Ngeunaan nangtukeun awal bulan ramadhan, saencana sim kuring hayang ngomentaran malibir heula ka sisi lain:
Sim kuring sok maca artikel anu nyebutkeun yen itungan pananggalan Islam (Hijriyah) anu dumasar kana paredaran bulan leuwih unggul tibatan cara pananggalan masehi anu dumasar kana paredaran matahari. Pananggalan masehi dianggap ngabogaan panyimpangan anu rada gede, anu kudu dikoreksi tiap sababaraha tahun sakali. Ari pananggalan hijriyah mah cenah leuwih akurat. Kumatak kitu dianjurkeun cenah ka umat islam sadunya pikeun ngabiasakeun ngagunakeun pananggalan hijriyah. Salian atuh leuwih akurat tibatan pananggalan masehi nya atuh oge itung-itung nanjeurkeun syiar islam. Alus pisan cenah saumpama kabeh nagara anu mayoraits muslim sadunya teh ngagunakan pananggalan hijriyah. Tapi pananggalan hijriyah teh, enya oge dumasar kana paredaran bulan, carana teh diitung ku ilmu perbintangan/astronomi/falak. Moal mungkin pananggalan hijriyah ditangtukeun tiap awal bulan jeung akhir bulan kucara noong bulan ku mata jelema saayana, atawa ngagunakeun taropong lensa. Moal praktis lamun di unggal nagara mayoritas muslim kudu kitu cara nangtukeun pindahna akhir hiji bulan ka awal bulan anu saterusna. Pamikiran yen pananggalan hijriyah teh bisa dijadikeun pananggalan standar anu baku digunakeun di nagara-nagara mayoritas muslim moal bisa. Moal mungkin bisa. Kulantaran enya oge klaim (pangakuan) yen pananggalan hijriyah teh akurat, geus gugur lamun tiap awal bulan jeung akhir ramadhan bisa robah nungguan hilal anu ditingali ku mata make taropong lensa. Lamun bulan teu katingali dina tanggal 29 Sya'ban (Rewah) nya bakal ditambahan jadi 30 poe eta bulan Sya'ban. Jadi tiap akhir bulan Sya'ban moal pernah aya kapastian, gumantung kana rukyatul hilal (ningali bulan kucara ditoong ku panon atawa make taropong). Hasil rukyatul hilal teh bisa beda-beda di sababaraha hiji tempat. Di hiji nagara anu lega saperti Indonesia (sabang tepi ka merauke) geus pasti rukyatul hilal di sumatra moal sarua jeung di NTT atawa Papua. Komo deui di beda nagara. Can aya oge pangaruh cuaca. Tah kukituna, pohokeun weh niat ngajadikeun pananggalan hijriyah teh bisa jadi pananggalan standar di nagara-nagara mayoritas muslim teh, soalna moal aya anu daekeun make pananggalan anu kudu nungguan magrib di tanggal 29 Sya'ban kumaha isukna teh tanggal 1 ramadhan atawa 30 Sya'ban. Geus kitu kabeh jam jeung komputer kudu dirobah pananggalana. Pohokeun weh, riweuh. Tah balik deui kana nangtukeun bulan puasa/ramadhan. Nya anu make rukyatul hilal atuh geus pasti eta mah sunnah pisan, da bener-bener nurutkeun cara jaman nabi Muhammad saw. 1500 taun katukang. Kumaha anu make cara hisab (itungan)? Tong dihina make kalkulator da lain ngitung harga daging sapi. Itungan matematika jeung fisikana geus akurat pisan jaman ayeuna teh. Atuh dalil anu "sing saha anu ningali bulan", nya di jaman ayeuna bisa aya ngageser kana tafsir "ningali" teh jadi "mikanyaho". Ari ningali atawa nyaksian ku panon teh proses kognitif panon salaku panca indra, ari itungan/hisab mah itungan anu ngilu kana hukum alam anu geus pasti oge. "Sing saha anu ningali bulan" bisa digeser tafsirna jadi "mikanyaho yen bulan geus cukup mucunghul ku itungan anu akurat", eta teh proses kognitif uteuk/otak/pikiran langsung tanpa ngaliwatan rekam data ku panon kana objek bulan di langit. Lamun kabeh ulama geus sepakat yen nagara make itungan/hisab jang nangtukeun bulan ramadhan nya teu nyalahan, eta geus kasepakatan (ijma) kalawan pergeseran tafsir dalil tadi. Pan dina Quran oge dinyatakeun, yen amal hade teh lain urang sholat nyanghareup ka kulon atawa ka wetan (da etamah kasepakatan jeung katangtuan, simbolik, oge jadi sauyunan, guyub), tapi amal hade mah hate nyanghareup ka Allah swt. tur ta'at ka Rasulullah. Tah sumangga, hayu hate urang sanghareupkeun kana kabaktian ka Gusti anu Maha Suci. Sagala syareat oge pikeun aya aturan anu guyub, pikeun katartiban. Lamun hate urang teu tartib, nya moal aya hartina syareat naon wae oge. Wallahu'alam Wassalaamu'alaikum wr. wb. Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: Kamal Idris <[email protected]> An: [email protected] Gesendet: 16:01 Montag, 8.Juli 2013 Betreff: [Urang Sunda] Perbedaan itu rahmat atawa hayang mawa karep sorangan? Sigana Al Qur’an na kudu direvisi..... tah ayat ieu kudu di ganti heula "Faman syahida minkumusy syahro fal yashum", "Maka barang siapa diantara kalian menyaksikan bulan itu, maka hendaklah ia berpuasa" (QS Al Baqoroh ayat 185) kamari ningali di TV one ceuk wamenag “ kita berpuasa bukan berdasarkan kalkulator tetapi berdasarkan Al Qur’an “ From: Iskandar A. Adnan Sent: 08 July, 2013 14:16 To: Kusnet Subject: Re: [Urang Sunda] Perbedaan itu rahmat atawa hayang mawa karep sorangan? Heheh... Kang Rahmat atanapi nu sanesna tiasa wae rada panuju sareng hiji pamanggih, tapi da pamanggih anu sanesna oge sanes lain tanpa dasar & mawa karep sorangan. Upami bade dibahas di dieu, moal beres da bujeng2 di dieu ku urang2, dibahas ku para ulamana oge angger we beda pamadegan. lamun kuring rek nembalan mah, tehnologi tos canggih, tapi naha atuh nangtukeun titimangsa wae kudu nungguan noongan bulan? padahal ku diitung ge geus katebak tah perenah sakadang bulan teh... peun ah... dijamin moal beres. sikandar 2013/7/8 MRachmat Rawyani Kuring teu ngartos naha dina perkara nangtukeun awal puasa atawa lebaran idul fitri, upama beda-beda dianggap sabage hiji rahmat. Padahal urang teh aya di hiji tempat, aya aturan anu jelas (qur'an & hadis), aya teknologi/alat anu kawilang canggih. Tapi masih aya beda wae. Sigana cara berpikir urang kedah robah yeuh, sangkan aya kasuluyuan/kasapukan dina hiji perkara. Asa cape ngabandunganana unggal taun ngabandungan hujah-hujah anu eta keneh eta keneh wae. Sering teuing beda pendapat, bisa jadi alesan pikeun "paketrok", anu ahirna ummat heunteu bersatu. > >Kuring rada satuju kana pendapat di handap ieu. > >. Sahabatku simaklah Kalam Allah ini, "Faman syahida minkumusy syahro fal >yashum", "Maka barang siapa diantara kalian menyaksikan bulan itu, maka >hendaklah ia berpuasa" (QS Al Baqoroh ayat 185), dijelaskan tafsirnya oleh >Rasulullah, "Berpuasalah kalian apabila melihatnya (bulan) & berbukalah >kalian apabila melihatnya (bulan)” (HR. Bukhari & Muslim), dalam sabda lain >beliau menyampaikan, “Berpuasalah kalian krn melihat bulan, & berbukalah >(berhari rayalah) kalian krn melihatnya. Jika mendung telah menghalangi >kalian, maka sempurnakanlah (genapkanlah) hitungan Sya’ban”(HR Muslim). Abang >berkeyaqinan walaupun sudah dihisab berdasarkan hitungan tetap melaksanakan >AMANAH RASULULLAH dg "ru'yah basyariyah haqiqiyah" penglihatan dg mata kepala >secara langsung bisa dg tehnologi tercanggih u MELIHAT BULAN. Puasa bukan >berdasarkan hisab kalkulator dg tehnologi canggih sekalipun tetapi DALIL, >TAAT pada Rasulullah. Dan Rasulullah membolehkan hisab u penentuan puasa, kalau tidak terlihat hilal maka sempurna Sya'ban 30 hari. ikuti dan dengarkan istbat keputusan Ulil Amri u mulai berpuasa. Di Malaysia, Brunei dan Saudi Arabia yg menentukan adalah pemerintah bukan yg lain, alangkah sulitnya bersatu kalau setiap kelompok dibolehkan menentukan pendapatnya sendiri. So ikuti hasil istbat pemerintah kita besok sore. Sebarkan ini sahabatku fillah.
