"Hari esok kita berpuasa,
Setahun sekali hanya sebulan,
Sempatkah kita menyempurnakan,
Hingga sampai ke penghujungnya."
(Rem & Raihan, "Mulianya Ramadhan")

Sim uing seja ngawilujengkeun sumpingna Romadon Karim, Romadon Mubarok.
Atuh teu hilap seja nyanggakeun sapulukaneun pangampura ka sadayana kadang
wargi di ieu lapak. Boh bilih kadang wargi aya dosa perdosa nu karaos, nu
teu karaos, nu alitna, nu ageungna sapanjang guntreng babalagonjangan di
ieu lapak, Insya Allah taya geuneuk, komo meuleukmeuk, caang bulan opat
welas, baris dilubarkeun, dibangblaskeun, moal sina nyungkelit dina ati,
moal sina sumarambah kana bayah, cuang palidkeun ka bangawan, ka sagara
pangampura. Atuh kitu deui, boh bilih sim uing aya kaluluputan,
kalelepatan, sejak nagih pangampura ti kadang wargi  sadayana, poma ulah
dikoretkeun pisan.

Wilujeng mapag Romadon, mugia dugi ka Romadon payun deui.

Kirim email ke