Antara Sunda-Amben Jeung Sunda-Inohong Ku Abdurrosyid Siddiq
1. Amben Amben eta tempat diuk, tempat sare, tempat adu-bako, tempat babacakan, tempat maen gapleh, jeung tempat naon bae, tergantung nu makena. Biasana dijieun tina awi, anu dicacag jadi palupuh. Kadang oge tina papan atawa tariplek kandel. Biasa diteundeun dihareup imah, diburi imah, atawa dihareup wawarungan leutik anu aya dilembur. Di saung ronda oge aya. Salain pungsi diluhur, amben oge isok jadi alat silaturahim antar dulur jeung tatangga. Mun kaur, loba tatangga anu ngumpul di dinya. Cacahan bari nyiaran kutu. Sagala rupa dicacahkeun. Mulai salaki anu makaya, nepi tatangga anu karak meuli kulkas. Mun anu ngumpul bangsa lalaki, biasana ngudud bari ngopi. Mun geus aya opatan, gapleh. Sarua, nu diomongkeun geh sarupaning, mulai perihal pagawean anu hese oge perkara nyandung. Jadi, amben eta multi mangpaat, loba gunana. Kilang-kitu geh, lamun loba teuing amben –komo unggal imah- eta teu endah. Sabab, loba amben loba deui cacahana. Loba cacahan, deuk iraha gawena, deuk iraha kokorehna, deuk iraha nyiar duitna. Makana lamun aya hiji kampung loba jasa ambena, eta cirining loba anu pangangguran. Balik deui kana amben anu isok dipake cacahan. Ngarana geh cacahan papadana, maka euweuh aturan anu ngatur, cacahan naon anu kudu dibahas. Kitu oge gaya jeung carana. Kumaha karep bae. Kadang bari siling tejeh, siling teke, aya oge siling bekok. Lantaran euweuh aturan, euweuh “pakem”, maka cacahan di amben mah bebas. Sanajan bebas karasana, teu ngarasan teu sopan atawa teu pantes. Sabab, rarasaan teu sopan atawa teu pantes eta lamun dinilai tiluar tina “komunitas” eta. Lamun aya perbandingan ti kabiasaan eta, karak aya “kategori” pantes atawa teu pantes. Jadi, lantaran ilahar, maka “tradisi amben” eta dianggap kaprah. Sunda-Banten, eta bahasa anu dipake sapopoe di tatar Banten, mulai tungtung Kosambi di Tangerang Kaler nepi ka tungtung Cibareno di Lebak Kidul, terus ka Taman Jaya di Pandeglang, deukeut ka Ujung Kulon. Ragam bahasana meh sarua, nu ngabedakeun ngan dialek atawa cengkokna wungkul. Perkara cengkok, loba jasa, hese ngitungna. Sabab meh beda lembur, sejen cengkokna. Tapi aya hiji anu sarua, nyaeta teu ngenal undak-usuk basa jiga basa Sunda belah wetan. Kolot-budak, bikang-laki, kabeh sarua, make basa Sunda-Banten anu kaprah, anu sapantar. Ceuk urang bule mah “egaliter”. Kulantaran kitu, urang Banten mah moal ngarasa dusun, komo dianggap teu sopan, lamun ngomong make bahasa kaprah sapopoe. “Stigma” atawa cap dusun eta, muncul lamun dibandingkeun jeung basa Sunda belah wetan. Laju, kuanon muncul rarasaan kitu? Puluhan tahun -sanggeus Indonesia merdeka nepi ka kiwari- di sakola diajar pelajaran Bahasa Sunda. Mungguhna mah dina raraga supaya para murid nyaho kana bahasa-indung sorangan. Hanjakal, anu diajarkeun eta Sunda anu dipake dibelah wetan. Karuhan bae loba anu teu nyambung jeung bahasa-tutur anu dipake sapopoe ku barudak sakola. Undak-usuk basa, euweuh di Banten mah. Akhirna, lain tah ngiluan kaidah bahasa anu diajarkeun, kalah ka dipake lelece lamun aya babaturana anu make bahasa Sunda belah wetan. Tapi lantaran saeutik-lobana nyaho, akhirna tetep bae barudak sakola ngarasa aya alus aya lemes. Makin gede makin loba kanyaho –komo anu mineng jeung tradisi pasundan- akhirna ngarasa, yen bahasa Sunda-Banten mah kasar. Ngomongna dusun. Padahal henteu kitu! Coba lamun eta pelajaran Bahasa Sunda anu diajarkeun di sakola, make bahasa kaprah sapopoe. Pasti anu diajarkeun eta leuwih deukeut jeung kahirupan “realita” barudak sapopoe. Pasti mangpaat eta palajaran leuwih nyambung, leuwing “nyiku” jeung persoalan anu dihareupan ku barudak. Sabab, ukuran norma, pakem, jeung kaidah bahasa anu diajarkeun teu jauh tina kajadian sapopoe. Salah sahiji contona kieu. Bidan Ai, mojang geulis ti Garut, praktek di Kampung Binuangeun, Banten Kidul. Hiji waktu manehna nulungan bikang ngajuru, rabeng dibaturan ku Bi Sarniti, anu asli urang dinya. Basa indung si orok ngaheden, hese kaluar, bidan Ai ngomong bari ngusapan hulu indung si orok. Ceunah : “Enggal geuliiis, sing sabar nya.. tah sakedap deui. Mangga atuh cobian ngaheden deui”, bari make cengkok wetan tea, anu kadengena jiga nu keur ngawihan. Indung si orok lain ngaheden kalah ka hees. Bi Sarniti rewed. Pokna : “Atuh moal bijil diomongan kitu mah Ne! Kieu yeuh!”, bari sisingkil. Teu kebel, jabang orok bijil. Jadi, belajar bahasa eta –jeung belajar naon bae- bakal leuwih nyerep lamun anu diajarkeun di sakola teu jauh jeung persoalan kahirupan sapopoe. Urang Banten belajar Sunda-Banten, lain Sunda-Wetan. Moal aya deui boga rarasaan diaranan teu sopan, komo dusun. Laju, naon hubunganana antara Amben jeung Sunda Banten? Di wetan, kaprah dipake, bahasa Sundana dipake dina cacahan sapopoe jeung dina acara khusus, misalna hajatan, ritual kawinan, seserahan, silaturahim keluarga, bahkan dina acara pamarentahan. Di Banten, kula can manggih acara resmi, komo acara pamarentahan, anu make bahasa Sunda-Banten! Ngangresna, justru di Banten mineng manggih acara resmi atawa rada resmi make ritual Sunda-Wetan. Naon tah ieu nandakeun yen Sunda-Wetan mah leuwih alus, leuwih sopan, jeung leuwih pantes dipake dina acara resmi? Piraku Sunda-Banten ngan pantes dipake diluhur amben? Aya Sunda-Amben aya oge Sunda-Inohong. Naon deui tah? Engke nyah diteruskeuna. Deuk ngudud heula.
