Bagian II: Teknik Dzikir (Kanggo Pemula)
========================================

Tulisan bagian II ieu can asup kana teknik dzikir.
Bagian II ieu mah sim kuring rek 'menyapa' anu tara sholat he.. he.. (naha bet 
poho naon 'menyapa' basa sundana?).  Tah lamun urang tara sholat, tong dihapus 
tulisan sim kuring teh. Sok baca weh teras he.. he.. Kumargi anu tara sholat 
oge masih tiasa praktek pituduh cara dzikir ti sim kuring. Sahenteuna pikeun 
diajar fokus. Pikeun katenangan jiwa. Pikeun kastabilan emosi. Sim kuring oge 
cenah ceuk batur mah gede ambek (ceuk sim kuring mah nya sok ambek, lain gede 
ambek, eta mah kaleuleuwihi weh batur nu nyebut sim kuring gede ambek); jadi 
mangpaat pisan latihan dzikir teh pikeun ngarobah diri anu sok gede ambek, anu 
kecewa ku kahirupan, anu keur tekanan batin, anu keur lieur loba pikiran. 
Mangga geura dipraktekeun teknik dzikir ti sim kuring, insya Allah aya 
mangpaatna. Dada plong, janten murah senyum :).

Nya lamun saenggeus ngalaksanakeun praktek dzikir, dada jadi plong, jadi murah 
senyum, terus jadi hayang sholat, nya eta mah sae pisan atuh nun....


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================

Kirim email ke