Puasa Jeung Pikiran =================== Jelema gelo/sedeng moal dipenta tanggung jawab tina anu dipigawe, boh tanggung jawab di pangadilan dunya boh di pangadilah akherat. Kitu oge budak leutik/di handap umur moal dipenta tanggung jawab tina anu dipigawe, boh tanggung jawab di pangadilan dunya boh di pangadilan akherat. Naon eta hartina? Hartina, anu dipenta tanggung jawab teh jalma anu pikirana geus asak, anu pikirana sehat.
Pikiran sehat teh ngan saukur bahasa standar. Maksudna pikiran anu bisa keneh milah-milah mana anu bener jeung salah, pikiran anu ngarti sabab jeung akibat. Tapi pikiran anu sehat 100% mah artina jalma suci. Da ari lolobana jelema atawa ampir kabeh jelema pikirana gering, aya anu gering 1%, 5%, 10% jeung satuluyna. Jadi kukituna, lamun hayang jadi jalma anu bijaksana, jalma anu taqwa, kudu merhatikeun pikiran. Ari awak dimandian tiap poe tepikeun ka dua kali, dibere seuseungitan (parfum), dibajuan; naha atuh ari pikiran diabur tara diurus. Pikiran lulumpatan kaditu kadieu. Lumpat ka tempat nu jorok, lumpat ka tempat nu bersih, ngoloyor kanu poek, oge kanu caang. Pikiran geus jiga binatang liar, lusuh, guladig, pinuh ku napsu jeung amarah, loba kahayang jiga ajag kalaparan. Balik deui, kana tanggung jawab dina logika hukum. Nu gelo moal dipenta tanggung jawab. Artina eta pikiran teh koncina. Palire pikiran, bersihan pikiran, kendalikeun pikiran. Insya Allah salamet. Puasa teu dahar teu nginum, ari pikiran diabur. Nol besar, lasut! Eta puasa jalma teu ngarti. Ari anu geus ngarti mah puasa teh bakal merhatikeun pikiran tiap detik tong tepikeun udar ider kaditu kadieu teu pararuguh. Pikiran teh jiga maung, lamun teu diparaban sok ngagaur ambek. Lamun puasa, hajakeun weh pikiran teh tong diparaban, tong diabur. Cang cang, sina lalaunan leuleus, bisa dikendalikeun, bisa dilatih. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ===================
