Karasa ayeuna mah hese belekena teh. Bener2 nu disebutkeun ku kuring teh haqqul yaqin benerna, yen laamun rek neuleuman Qur_an kudu aya 5 tingkatan : 1. Kudu bisa macaana kalawaan hade jeung bener 2. Kudu apal 3. Kudu apal hartina atawa taarjamahna. 4. Kudu apal ka na tujuaan eta ayat diwahyukeun; ieu hartina napsirkeun jeung neuleuman 5. Kudu dipraktekkeun.
Ayeuna karek nepi ka 12; geus sakieu hesena. Saencaanna ge geus ngawangwang yen hese; tapi ku sabab can kaalaman; hese na ge kakaraa dina lamunan; cek pikiran teh aah kudu di lakukeun heula, kakara apal pait peuheurna. Lamun urang wanoh ka na kaheseanana; tada teuing capena mufassir2 jaaman bihari; urang jadi bisa ngahargaan ka aranjeunna; lantaran urang apal ka na kaheseanana.
