BAJU KUPLUKAN, CALANA GAMLOKAN Ku Atep Kurnia Roda ngabagug, rérés maratan jalan. Momotna tacan diludang. Tinggarajag késang. Ngajarangjlang sagedé beubeulahan muncang. Blus ka gudang dunungan. Tempat ngarenggenek, heulananan. Topi deplé, baju dekil, disangsangkeun kana paku karaha. Ngadon nyangsaya, ngageberan dada ku tutup panci.
Panon nu tadi rucang-riceng, milangan majalah jeung koran. Ngéntép. Buku urut, numpuk. Dus buruk, nambru. Di juru ditu, hunyudan palastik jeung beling. Cangkang cai gelas. Botol kemasan. Sabangsaning urut nu ngarot inuman tonik. Di tengah-tengah, ngagulawing timbangan. Gigireun pangdiukan, dina dus baju, aya kaléng leutik. Pasagi. Urut bako Bremen. Pulas kayas. Ditatap. Jung diangkat. Ditimbang, ampeg. Gap tutupna. Blak dibuka. Ngagucrak. Burulu luhureun koran. Patingraréok kencring diaradu. Nu hérang pérak, paselang jeung nu konéng emas. Lambar-lambar kumusut. Pagalo bungur, coklat. Tingraringkel, ledrek. Ragamang rék milang. Jajantung ratug. Tingsariak kujur awak. Susuganan. Sugan mahi keur baju nu aya kuplukan jeung calana gamlokan. Pamenta budak, nu tara cumpon unggal lebaran. (Pinunjul I Saémbara Fikmin Lebaran 2012)
