur nu nyebut
> sim kuring gede ambek); jadi mangpaat pisan latihan dzikir teh pikeun
> ngarobah diri anu sok gede ambek, anu kecewa ku kahirupan, anu keur tekanan
> batin, anu keur lieur loba pikiran. Mangga geura dipraktekeun teknik dzikir
> ti sim kuring, insya Allah aya mangpaatna. Dada plong, janten murah senyum
> :).
>
> Nya lamun saenggeus ngalaksanakeun praktek dzikir, dada jadi plong, jadi
> murah senyum, terus jadi hayang sholat, nya eta mah sae pisan atuh nun....
>
>
> Wallahu'alam
>
> Febi Ahmad Hazairin
> ===================
>
>  
>

Kirim email ke