Saha Bah willy veteranana teh? Ahmad Fathanah kitu? (bit, teu jadi ketang, bisi dianggap pitenah)
mrachmatrawyani ________________________________ From: Waluya <[email protected]> To: [email protected] Sent: Sunday, July 28, 2013 8:10 PM Subject: [kisunda] Imigran Ilegal .... Imigran Ilegal nu nuju Australia ngaliwatan Indonesia, katingalina beuki ngalobaan. Loba nu cilaka titeuleum waktu meuntas laut ka Australia, kapalna tikelebek dilaut saperti kajadian di Cianjur Kidul. Atuh nu kaperego ku petugas saencanna meuntas oge teu pirang-pirang, siga beja di salah sahiji stasiun TV peuting tadi, di Sukabumi imigran ti Iran lalumpatan tina mobil nu mawana kulantaran kaperego ku pulisi. Si Imigran lumpat kabur, diudag-udag ku pulisi. Rada lucu nempona sabab si Iran teh awakna jangkung badag, ari pulisina pendek leutik, atuh siga budak ngudag-ngudag bapana .... Timana wae asal imigran ieu teh? Ti nagara-nagara nu konflikna teu anggeus-anggeus atawa ti nagara nu represif di Asia Kidul jeung Timur Tengah. Afgnaistan, Irak, Birma (Rohinga) nagara nu konflikna teu anggeus-anggeus. Iran, sabenerna mah nagarana relatif aman, ngan sigana pangawasana represif, tepika sabagian wargana kalalabur. Khusus keur Iran, Indonesia geus ngabatalkeun fasilitas "Visa on Arrival" supaya teu dimanfaatkeun ku urang Iran nu boga niat kabur ti nagarana. Nu matak kaget, imigran "poek" nu kapalna titeuleum di Cianjur, aya oge warga nagara Bahrain. Bahrain kaasup nagara teluk nu beunghar kulantaran minyak bumina. Tapi kunaon aya warga nagarana hayang pindah ka Australia bari susulumputan? Moal boa kulantaran konflik Sunni - Syiah kitu? Pangawasa Bahrain Islam aliran Sunni nu otomatis deukeut ka Arab Saudi, ari rakyatna mayoritas Syiah, nu leuwih deukut ka Iran. Ku asupna Bahrain, sigana beuki nambahan nagara-nagara "labil" di Asia kidul jeung wetan-tengah (Timur-Tengah) nu bakal ngakibatkeun eksedus rakyatna. Nu dipihariwang lamun kaayaan di Mesir oge beuki labil. Headlline Kompas poe ieu, judulna "Mesir di Ambang Kehancuran" nu nunjukkeun situasi di Mesir beuki gawat. Tah lamu beuki gawat, bisa jadi rahayat Mesir oge tungtungna eksedus ka luar. Biasana nagara tujuan nu ideal, nagara maju tur makmur tapi masih kosong molongsong, teu aya lian ti tatangga urang di kidul Australia nu pendudukna ngan ukur 20 juta, tapi taneuhna ubluk-ablag. Nu bakal katempuhan, Indonesia. Nganteup kitu wae imigran marareuntas, Australia ngambek. Ditewakan di Indonesia, jadi nambah pagawean jeung biaya, euweuh untungna. Buah simalakama keur nagara Indonesia, tapi henteu keur nu boga bakat "bisnis", "bisnis" penyeludupan manusia ...hehehe. Aya sababraha urang Indonesia nu ngiluan dina "bisnis" ieu, salah saurangna veteranana.....ah tong dibejakeun, da pasti geus ararapal. WLY
