Rampes Bah Oman,
Tegep tur pantes eta komentar teh. Kantenan anu kasebat pamendak ilmuwan mah  
kedah aya acuan anu shoheh. Sok we kempelkeun buku bukuna teras guar naon anu 
janten kapanasaran dina nyukcruk asal usul manusa. Kawuwuh aya rengkolna dina 
Kitab Suci boh Injil, Toret sareng Al Quran. 
Bangsa deungeun mah teu asa asa ngadamel mega proyek antariksa anu maksud 
utamana mah pan hayang ngabuktikeun aya henteuna makhluk di saluareun Bumi. 
Cobi tingali dina film Star Trek sareng bahasan "The Secret of Universe" di 
media, konsep konsep astrofisika modern dibahas terbuka. Malah tos boga 
hipotesa anu "meyakinkan" yen manusa teh lain murni turunan monyet siga teori 
Darwin tapi hybrida dna "Alien" ti luar angkasa anu kungsi datang baheula ka 
Bumi. Artefak "Alien" disakuliah Bumi disurvey diebrehkeun faktana. Tapi kasang 
tukangna mah maranehna tos jadi "Atheis" anu boga maksud memang rek 
ngaruntagkeun kaimanan penganut agama. Sdrk. Agus Mustopa salah sawios anu 
miris ningali gerakan "Atheis". Sanajan nembe  asumsi "aya makhluk saluareun 
Bumi", tos seueur jelema anu teu yakin kana agama kapincut ku pamikiran 
"Atheis". Komo lamun tos kabuktian hipotesana, agama terancam runtag. Dina 
mayunan fenomena ieu, Agus Mustopa ningali peluang tiasa ngabuktikeun benerna 
"Wahyu Allah", metodana ku cara reinventing tafsir Al Qu'ran. Tah kumargi nembe 
asumsi ayana babandingan manusa di luar Bumi, kumaha hukumna upami ijtihad dina 
nafsirkeun kajadian alam (kalebet Adam as) dina ayat ayat Al Qur'an nganggo 
logika elmu pangaweruh model Agus Mustopa, naha eta kalebet "bid'ah" kitu? 
Wallohu'alam.  
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: oman abdurahman <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Thu, 25 Jul 2013 15:32:05 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: urang sunda<[email protected]>
Subject: [kisunda] [Asal-usul Manusa] Sababaraha pamadegan jeung panujulan

Baraya sadaya,

Memang salawasna matak ngondang padungdengan anu mokaha nalika obrolan di
milist geus napak kana pasoalan samodel asal-usul manusa atawa surga jeung
naraka. Jejer samodel kitu jeung ramena pamairan ti rerengrengan anu
kalibet diskusi lain wae di ieu milist, balikta di FB jeung media sosial
sejenna.

Siga aya kontak batin di antara milister & facebookers, ayeuna-ayeuna ieu
di FB link si kuring oge keur rame ku diskusi ngeunaan jejer asal-usul
manusa. Khususna, keur kuring, guntreng adu pamadegan antara Awang H.
Satyana (geolog senior di SKK Migas) jeung Dr. Danny Hilman Natawidjaja
(geolog kondang ti LIPI) ngeunaan asal mula peradaban, kaasul asal usul
"manusa pertama" rame kacida. Tangtu wae, dumasar kasang-tukangna, duanana
miang tina data jeung fakta geologi. Ari kacindekanana mah kabe oge handap
asor, teu mastikeun yen pamadeganana teh pangbenerna; oge duanana henteu
ngajukeun hiji (hiji-na) jawaban anu saklek.

Lian ti eta, prof Fachroel Aziz, ahli fosil hominid di kantor si kuring,
nyodor-nyodorkeun wae buku ka si kuring patali jeung ieu asal-usul manusa.
Lian ti buku Charles Darwin anu geus kakoncara pisan, "The Origin of
Species" (judul lengkepna: *On the Origin of Species by Means of Natural
Selection, or the Preservation of Favoured Races in the Struggle for
Life*atawa "Tentang Asal-usul Spesies melalui Cara Seleksi Alam, atau
Pelestarian Kelompok dalam Perjuangan untuk Hidup"- tarjamahan Bhs
Indonesia-na - anjeunna oge mere kasempetan maca ka si kuring 3 buku
sejenna anu pakait jeung eta tema pikeun panujulan (rujukan). Buku anu tilu
teh nyaeta :
1) "Ternyata Adam dilahirkan", tulisan Agus Mustofa, pedalan Padma press,
2007
2)  "Kamu Anak Adam atau Kera...?!, Melacak Jejak-jejak dari Mana Gerangan
Kita Berasal", tulisan Muhammad Muhyidin, pamedal: Garailmu, 2009
3) "Manusa dalam Perspektif Al Qur'an", tulisan Dr. Aisyah Bintu Syati,
pamedal: Pustaka Firdaus, 1999.

Aya oge buku tulisan Wallace, tapi can kabaca. Aya catetan penting
ngeunaan  Wallace, ahli biologi Inggris anu ngayakeun panalungtikanana di
Indonesia (kawentar karyana: garis Wallace). Kacaritakeun yen Darwin
medalkeun bukuna, in The Origin...teh sanggeus narima surat ti Wallace -
anu harita keur di Maluku, Indonesia - ngeunaan pamadegan Wallace patali
jeung evolusi. Aya dugaan yen Darwin sieun kapiheulaan ku Wallace. Ngan
wae, ceuk cenah, evolusi versi Wallace mah rada-rada transenden. Siga
kumaha pedaranana? Kudu dipaluruh dina buku-buku karya Wallace (Geomagz anu
baris medal sakedap deui oge henteu pati jero medar hal ieu). Ka para wargi
anu gaduh rujukan ngeunaan hal ieu mangga dihaturanan. .

Buku anu kahiji, sakumaha judulna, tangtu wae boga kacindekan yen Adam teh
dilahirkeun. Ari eusining dina buku anu kadua mah teges-teges nyebutkeun
yen Adam as teh manusa anu diciptakeun tina taneuh, alias lain katurunan
monyet, oge lain hasil tina evolusi makhluk samemehna. Sedengkeun dina buku
katilu mah henteu pati teges disebutkeun, tapi condong sakumaha pamadegan
dina buku kadua anu disebut bieu.

Jelas, loba pamadegan ngeunaan asal-usul manusa. Malah, kamari-kamari ieu
aya anu nyebutkeun kamungkinan manusa hasil tina hibrida antara monyet
jeung...punten...babi (na'udzubillahi min dzaalik). Tapi, anu jelas, manusa
mah lain ngan saukur segi fisikna (wadag kasarna atawa badanna anu tina
taneuh asalna). Lian ti awakna atawa basyariahna, manusa oge ngabogaan jiwa
jeung ruh. Anu dua bieu nya anu engkena ngawangun insaniah (segi "al insan"
tina manusa) jeung masyarakat sosialna (segi "an naas" tina manusa). Jadi,
tangtu wae, geus jauh kacida jeung monyet mah.

Tugas Ruh teh narik sangkan jiwa ulah nepi ka ragrag jadi milu kasedot ku
taneuh (gambaran tina alam anu handap), balikta naek ka luhur ka alam
langit. Anu matak narik ati, dina Al Qur'an Ruh-teh prosesna henteu
diciptakeun, tapi istilahna "ditiupkeun" (mangga uningaan ayat-ayat Al
Qur'an, salawasna make kecap "nufikho min ruhihi" atawa anu sabanding,
hartina, ditiupkeun tina Ruh-Na atawa tina Ruh kagunganaNa). Jeung deui,
Ruh mah moal ngalaman musnah. Kusabab Ruh teh ti Alloh asalna, tugas manusa
nya ngabersihkeun jiwa supaya bisa babarengan jeung Ruhna balik ka anu
nyiptakeunana.

Ngeunaan gambaran-gambaran surga sakumaha dipertelakeun ku kang Erus,
memang di kalangan umat Islam oge (para sufi atawa Irfan) aya tafsir-tafsir
sarupa kitu (yen engke di ditu manusa geus teu merlukeun surga, jsb,
singgetna: lamun geus sampurna jadi hamba atawa abdi atawa ciptaan, moal
merlukeun deui surga; jeung surga geus aya di dunya keneh). Tapi, upama
nilik ayat Al Qur'an mah, tetep surga teh aya sok sanajan status atawa
posisi abdi (makhluk) geus kahontal. Dina Al Qur'an surat Al Fajr, dua ayat
anu panungtungna (QS 89: 29-30) nyebutkeun: "Fadkhulii fii 'ibadii,
Wadkhulii jannatii", anu hartina kl : mangka geura arasup aranjeun kana
golongan abdi-abdi (anu geus diridoi ku) Kami, jeung mangka geura arasup
aranjeun kana surga-surga Kami". Jadi, dina ieu ayat/surah Al Qur'an, "jadi
hamba" heula, karek "asup surga" atawa, surga jadi tujuan akhir. Mangga, ka
sugri anu gaduh tafsiran sejen,pedar wae di dieu ulah asa-asa.


Cag heula.
manar

Kirim email ke