Siap Ki Hasan, ieu oge hoyong diajar :) Mung FB sim kuring teh tos tutup... :)
Febi === ________________________________ Von: Ki Hasan <[email protected]> An: Ki Sunda <[email protected]> CC: "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 12:04 Sonntag, 28.Juli 2013 Betreff: Re: [kisunda] Persiapan Itikaf Tadina mah postingan Kang Febi teh arang dibacaan. Sok rada hoream. Da perkara eta-eta keneh nu dibahasna teh. Perkara nu bisa dibaca dina buku. Kabeneran we ieu mah dumeh poe Ahad. Rada nyalse. Dibaca nepi ka tamat. Salut ku sumangetna ngabahas rupa-rupa perkara kaagamaan. Katoongna ku uing mah, mun resep da'wah model kieu, boa aya hadena mun diimbangan ku daek macaan karya sastra, utamana sastra Sunda. Ngarah dina nepikeun amanat dina tulisan teh teu karasa teuing ngawurukanana. Jiga dina tulisan di handap, karasa pisan ngawurukanana teh, dominan ku kecap panitah jeung panyarek: ulah jeung kudu. Coba geura gabung ka group diskusi Fiksimini Basa Sunda di Facebook, loba sasatrawan Sunda nu narulis di dinya. 2013/7/28 Ahmad Hazairin <[email protected]> > >Persiapan I'tikaf >================= > >Itikaf teh urang ngahaja niatkeun cicing di masjid atawa di ruangan lain >pikeun ngadeuketkeun jiwa urang (taqarrub) ka gusti nu maha suci. Adab-adab >itikaf geus loba dibahas dina hadits-hadits utamana anu kakumpul dina >kitab-kitab amalan saperti Riyadusshaalihin. Anu ku sim kuring ditulis >dihandap ieu mah adab praktis weh. Ayeuna geus deukeut kana 10 poe akhir >ramadhan, biasana jelema sok ngalakukeun itikaf. > >(1) Niatkeun itikaf pikeun ngadekeutkeun jiwa ka gusti nu maha suci. Ari >ngadeukeutkeun jiwa ka gusti nu maha suci bakal kahalangan ku loba pikiran >duniawi. Pikiran duniawi teh lain ngan saukur pikiran harta, tahta, wanita; >tapi sakabeh pikiran salian 'hening' eta geus bisa dianggap duniawi. > >(2) Salila itikaf usahakeun ulah ngobrol jeung batur. Lamun itikaf 10 poe, nya tong ngobrol salila 10 poe. Tong maca salian tadarus al-Quran, sholat, do'a jeung dzikir. > >(3) Bisa aya 2 (dua) metoda anu dileukeunan salila itikaf: 1-Metoda Hening, >2-Metoda Muhasabah. Dua metoda ieu bisa digabungkeun alus na mah. Metoda >hening nyaeta urang ngusahakeun kosong tina sagala pikiran. Urang fokus kana >hiji objek, misalnya objek na teh bacaan dzikir. Salian bacaan dzikir, naon >wae pikiran anu datang ku urang teu dipalire. Ari metoda muhasabah, nyaeta >metoda 'perenungan'. Muhasabah teh penting pisan pikeun ngahontal >ka-bijaksana-an. Praktekna urang bisa malire amalan diri, dosa diri; oge bisa >malire hukum alam: euweuh nu langgeng di dunya, awak urang oge bakal kolot >bakal maot, jabatan euweuh nu langgeng, pikiran oge euweuh nu langgeng, datang >jeung indit. Oge bisa nga-renung-keun kabijaksanaan anu ku urang pernah dibaca >tina Quran, hadits atawa sumber lain. Hening jeung perenungan teh saling >dukung. Lamun hening urang tingkatana geus jero, maka perenungan urang bakal seukeut. Hening teh ibarat ngasah pikiran, pikiran jadi fokus tur seukeut. Perenungan ngajadikeun diri urang bijaksana. Lamun hening wungkul tanpa aya perenungan ibarat peso anu seukeut bisa kalahka dipake nyacag daun panto, teu bijaksana. Perenungan tanpa hening oge ibarat urang mamake peso mintul. > >(4) Di dunya euweuh anu angger. Sagala hal robah. Lamun dina hiji poe itikaf >karasa khusuk, kudu syukur jeung dimanfaatkeun pikeun latihan >hening-perenungan. Tapi lamun dina hiji poe karasa pikiran kacau hese khusuk, >urang kudu sabar. Urang kudu apal yen sacara alamiah pikiran teh memang kitu, >kadang kakatuhu, kadang ka kenca. Kadang khusuk, kadang riweuh. Lamun keur >riweuh ulah kapancing, kudu sabar dina latihan. > >(5) Tingkatan hening jeung perenungan teh loba pisan. Jiga nabi Ibrahim >ningali cahaya bentang, bulan, matahari. Malahan bisa rebuan leuwih levelna. >Tapi eta kabeh ngan saukur pamisalan; rebuan teh pamisalan jang ngagambarkeun loba pisan. Tah lamun batin urang ngarasakeun hening jeung pangalaman anu anyar, urang ulah mengpar. Ulah kaburu atoh. Teruskeun weh latihan sing rajin. Ulah kagoda ku pangalaman batin anu anyar, terus nanya-nanya: "naon eta', "naon tadi teh nya". Sok weh saksian jeung alaman, da bakal lewat sagala pangalaman oge. Komo ulah pisan urang ngarasa geus nepi ka tujuan. Salah pisan. Da moal aya akhirna, nu aya mah kawasa tur kasih gusti nu maha suci. Inget ibrahim akhirna mah nyerah, lain bentang, lain bulan, lain matahari, tapi mung bisa nyerahkeun diri ka gusti nu maha suci. Ibarat urang perjalanan bandung-jakarta; lamun aya tongtonan sirkus di tengah jalan ulah kalahka kabengbat ku tongtonan sirkus terus urang jadi poho kana tujuan awal rek ka jakarta. Tah kitu oge lamun aya pangalaman batin, urang ulah kabengbat ku pangalaman eta nepikeun perjalanan urang mengpar tina niat awal. Lamun urang kabengbat ku pangalaman batin engkena urang moal aya kamajuan. > >** > >Itikaf bisa 10 poe, bisa 3 poe, bisa sapoe, bisa ngan ukur sababaraha jam wae, >kumaha urang waktuna sabisana. Tapi nya sing rasional. Urang hirup sataun 365 >poe, terus itikaf sapoe geus hayang mundel boga kabersihan batin anu jero. Pan >asana teh jauh teuing eta kahayang teh. Itikaf oge bisa di luar bulan puasa. >Anu loba ngabogaan waktu alusna dirutinkeun itikaf teh pikeun ngabersihan >mutiara batin. > > >Wallahu'alam > >Febi Ahmad Hazairin >=================== >
