Tuhan, Rabb, Illah ================== Laa ilaaha illallah, sok diterjemahkeun jadi: euweuh deui pangeran pikeun disembah kacuali Allah; dina basa indonesia jadi: tiada Tuhan yang patut disembah kecuali Allah. Loba oge anu teu make kecap 'pikeun disembah' atawa teu make 'yang patut disembah'; sabenerna anu ditambahan kecap eta teh jadi nambah sempit makna syahadat.
Umumna para ulama ngabagi tauhid kana dua bagian: tauhi rububiyah jeung tauhid ilahiyah. Tauhid rububiyah nyangkut pangakuan urang yen gusti Allah anu nyiptakeun alam raya. Gusti Allah oge anu miara sakumna alam raya jeung prosesna. Ari tauhid uluhiyah nyaeta nyangkut jiwa urang anu ngan mikacinta, masrahkeun diri ka Gusti Allah. Jadi makna Laa Ilaaha Illallah teh lain ngan saukur menta pangakuan yen Gusti Allah anu nyiptakeun alam raya, tapi oge menta konsekuensi yeh urang teh ngan saukur nga-ilah-keun, nyaeta mikacinta, masrahkeun diri, ngaraketkeun ingetan ka Gusti nu Maha Suci. Aya oge ulama anu ngarinci deui widang tauhid teh, saperti: tauhid zat Allah, tauhid hukum jeung syariat (tasyri'iyah), tauhid kakawasaan (hakimiyah), tauhid karajaan (mulkiyah), jeung sajabana. Nya eta mah rincian ti ulama supaya tauhid bisa diterapkeun dina sagala widang kahirupan. Aya buku anu hade, dina taun 1993-an sim kuring kungsi maca buku anu judulna "Syahadatain dan Fenomena Kekufuran", tulisan syeikh Syaid Hawwa. Eta buku sae pisan, diulas ku ilmu alat basa arab. Oge diulas kaayaan sosial masyarakat arab (Quraisy, Baduy) waktu dikenalkeun Syahadat ku Nabi Muhammad. Geunjleung kaayaan masyarakat Arab harita waktu Nabi Muhammad ngabewarakeun Syahadat. Lain geunjleung kulantaran dikenalkeun aya Gusti nu Maha Suci, nyaeta Allah swt., anu nyiptakeun alam; da ari kasadaran nu kitu mah geus aya ampir di tiap budaya. Anu geunjleung teh nyaeta konsekuensi Syahadat: laa ilaaha, nyaeta euweuh kakaitan hate/batin, illallah, inanging ka Gusti Allah. Padahal pan kakaitan hate teh loba pisan: kakaitan ka kulawarga, ka suku, ka harta banda, jabatan jeung sajabana. Maenya eta kakaitan kabeh kudu dilesotkeun? laa-ilaaha, illallah!; pan hate gumeter loba nu teu siap. Mangga anu katarik hate tiasa dipilari eta buku tulisan syeikh Saidd Hawwa teh. Ari kritik sim kuring kana eta buku, aya oge. Nyaeta iketan hate ka Gusti Allah teh loba teuing disambungkeun jeung jalma kapir atawa jalma anu lian agama saperti Kristen jeung Yahudi. Kuring faham, kulantaran mesir, nagarana Said Hawwa, loba pisan bentrok ideologi jeung nagara barat saperti Inggris, oge ribut peperangan jeung Israel. Jadi teu bisa henteu eta situasi teh kabawa loba pisan kana tafsiran Syahadat anu ditulis ku Said Hawwa. Tapi sacara umum eta buku hade pisan pikeun ngahudangkeun kafahaman kana arti, terus konsekuensi Syahadat. Utamana ka urang anu teu ngabogaan kaahlian basa arab. Naha sim kuring bet ngritik sagala kana eta buku anu sakitu hadena? Sim kuring inget kana dawuhan kangjeng Rasul Muhammad saw sarengsena perang Badar, yen aya peperangan anu leuwih gede deui tibatan perang badar. Leuwih gede jeung leuwing beurat. Nyaeta merangan hawa nafsu. Jadi perang anu leuwih gede ti perang badar teh nyaeta perang dina batin urang sorangan dina rarangka mersihan batin. Kulantaran eta, jalma anu mersihan batin teh dipikacinta ku Gusti Allah: Sesungguhnya Allah mencintai orang-orang yang tobat dan mencintai orang-orang yang menyucikan diri (Al-Baqarah:222) Saur para ulama, bebersih batin teh ku jalan dzikir sareng ngaleupaskeun hate tina duniawi. Ari saleresna mah ngaleupaskeun batin tina sagala rupa salian Allah. Tapi ieu teh hese pisan. Atuh minimal dina waktu shalat lamun kahontal yen batin urang kosong salian ti Gusti Allah, eta geus hade pisan. Lamun diibaratkeun jalan nyucikeun diri teh tetecean (tangga), eta tetecean teh bilangana (tingkatana) teu terhingga lobana. Misalna lobana aya 10.000 (sapuluh rebu), pikeun ngagambarkeun loba pisan, sabenerna bisa leuwih ti eta: Nyucikeun diri tina harta haram. Nyukupkeun diri ku harta halal tur sacukupna (teu mewah, lamun boga leuwih dibikeun ka nu butuheun) Miara hate tina amarah. Miara hate tina iri/dengki. Miara hate tina teu sabar. Miara hate tina goreng sangka ka Allah. Miara hate tina cepel kana kadunyaan (materi, pujian, status, jeung sajabana). jeung saterusna... eta tingkatan teh loba pisan. perlu latihan pikeun naik tingkat kana tetecean anu leuwih luhur. Lamun urang geus tingkat 9.999 (pamisalan ieu mah) batin urang geus teu bisa katempelan ku pikiran duniawi. Materi dicokot ngan saukur kabutuhan fisik pikeun bisa hirup sehat sacukupna. Batina terus ngait ka Gusti nu Maha Suci. Batina fana tina hal-hal salian Gusti nu Maha Suci. Saur ulama mah eta tetecean teh anu disebut maqam. Tah sok salah arti, cenah kiayi eta mah geus maqom ieu jeung itu, tapi anu dimaksud teh kasaktian atawa kaajaiban, terus dianggap wali. Padahal anu disebut maqom teh level batin urang dina ninggalkeun sifat-sifat kadunyaan, padahal urang hirup keneh di dunya. Misalna lamun urang geus bisa sabar tina sagala cocoba jeung naon anu ku Allah ditangtukeun keur hirup urang, maka urang geus asup kana maqom sabar. Di jero maqom sabar oge tangtuna loba oge tingkatana deui. Tah, lamun pangajaran agama teh jiga di luhur, meureun urang teu kudu ngaributkeun agama batur. Umat Islam wae di Indonesia loba pisan jumlahna. Lamun batina hade kabeh pan eta potensi gede pisan. Moal aya kapaur rek nyanghareupan naon wae oge. Dunya bakal aya dina cecekelan jika maen bola bekel, tapi moal pernah asup kana hate. Tah anu ngaributkeun wae kontroversi hak mimpin jaman Abu Bakar, Umar, Utsman jeung Ali, tepi keun ribut wae ka jaman ayeuna geus teu ka harti ku perspektif batin kieu mah. Eta kangewa ka hiji ngolongan anu sarua Islam dibabawa terus. Jiga anu teu ridha kana katangtuan ti Gusti Anu Maha Suci. Ari syetan sok jago nipu: ieu mah lain benci, ieu mah ngabela anu bener. Jadi weh terus diwariskeun kangewa teh ka anak incu. Sok nyindiran sahabat nabi. Silih sindir silih pikangewa bari urang teu ngalaman-ngalaman acan hirup di jaman nabi. Wallahu'alam, lamun aya jelema kitu (jelema anu level batina hade), sim kuring oge hayang guguru atawa jadi sobatna. Da sim kuring oge ngan saukur nyaho (pangaweruh) saeutik, tapi praktekna jauh pisan leuwih saeutik deui. Oh enya, aya buku hade naker ti Said Hawwa oge, judulna: "Menjadi Waliyullah". Eta buku teh ngabahas kitab Al-Hikam anu ditulis ku Syeikh Athailah. Eta kitab Al-Hikam teh ringkes pisan jadi hese pikeun urang ngarti maksudna. Geus loba diuraikeun ku ulama, tapi lamun ulamana can ngalaman batin sorangan sok katingali tulisana kurang jero (jiga sim kuring weh can kaalaman batin anu jero). Ari Said Hawwa rada karasa batina ngilu dina tulisana. Eta buku Menjadi Waliyullah rada beda jeung buku-buku Said Hawwa anu lain. Buku Said Hawwa anu lain lolobana kawarnaan ku pergerakan (organisasi) Islam, lamun buku Menjadi Waliyullah kawarnaan ku batin. Bukuna di komplek Palasari Bandung mah hargana 60-70 rebu. Febi Ahmad Hazairin ===================
