Wilujeung saum, ka baraya sadana milis kisunda Salam urang banten tea
________________________________ Dari: Ki Hasan <[email protected]> Kepada: Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <[email protected]> Dikirim: Selasa, 9 Juli 2013 7:47 Judul: [kisunda] Romadon Mubarak "Hari esok kita berpuasa, Setahun sekali hanya sebulan, Sempatkah kita menyempurnakan, Hingga sampai ke penghujungnya." (Rem & Raihan, "Mulianya Ramadhan") Sim uing seja ngawilujengkeun sumpingna Romadon Karim, Romadon Mubarok. Atuh teu hilap seja nyanggakeun sapulukaneun pangampura ka sadayana kadang wargi di ieu lapak. Boh bilih kadang wargi aya dosa perdosa nu karaos, nu teu karaos, nu alitna, nu ageungna sapanjang guntreng babalagonjangan di ieu lapak, Insya Allah taya geuneuk, komo meuleukmeuk, caang bulan opat welas, baris dilubarkeun, dibangblaskeun, moal sina nyungkelit dina ati, moal sina sumarambah kana bayah, cuang palidkeun ka bangawan, ka sagara pangampura. Atuh kitu deui, boh bilih sim uing aya kaluluputan, kalelepatan, sejak nagih pangampura ti kadang wargi sadayana, poma ulah dikoretkeun pisan. Wilujeng mapag Romadon, mugia dugi ka Romadon payun deui.
