Persiapan I'tikaf
=================

Itikaf teh urang ngahaja niatkeun cicing di masjid atawa di ruangan lain pikeun 
ngadeuketkeun jiwa urang (taqarrub) ka gusti nu maha suci. Adab-adab itikaf 
geus loba dibahas dina hadits-hadits utamana anu kakumpul dina kitab-kitab 
amalan saperti Riyadusshaalihin.  Anu ku sim kuring ditulis dihandap ieu mah 
adab praktis weh. Ayeuna geus deukeut kana 10 poe akhir ramadhan, biasana 
jelema sok ngalakukeun itikaf.

(1) Niatkeun itikaf pikeun ngadekeutkeun jiwa ka gusti nu maha suci. Ari 
ngadeukeutkeun jiwa ka gusti nu maha suci bakal kahalangan ku loba pikiran 
duniawi. Pikiran duniawi teh lain ngan saukur pikiran harta, tahta, wanita; 
tapi sakabeh pikiran salian 'hening' eta geus bisa dianggap duniawi.

(2) Salila itikaf usahakeun ulah ngobrol jeung batur. Lamun itikaf 10 poe, nya 
tong ngobrol salila 10 poe. Tong maca salian tadarus al-Quran, sholat, do'a 
jeung dzikir.

(3) Bisa aya 2 (dua) metoda anu dileukeunan salila itikaf: 1-Metoda Hening, 
2-Metoda Muhasabah.  Dua metoda ieu bisa digabungkeun alus na mah. Metoda 
hening nyaeta urang ngusahakeun kosong tina sagala pikiran. Urang fokus kana 
hiji objek, misalnya objek na teh bacaan dzikir. Salian bacaan dzikir, naon wae 
pikiran anu datang ku urang teu dipalire. Ari metoda muhasabah, nyaeta metoda 
'perenungan'. Muhasabah teh penting pisan pikeun ngahontal ka-bijaksana-an. 
Praktekna urang bisa malire amalan diri, dosa diri; oge bisa malire hukum alam: 
euweuh nu langgeng di dunya, awak urang oge bakal kolot bakal maot, jabatan 
euweuh nu langgeng, pikiran oge euweuh nu langgeng, datang jeung indit. Oge 
bisa nga-renung-keun kabijaksanaan anu ku urang pernah dibaca tina Quran, 
hadits atawa sumber lain.  Hening jeung perenungan teh saling dukung. Lamun 
hening urang tingkatana geus jero, maka perenungan urang bakal seukeut. Hening 
teh ibarat ngasah pikiran, pikiran jadi
 fokus tur seukeut. Perenungan ngajadikeun diri urang bijaksana. Lamun hening 
wungkul tanpa aya perenungan ibarat peso anu seukeut bisa kalahka dipake nyacag 
daun panto, teu bijaksana. Perenungan tanpa hening oge ibarat urang mamake peso 
mintul.

(4) Di dunya euweuh anu angger. Sagala hal robah. Lamun dina hiji poe itikaf 
karasa khusuk, kudu syukur jeung dimanfaatkeun pikeun latihan 
hening-perenungan. Tapi lamun dina hiji poe karasa pikiran kacau hese khusuk, 
urang kudu sabar. Urang kudu apal yen sacara alamiah pikiran teh memang kitu, 
kadang kakatuhu, kadang ka kenca. Kadang khusuk, kadang riweuh. Lamun keur 
riweuh ulah kapancing, kudu sabar dina latihan.

(5) Tingkatan hening jeung perenungan teh loba pisan. Jiga nabi Ibrahim ningali 
cahaya bentang, bulan, matahari. Malahan bisa rebuan leuwih levelna. Tapi eta 
kabeh ngan saukur pamisalan; rebuan teh pamisalan jang ngagambarkeun loba 
pisan. Tah lamun batin urang ngarasakeun hening jeung pangalaman anu anyar, 
urang ulah mengpar. Ulah kaburu atoh. Teruskeun weh latihan sing rajin. Ulah 
kagoda ku pangalaman batin anu anyar, terus nanya-nanya: "naon eta', "naon tadi 
teh nya". Sok weh saksian jeung alaman, da bakal lewat sagala pangalaman oge. 
Komo ulah pisan urang ngarasa geus nepi ka tujuan. Salah pisan. Da moal aya 
akhirna, nu aya mah kawasa tur kasih gusti nu maha suci. Inget ibrahim akhirna 
mah nyerah, lain bentang, lain bulan, lain matahari, tapi mung bisa nyerahkeun 
diri ka gusti nu maha suci. Ibarat urang perjalanan bandung-jakarta; lamun aya 
tongtonan sirkus di tengah jalan ulah kalahka kabengbat ku tongtonan sirkus 
terus urang jadi poho kana tujuan
 awal rek ka jakarta. Tah kitu oge lamun aya pangalaman batin, urang ulah 
kabengbat ku pangalaman eta nepikeun perjalanan urang mengpar tina niat awal. 
Lamun urang kabengbat ku pangalaman batin engkena urang moal aya kamajuan.

**

Itikaf bisa 10 poe, bisa 3 poe, bisa sapoe, bisa ngan ukur sababaraha jam wae, 
kumaha urang waktuna sabisana. Tapi nya sing rasional. Urang hirup sataun 365 
poe, terus itikaf sapoe geus hayang mundel boga kabersihan batin anu jero. Pan 
asana teh jauh teuing eta kahayang teh. Itikaf oge bisa di luar bulan puasa. 
Anu loba ngabogaan waktu alusna dirutinkeun itikaf teh pikeun ngabersihan 
mutiara batin.


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================

Kirim email ke