Kang Yadi kantos ka Puncak Pass?
Misalna kang Yadi sareng sim kuring teh di Puncak Pass teh tabuh 17:45 pas 
sunset turun pamandangan endah pisan.
Eta pamandangan teh faktana indah pisan. Tapi lamun kang Yadi ngadongengkeun 
kaendahan eta 'moment' teh can tangtos sami sareng carita ti sim kuring anu 
dina waktu sami, aya dina tempat anu sami, ngalaman fakta anu sami.

Ari wahyu sareng hadits kumaha eta disampaikeun ku kangjeng rasul ka umatna?
Naha gusti Allah ngomong basa arab kata per kata?
Mangga geura emutan :).
Janten 'firman Gusti' teh fakta.  Nya kedah disampaikeun ka umat ku bahasa anu 
kahartos. Walau aya oge nya ayat mutasyabihat anu aya kandungan samar-samar.

Soak aya gening jelema nyarita: kuring ngimpi dina basa sunda, atawa ngimpi 
basa indonesia, atawa ngimpi basa inggris.  Ceuk saha eta basa anu disebut?  Da 
ngimpi mah atuh euweuh sora, euweuh gerak. Eta kabeh dina ngimpi teh proses 
kognitif anu ku pikiran urang diartikeun sora. Sora teh asa kadenge, padahal 
mah euweuh-eweuh acan eta sora.  Cenah na impian ningali jelema kitu kieu, 
padahal pan sarena oge peureum. Ningali naon atuh da euweuh proses visual lewat 
mata. Eta mah kabeh oge proses kognitif pikiran anu ku pikiran urang diartikeun 
sabanding jeung visual, atawa sabanding jeung sora anu biasa kaalaman lamun 
urang keur hudang.

Pan nabi/rasul teh seueur pisan di dunya teh. Tapi nabi di arab sareng nabi di 
India, atanapi (pami kantos aya) nabi di jawa/sunda, pasti nyampaikeun 'wahyu' 
teh nganggo konteks budaya oge. Makana aya wahangan susu jeung widadari, da di 
arab mah wahangan teh ajib pisan; oge budaya harita di arab teh tukang kawin.

Ngeunaan alam kubur, padang mahsyar sareng alam ghaib sanesna.  Nya kuring 
iman. Bahkan kuring yakin, alam dunya wae dimensina teu hiji. Tapi nya pan can 
kahontal ku sim kuring. Janten sim kuring mah ngan saukur iman, tapi upami 
ngadongengkeun wujud-na, realitasna, ku sim kuring sadayana oge dianggap 
paumpamaan.  Naon paumpamaan supaya ku urang kaharti.  Da sirathal mustaqim teh 
cenah ipis jiga rambut dibeulah tujuh, duh, asa aya-aya wae atuh rada primitif 
kitu gusti nu maha suci teh kikituan ka jelema anu jadi makhlukna titah 
leumpang dina titian saipis rambut dibeulah tujuh.  Tah eta oge sami kang Yadi, 
boh kapangaruhan ku budaya non Islam (yunani, israel, eropa) atanapi kabudayaan 
islam arab, naon bedana?

Saur sim kuring mah teu aya bedana (budaya, imajinasi ti yunani, israel, eropa, 
islam arab), sadayana oge imajinasi manusa.  Sadayana oge sanes realitas.
Anu diimanan ku sim kuring mah realitas aslina, anu can kahontal. Imajinasi 
urang arab islam oge sami weh ku sim kuring mah dianggap sanes realitas asli.  
Teu ngajantenkeun leuwih unggul atanapi leuwih bener eta imajinasi arab teh 
kulantaran maranehna islam sami sareng sim kuring, komo maranehna mah leuwih 
tiheula islam na jeung bisa basa arab deuih. Ah angger weh imajinasi ka alam 
ghaib teh lain alam ghaib anu realitas aslina.  Pokokna eta mah kabehanana oge 
pamisalan.

Nu pasti mah urang teh kudu sadar. Urang teh kudu tanggung jawab dina hirup 
jeung kahirupan. Tah eta. Nu kitu.
Ari lanjutanna surga naraka jeung alam nu lainna mah nya eta mah kakara kabar, 
can kaalaman realitas aslina.  Sami-sami nuju ngantosan  :)

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
==============




________________________________
 Von: Yadi Supriadi Wendy <[email protected]>
An: Kusnet <[email protected]> 
Gesendet: 13:31 Mittwoch, 17.Juli 2013
Betreff: Re: [Urang Sunda] Sawarga
 


  
Kamal Idris:
>jadi urang soson2 ibadah teh lain keur meunang keun sawarga
tapi keur meunang keun kanyaah Allah..

Sapuk pisan Kang Kamal
Ridho Allah ta ala nu ku urang dipilari teh...

Wassalam,

-Yadi Supriadi Wendy-


 

Kirim email ke