Perkawis para malikat naros ka gusti nu maha suci, kunaon bet bade nyiptakeun makhluk anu bakal numpahkeun darah di muka bumi, tos seueur anu ngawaler ku versina masing-masing. Tah sim kuring bade nambihan panarosan:
Upami adam diciptakeun memang kanggo janten khalifah di bumi, berarti di surga na tadi na oge bakal samentara da bade 'dikirim' ka bumi. Tapi naha ari dina pamahaman mayoritas muslim mah yen adam dikirim ka bumi teh kulantaran ngalanggar aturan tuang buang khuldi. Malihan mah aya ustad anu nyebutkeun, upami adam teu ngalanggar nuang buah khuldi mah panginten urang sadayana salaku anak adam teh dinten ieu bakal harirup di surga, moal di bumi. Janten panginten adam teh ngalanggar teu ngalanggar oge nya bakal 'diragragkeun' ka bumi da memang tadina oge pibakaleun khalifah di bumi. Maenya janten khalifaf di bumi tapi ngan saukur ngamonitoring ti katebihan ti surga, pan moal mungkin, janten nya kedah 'ragrag' ka bumi. Tah, sanes deui upami waktos 'adam di ciptakeun' teh memang tos aya di bumi anjeuna teh, mung di daerah anu subur, kebon makmur anu bahasa arabna 'jannah'. Janten eta si khalifah teh (adam) memang tos di bumi, mung ngalanggar janten anjeuna dikaluarkeun ti kebon anu subur, atanapi kanyataana mah kebona anu janten garing kulantaran adam salah ngurus eta kebon. Duka tapi na ketang (wallahu alam tea) Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: oman abdurahman <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]> CC: urang sunda <[email protected]> Gesendet: 15:32 Donnerstag, 25.Juli 2013 Betreff: [Urang Sunda] [Asal-usul Manusa] Sababaraha pamadegan jeung panujulan Baraya sadaya, Memang salawasna matak ngondang padungdengan anu mokaha nalika obrolan di milist geus napak kana pasoalan samodel asal-usul manusa atawa surga jeung naraka. Jejer samodel kitu jeung ramena pamairan ti rerengrengan anu kalibet diskusi lain wae di ieu milist, balikta di FB jeung media sosial sejenna. Siga aya kontak batin di antara milister & facebookers, ayeuna-ayeuna ieu di FB link si kuring oge keur rame ku diskusi ngeunaan jejer asal-usul manusa. Khususna, keur kuring, guntreng adu pamadegan antara Awang H. Satyana (geolog senior di SKK Migas) jeung Dr. Danny Hilman Natawidjaja (geolog kondang ti LIPI) ngeunaan asal mula peradaban, kaasul asal usul "manusa pertama" rame kacida. Tangtu wae, dumasar kasang-tukangna, duanana miang tina data jeung fakta geologi. Ari kacindekanana mah kabe oge handap asor, teu mastikeun yen pamadeganana teh pangbenerna; oge duanana henteu ngajukeun hiji (hiji-na) jawaban anu saklek. Lian ti eta, prof Fachroel Aziz, ahli fosil hominid di kantor si kuring, nyodor-nyodorkeun wae buku ka si kuring patali jeung ieu asal-usul manusa. Lian ti buku Charles Darwin anu geus kakoncara pisan, "The Origin of Species" (judul lengkepna: On the Origin of Species by Means of Natural Selection, or the Preservation of Favoured Races in the Struggle for Life atawa "Tentang Asal-usul Spesies melalui Cara Seleksi Alam, atau Pelestarian Kelompok dalam Perjuangan untuk Hidup"- tarjamahan Bhs Indonesia-na - anjeunna oge mere kasempetan maca ka si kuring 3 buku sejenna anu pakait jeung eta tema pikeun panujulan (rujukan). Buku anu tilu teh nyaeta : 1) "Ternyata Adam dilahirkan", tulisan Agus Mustofa, pedalan Padma press, 2007 2) "Kamu Anak Adam atau Kera...?!, Melacak Jejak-jejak dari Mana Gerangan Kita Berasal", tulisan Muhammad Muhyidin, pamedal: Garailmu, 2009 3) "Manusa dalam Perspektif Al Qur'an", tulisan Dr. Aisyah Bintu Syati, pamedal: Pustaka Firdaus, 1999. Aya oge buku tulisan Wallace, tapi can kabaca. Aya catetan penting ngeunaan Wallace, ahli biologi Inggris anu ngayakeun panalungtikanana di Indonesia (kawentar karyana: garis Wallace). Kacaritakeun yen Darwin medalkeun bukuna, in The Origin...teh sanggeus narima surat ti Wallace - anu harita keur di Maluku, Indonesia - ngeunaan pamadegan Wallace patali jeung evolusi. Aya dugaan yen Darwin sieun kapiheulaan ku Wallace. Ngan wae, ceuk cenah, evolusi versi Wallace mah rada-rada transenden. Siga kumaha pedaranana? Kudu dipaluruh dina buku-buku karya Wallace (Geomagz anu baris medal sakedap deui oge henteu pati jero medar hal ieu). Ka para wargi anu gaduh rujukan ngeunaan hal ieu mangga dihaturanan. . Buku anu kahiji, sakumaha judulna, tangtu wae boga kacindekan yen Adam teh dilahirkeun. Ari eusining dina buku anu kadua mah teges-teges nyebutkeun yen Adam as teh manusa anu diciptakeun tina taneuh, alias lain katurunan monyet, oge lain hasil tina evolusi makhluk samemehna. Sedengkeun dina buku katilu mah henteu pati teges disebutkeun, tapi condong sakumaha pamadegan dina buku kadua anu disebut bieu. Jelas, loba pamadegan ngeunaan asal-usul manusa. Malah, kamari-kamari ieu aya anu nyebutkeun kamungkinan manusa hasil tina hibrida antara monyet jeung...punten...babi (na'udzubillahi min dzaalik). Tapi, anu jelas, manusa mah lain ngan saukur segi fisikna (wadag kasarna atawa badanna anu tina taneuh asalna). Lian ti awakna atawa basyariahna, manusa oge ngabogaan jiwa jeung ruh. Anu dua bieu nya anu engkena ngawangun insaniah (segi "al insan" tina manusa) jeung masyarakat sosialna (segi "an naas" tina manusa). Jadi, tangtu wae, geus jauh kacida jeung monyet mah. Tugas Ruh teh narik sangkan jiwa ulah nepi ka ragrag jadi milu kasedot ku taneuh (gambaran tina alam anu handap), balikta naek ka luhur ka alam langit. Anu matak narik ati, dina Al Qur'an Ruh-teh prosesna henteu diciptakeun, tapi istilahna "ditiupkeun" (mangga uningaan ayat-ayat Al Qur'an, salawasna make kecap "nufikho min ruhihi" atawa anu sabanding, hartina, ditiupkeun tina Ruh-Na atawa tina Ruh kagunganaNa). Jeung deui, Ruh mah moal ngalaman musnah. Kusabab Ruh teh ti Alloh asalna, tugas manusa nya ngabersihkeun jiwa supaya bisa babarengan jeung Ruhna balik ka anu nyiptakeunana. Ngeunaan gambaran-gambaran surga sakumaha dipertelakeun ku kang Erus, memang di kalangan umat Islam oge (para sufi atawa Irfan) aya tafsir-tafsir sarupa kitu (yen engke di ditu manusa geus teu merlukeun surga, jsb, singgetna: lamun geus sampurna jadi hamba atawa abdi atawa ciptaan, moal merlukeun deui surga; jeung surga geus aya di dunya keneh). Tapi, upama nilik ayat Al Qur'an mah, tetep surga teh aya sok sanajan status atawa posisi abdi (makhluk) geus kahontal. Dina Al Qur'an surat Al Fajr, dua ayat anu panungtungna (QS 89: 29-30) nyebutkeun: "Fadkhulii fii 'ibadii, Wadkhulii jannatii", anu hartina kl : mangka geura arasup aranjeun kana golongan abdi-abdi (anu geus diridoi ku) Kami, jeung mangka geura arasup aranjeun kana surga-surga Kami". Jadi, dina ieu ayat/surah Al Qur'an, "jadi hamba" heula, karek "asup surga" atawa, surga jadi tujuan akhir. Mangga, ka sugri anu gaduh tafsiran sejen,pedar wae di dieu ulah asa-asa. Cag heula. manar
