Abah Abbas, punten seja ilubiung sok sanajan ukur koreksi.

Nitenan ayat 27 di handap ieu, tarjamahan (atawa tafsir oge transkripsi
tulisan arab al Qur'an kana tulisan aksara latin) abah perlu dicek deui,
boh anu ayat 27 ieu, oge anu geus diposting ti heula.  Upamana wae, soal
transkripsi, naha ari "ain" eta ditulisna make ' (koma di luhur) atawa
diingkeun wae teu make nanaon), oge sora panjang, naha ditulisna vokal
ganda atawa hiji? Anu penting lebah dieu nyaeta konsistensi. Contona:

1) Dina ayat 27 ieu aya tulisan "ahdallaahi" anu hartina "jangji ka Alloh".
Lamun eta anu dimaksud, konsisten jeung nu sejen, kuduna ditulisna:
'ahdallaahi" (make 'a salaku transkripsi tina huruf "ain").

2) Upama pangucap panjang dilambangkeun ku huruf vocal ganda (doubel),
kecap "mitsaaqiihi" kuduna ditulis "miitsaaqiihi sabab boh "mi", "tsa"
jeung "hi" dina eta kecap kabeh panjang (maad asli ceuk dina elmu tajwid
mah). Pon kitu keneh dina "ayyushala" oge kuduna "yu" na teh ditulis "yuu"
(panjang);

3) Aya kalimah anu henteu (acan) ditarjamahkeun dina ayat 27 ti abah,
nyaeta kalimah "ulaa-ika humul khaasiruun". Ieu kalimah panungtung dina eta
ayat teh jadi panutup anu nyimpulkeun sakabeh paripolah anu geus ditataan
samemehna (mutuskeun  atawa ngalanggar janji ka Alloh sanggeus eta janji
dikukuhkeun, jeung mutuskeun naon2 perkara anu Alloh marentahkeun sangkan
eta perkara disambungkeun ku maranehanana; jeung maranehanana nyieun
karusakan di bumi ieu), anu kaasup ciri-ciri jelema fasek tea: "Tah nya
maranehna anu sarupa kitu eta (ulaa-ika hum) kaasup jelema-jelema anu rugi
hirupna (al khoosiruuna).

Mugia aya manfaatna.

Salam,
manar


2013/7/1 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> Ayat 27 : Alladziina yanqudhuuna ahdallaahi min ba’di mitsaaqiih.
> Wayaqtha’uuna maa amarallaahu bihii ayyushala wa yufsiduuna fil ardhi .
> Ulaa_ika humul khaasiruun.
>
> Nyaeta jelema2 nu geus ngalanggar jangji ka Allah, padahal jangji geus
> dikukuhkeun; jeung maranehna geus megatkeun naon parentah Allah; padahal
> kuduna mah maranehna nyambungkeun; jeung maranehna nyieun karuksakan
> dibumi.
>
> Jadi ayat ieu nerangkeun jelema fasek; nu geus Ngaku Islam tapi maranehna
> loba pisan ngalanggar parentah2 jeung larangan Allah. Jadi hartina
> syahadatna teu bener. Cohagna mah jelema fasek teh nu loba ngalakukeun
> kadosaan, tah nu kieu moal meunang Huda ti Gusti.
>
> Naon buktima ? Koruptor, sanajan kalah kumaha moal bisa atawa hese rek
> jadi jelema benerna da geus kapalang asup tea; na persisna manehna hayang
> insap, hese beleke; malah ahirna keuna pitnah; kapaksa nyogok hakim supaya
> BEBAS. Jadi ahirna kapaksa korupsi deui. Komo mun maranehna milu mitnah
> deui ka batur; boro2 Huda unggal poe nambahan jadi sasar lampah tea. Tah
> eta jelema pasek teh.
>
> Maranehna kumpul jeung babaturanana nu jadi tokoh atawa inohong;
> saleuseurian galumbira bisa ngabobodo A jeung B; jadi maranehna ngarasa
> jadi nu pangpinterna; jadi maraanehna tambah kasasar da asa loba balad
> jeung kawasa; tah kitu jelema pasek teh.
>
> Hanca14
>
>
>
>  
>

Kirim email ke