Sampurasuuun...hampura ingsun. Bah Sepuh, lan baraya sadaya, leres pisan eta anu abot teh. Kumargi pasualan bebeneran janten relatip upami sudut pandangna beda tina pamiangan wiwitna. Numutkeun kamandang kuring, bener mutlak mung gaduh mantenNa. Nu kumelendang di dunya ieu mung sakadar bener relatip. Paling sensitip keur masalah eta, mo ku hanteu nyaeta dina pasualan kaGustian. Panta2 dina kaTunggalanana anu ngabalukarkeun beda kamandang dinangaimplementasikeunana. Sok sanajan , dzat na ETA KENEH! Ampun paralun, lain rek ngaguar bedana, tapi naon sih anu saruana? Masing 2 ageman, boga managemen jeung cara ritual sewang2an. Pagawean lain samanea dina ngaguar ieu masalah. Kudu wani atawa boga sikep obyektip heula. Dina harti, teu ngabejerbeaskeun ageman kuring 'is the best than another one'. Kumaha padika/metodana supaya bisa ngaJAJARkeun BEBENERna BENER ka BENER teh. Sok sanajan bener anu relatip dina ukuran alam pikiran atawa batiniah (?), tapi nu utamana mah kasapukan sarerea diaku sacara jujur tanpa reserve. KuBakat saur Abah Sepuh mah hese beleke tea, tapi teu ngandung harti teu bisa. Abah Sepuh mere conto pasualan pamali. Pasti eta hasil pangalaman lain sataun dua taun, bisa mutuskeun eta aturan atw hukum. Numatak aya palsapah kolot, SING KATEPI KU ATI, SING KAHONTAL KU AKAL mangrupa simultansi atawa gabungan RASA BATIN jeung RASIO OTAK. Ieu salah sahiji jembatan padikana. Ceuk urang Kanekes mah, jeroan rasa disebut KUNGKUNG MANIK RANCAMAYA, lamun langsung kedal ucap tidinya disebut SAWADIna. Tapi lamun kaluar ucap tina RASIO/RASA disebut MOKAHA. Kumaha wangunan kacindekkan tina gabungan SAWADIna jeung MOKAHA bisa dilaksanakeun? Beuh !
cag, rampes...rampa salira. nhn*R3M
