Naha pikiran teh bet jiga monyet? Kapribadian monyet teh teu bisa cicing, luluncatan, leungeuna ngopepang, naon nu deukeut dirawel. Lamun urang saimah jeung monyet geus moal tengtrem hirup. Imah bakal acak-acakan. Urang bakal stress. Atuh pikiran anu sok luluncatan ka ditu ka dieu, sagala anu katarima ku alat indrawi direspon jiga monyet ngarawel sagala rupa, eta ngan saukur ngaripuhkeun urang. Ngajadikeun urang stress. Sok pikiran teh cangcang weh supaya teu ngopepang teuing jiga monyet. Terus weh ilikan eta pikiran teh. Hayang ieu, keun antep weh eta ngan saukur kahayang. Hayang itu, oge antep weh. Jiga urang ngilikan monyet dicangcang, monyet loba kahayang ge teu bisa da dicangcang, ari urang ngan saukur ngilikan eta si monyet. Hirup urang jadi tengtrem, moal stress, da monyetna geus dicangcang.
Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ===================
