Imigran Ilegal nu nuju Australia ngaliwatan Indonesia, katingalina beuki
ngalobaan. Loba nu cilaka titeuleum waktu meuntas laut ka Australia, kapalna
tikelebek dilaut saperti kajadian di Cianjur Kidul. Atuh nu kaperego ku petugas
saencanna meuntas oge teu pirang-pirang, siga beja di salah sahiji stasiun TV
peuting tadi, di Sukabumi imigran ti Iran lalumpatan tina mobil nu mawana
kulantaran kaperego ku pulisi. Si Imigran lumpat kabur, diudag-udag ku pulisi.
Rada lucu nempona sabab si Iran teh awakna jangkung badag, ari pulisina pendek
leutik, atuh siga budak ngudag-ngudag bapana ....
Timana wae asal imigran ieu teh? Ti nagara-nagara nu konflikna teu
anggeus-anggeus atawa ti nagara nu represif di Asia Kidul jeung Timur Tengah.
Afgnaistan, Irak, Birma (Rohinga) nagara nu konflikna teu anggeus-anggeus. Iran,
sabenerna mah nagarana relatif aman, ngan sigana pangawasana represif, tepika
sabagian wargana kalalabur. Khusus keur Iran, Indonesia geus ngabatalkeun
fasilitas "Visa on Arrival" supaya teu dimanfaatkeun ku urang Iran nu boga niat
kabur ti nagarana.
Nu matak kaget, imigran "poek" nu kapalna titeuleum di Cianjur, aya oge warga
nagara Bahrain. Bahrain kaasup nagara teluk nu beunghar kulantaran minyak
bumina. Tapi kunaon aya warga nagarana hayang pindah ka Australia bari
susulumputan? Moal boa kulantaran konflik Sunni - Syiah kitu? Pangawasa Bahrain
Islam aliran Sunni nu otomatis deukeut ka Arab Saudi, ari rakyatna mayoritas
Syiah, nu leuwih deukut ka Iran.
Ku asupna Bahrain, sigana beuki nambahan nagara-nagara "labil" di Asia kidul
jeung wetan-tengah (Timur-Tengah) nu bakal ngakibatkeun eksedus rakyatna. Nu
dipihariwang lamun kaayaan di Mesir oge beuki labil. Headlline Kompas poe ieu,
judulna "Mesir di Ambang Kehancuran" nu nunjukkeun situasi di Mesir beuki gawat.
Tah lamu beuki gawat, bisa jadi rahayat Mesir oge tungtungna eksedus ka luar.
Biasana nagara tujuan nu ideal, nagara maju tur makmur tapi masih kosong
molongsong, teu aya lian ti tatangga urang di kidul Australia nu pendudukna ngan
ukur 20 juta, tapi taneuhna ubluk-ablag.
Nu bakal katempuhan, Indonesia. Nganteup kitu wae imigran marareuntas, Australia
ngambek. Ditewakan di Indonesia, jadi nambah pagawean jeung biaya, euweuh
untungna. Buah simalakama keur nagara Indonesia, tapi henteu keur nu boga bakat
"bisnis", "bisnis" penyeludupan manusia ...hehehe. Aya sababraha urang
Indonesia nu ngiluan dina "bisnis" ieu, salah saurangna veteranana.....ah tong
dibejakeun, da pasti geus ararapal.
WLY
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/