Tapsir ti na tapsir ayat2 nu geus dijelaskeun : Naha waktu Nabi Muhammad ngajalankeun risalahna, geus aya Jelemaa Muttaqien ? Aya. Nya eta Nabi Muhammad Saw ku anjeun ? Kumaha ari nu disebut para shahabat, karib karabat, nu ngabela Nabi ?
Urang kudu ati2 pisan di na ngamaknaan Muttaqien ieu. Sabab teu bisa sambarangan kitu wae urang ngayakinkeun si itu si eta dijamin surga. Komo jaminan surgana lain cek Qur_an tapi cek hadits. Urang di dieu kudu leuwih objektive mikirkeunana; lantaran urang geus jauh pisan ti aranjeunna; oge geus jauh pisan katinggaleunana. Mimitina urang maca taudz heula; lain ngajamin, tapi usaha supaya di na urang ngahartikeun Al Qur_an, maca Al Qur_an, ngaji ; teu mengpar, teu kagoda syaithan. Nya eta ku dibere hate NGEDUL, haroream, tunduh, jeung kade AWAS RIYA. Ieu ge pitapak syetan, keur ngagoda urang supaya urang euweuh kaihlasan di na nulis ieu tapsiran. Kangaranan manusa moal sepi ti sipat GEDE HULU; nya eta Riya tea, tah jelas sipat ieu bakal MUPUS ka na kaihlasan; sedengkeun kaihlasan di na hiji amal , kacida pentingna. Lamun urang bisa mupus rasa riya ti na diri urang, eta teh alamat yen GUSTI ngaridha-an ka na amal urang. Tapi lamun urang masih riya, masih pupujieun, eta hartina urang mun sadar kudu gancang istighfar; bari nyuhunkeun ka Gusti supaya urang dibere hate nu ihlas. Nu hartina amal urang dipiridha ku Gusti. Saterusna maca basmallah, nu hartina urang ngalakukeun sagala amal nu rek dilakonan teh ku AsmaNA. Hartina geus ngalakukeun atawa arek ngalakukeun hiji amal nu dikaitkeun ka na ngalaksanakeun parentahNA. Bahasa Indonesia mah meureun mengatasnamakan tea. Tah di na ngalakukeun amal nu mengatasnamakan Allah; tangtuna ge urang kudu ati2 pisan. Ulah nepi ka nguciwakeun nu ku urang diatasnamakeun tea. Cing Sundana nu tepat anu pas naon nya ti na mengatasnamakan teh ? Da piraku ari ditarjamahkeun LUHUR NGARAN mah ?! hehehe. Kecap ngawakilan ge asa kurang pas. Sanggeus Basmallah, urang maju ka na muja muji Allah. Da memang kuduna kitu, yen teu aya pujian keur sasaha oge anging nu pantes meunang pujian mah anging Allah. Ieu oge hartina usaha supaya ulah RIYA tea; da kapan urang mah teu pantes narima hiji pujian; nu matak kudu gancang nyebut Alhamdulillah; mun aya nu ngahargaan ka urang teh. Sanggeus kitu urang ge ikrar yen Allah Rabbul ‘aalamiin; Allah teh nu geus nyadiakeun sagala fasilitas jeung alat2 keur urang ngaropea fasilipas nu tos dipasihkeun ti Gusti pikeun urang, sarta bari dibere pituduh kumaha ngaropea nu pang alusna; ieu hartina ELMU. Sanggeus kitu Maaliki Yaumiddin. Saterusna Iyyaa ka na_budu wa iyyaa ka nasta’iin. Tah ku sabab alesan2 saacanna, maka pantes pisan mun nyembah teh jeung mementa naon wae ge kudu ka Allah. Ihdinashshiraatal mustaqiem. Naon sajatina atuh nu pang pantesna disuhunkeun ka Gusti ? taya lian iwal ti “Gusti tuduhkeun ka abdi jalan nu lempeng; jalan nu haqqul yakin benerna. Eta saenyana mah nu kudu dipenta ku urang teh. Sanggeus kitu ku Gusti diwaler ku dzaalikal kitaabu laa roiba tea; dimana samemehna ka Nabi diajarkeun kudu ngadu’a heula nya eta Alif laam miiim. Tah urang nempo aya tilu golongan manusa, nya eta Muttaqien; Kafir jeung agnostik. Nu mana ari nu muttaqien teh ? Nu ku urang ayeuna katempo lain jelema muttaqien; tapi mukmin jeung muslim. Mukminat jeung muslimat. Tapi maranehna mun ngaalakukeun shalat mah tangtu nu dipenta teh jalan nu lempeng, nu bener tea. Eta hartina maranehna keur usaha pikeun jadi jelema Muttaqien. Kumaha golongan agnostik ? Nya moal kaasup muttaqien nepi ka iraha ge; lantaran maranehna mah ngan ukur percaya wungkul ka Allah jeung ka poe Kiamat, bari embung nyembah ka Allah. Jadi jelas maranehna ge diasupkeun we sagolongan jeung kafirun. Naha Muslimin muslimat ataawa mukmunin mukminat dijamin sorga ? henteu. Teu dijamin. Nu dijamin mah tetep MUTTAQIEN. Billaahi taufiq wal hidayah wassalaamu’alaikum waarahmaatullah.
